Hayang teuing angeun waluh
angeun waluh dioncoman
hayang teuing geura wawuh
geus wawuh rek dioconan

oyong2 bangkong - kong parakanyambut
buten buah beunying - nyingsat ka cawene
neang nu ngajuru - rugat sajajagat
gatrik tumpak munding - dingkleung ka landeuhkeun
keuna ka na burang - rangkek naek jambe
Beo menta kejo - johar waliyullah
laha di na bilik - lika ngan duaan
anteur kula mulang - langka munding bule
ledeh kahujanan - nampiling nampolong
ngadu pipi jeung inohong - KANTONG

--- In urangsunda@yahoogroups.com, mh <khs...@...> wrote:
>
> QUIZ:
> Pilih nu mana waluh siem, waluh, paria, paria belut, kukuk, baligo, oyong,
> bonteng?
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 2010/7/21 Siddik Wiradireja <cikund...@...>
> 
> >
> >
> > Ieu mah ambeh rame....didaerah Cianjur ;
> >
> > Waluh = labu (basa Indonesia) anu sok dikolek/didodol amun tos kolot, ari
> > ngora keneh mah kalan-kalan sok diangeun.
> > Waluh Sieum/Siam = Gambas (di Bogor) = Labu Siam (basa Indonesia)
> > Paria = anu rasana pait, kulitna karenyod ting perenjul, sok dilalab anu
> > ngorana, ditumis    anu rada kolot, mun tos asak sok bareukah sikina
> > kulumudan warna beureum.
> > Paria belut = paranjang badagna sagede paria, kulitna rata, anu ngora sok
> > diangeun mun henteu ditumis, anu asak, cangkangna sok diberesihan teras di
> > poe keur ngagosok awak amun mandi.
> > Lopang = panjangna sapanjang paria badagna ised saeutik ti paria, dina
> > badanna aya jejeberan siga cecepet lauk, anu ngora sok diangeun mun henteu
> > ditumis, anu asakna
> > sok diala cangkangna, diberesihan dipoe keur ngagosok badan amun mandi.
> >
> > Aya kakawihan keur jaman budak unina : "Ta kukuk ta waluh ta lopang panjang
> > sipendul
> > ulah jauh si engkay datang"
> >
> > Heuheu.....ngacaprukkkkk..
> >
> >
> > ssw
> > *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
> > *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*
> >
> >
> >
> >
> >
> > 
> >
>


Kirim email ke