Ari ceuk sikuringmah aden aden teh Maung Kajajaden jeung Monyet kajajaden.
Da enya sikuring pernah manggihan baheula keur rame, kira kira taun 2000-an.
Sikuring panggih jeung maung di tengah jalan jeung bapa kuring, ari ceuk
bapa uing teh eta teh maung siliwangi cenah.
Tah basa keur rame monyet kajajden, sikuring pernah manggihan monyet bodas
keur diuk dina tukangeun imah nini uing. ari ceuk nini uing teh cenah eta
monyet sabenernamah jelema, tapi boga elmu bari jeung keur apes jadi teu
bisa balik deui kana wujud asalna manusa.

Jigana sikuring disingsieunan yeuh...


2010/7/21, Nana Suwargana <nanaca...@yahoo.co.id>:
>
>
>
>  Peuting tadi si kuring ngawangkong jeung bapa-bapa tatangga imah,
> ngomongkeun masalah aden-aden, ceuk cenah salah saurang manehna pernah
> manggihan aden-aden.
>
>
> Tah ieuteh asa ngingetkeun mangsa keur leuting sok disingsieunan ku kolot
> baheula (ayeunamah seseueurna tos almarhum) cenah tong ulin di cai pas keur
> hujan ngariricik, arek di balong, tampian, walungan naon wae nu loba caina.
>
>
> Cing tah baraya sugan aya nu uninga naon ari aden-aden teh, naha etateh
> jelema, juring, sato. naha ayana ngan ditatar sunda atawa di wewengkon
> sejenge aya?
>
>
> sugan wae aya nu kantos paamprok, cing caritana alungkeun
>
>
> hatur nuhun
>
>
>
>
> Nana Suwargana
> urang majalengka cicing di bekasi
>
>  
>

Kirim email ke