hese nya bah ngagambarkeunana, make gambar geura. hahaha

2010/7/21 Siddik Wiradireja <cikund...@yahoo.com>

>
>
> Ieu mah ambeh rame....didaerah Cianjur ;
>
> Waluh = labu (basa Indonesia) anu sok dikolek/didodol amun tos kolot, ari
> ngora keneh mah kalan-kalan sok diangeun.
> Waluh Sieum/Siam = Gambas (di Bogor) = Labu Siam (basa Indonesia)
> Paria = anu rasana pait, kulitna karenyod ting perenjul, sok dilalab anu
> ngorana, ditumis    anu rada kolot, mun tos asak sok bareukah sikina
> kulumudan warna beureum.
> Paria belut = paranjang badagna sagede paria, kulitna rata, anu ngora sok
> diangeun mun henteu ditumis, anu asak, cangkangna sok diberesihan teras di
> poe keur ngagosok awak amun mandi.
> Lopang = panjangna sapanjang paria badagna ised saeutik ti paria, dina
> badanna aya jejeberan siga cecepet lauk, anu ngora sok diangeun mun henteu
> ditumis, anu asakna
> sok diala cangkangna, diberesihan dipoe keur ngagosok badan amun mandi.
>
> Aya kakawihan keur jaman budak unina : "Ta kukuk ta waluh ta lopang panjang
> sipendul
> ulah jauh si engkay datang"
>
> Heuheu.....ngacaprukkkkk..
>
>
> ssw
> *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
> *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*
>
>
>
>
>
> 
>

Kirim email ke