di lembur kuring mah aden-aden teh maung kajajaden, nya sabangsaning jurig.
wujud sejenna nini-nini nu teu boga untap sok ngengelek boboko buntung. cek
cenah, upama urang panggih jeung eta nini-nini, penta we bobokona sabab bisa
dijadikeun jimat. poho deui naha jimat keur ngaleungit atawa hiber... ari
kuringna mah cang kungsi panggih

2010/7/21 Nana Suwargana <nanaca...@yahoo.co.id>

>
>
> Peuting tadi si kuring ngawangkong jeung bapa-bapa tatangga imah,
> ngomongkeun masalah aden-aden, ceuk cenah salah saurang manehna pernah
> manggihan aden-aden.
>
> Tah ieuteh asa ngingetkeun mangsa keur leuting sok disingsieunan ku kolot
> baheula (ayeunamah seseueurna tos almarhum) cenah tong ulin di cai pas keur
> hujan ngariricik, arek di balong, tampian, walungan naon wae nu loba caina.
>
> Cing tah baraya sugan aya nu uninga naon ari aden-aden teh, naha etateh
> jelema, juring, sato. naha ayana ngan ditatar sunda atawa di wewengkon
> sejenge aya?
>
> sugan wae aya nu kantos paamprok, cing caritana alungkeun
>
> hatur nuhun
>
>
> Nana Suwargana
> urang majalengka cicing di bekasi
>
>  __
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke