kolontong di lembur sikuringmah masih keneh loba, komo lamun rek lebaran.
ampir unggal imah boga kolontong. Kolontong di jeiun tina ketan anu di tutu
dina pane atawa jubleg jiga rek nyieun opak ketan. di beberkeun tuluy di poe
sing garing terus di teuketeukan paranjang kira kira ukuranan 5 cm x 2 cm.
tuluy di open atawa di sangray. ngarah amis eta kolontong tuluy di gulaan.
Kueh dampit sikuring teu wawuh....
Nukumaha?
Tah kueh adas di sikuring mah disebutna kueh beureum bodas atawa Awug.
diieun tina kalapa jeung tipung make gula tuluy di seupan.
Tengteng mah masih loba keneh, malahan di semarang mah tengteng teh
didatangkeun ti lembur MJ; Gunug Cupu.
Caketra teh kueh anu rada teuas dijieun tina naon nya? Da mun teu salahmah
jiga kueh Saptu tina kacang hejo.
Kue cuhcur masih rada loba da gening eta kueh teh bisa ditemukan di ampir
kabeh daerah.
Sagon eta kue tina kalapa. Teu beda jeung adas/awug ngan rada teuas bari
jeung nyiena di open.


cag ah....


2010/7/21, oman abdurahman <omana...@gmail.com>:
>
>
>
> Neruskeun unak-anik kukuehan di Sunda.
>
> Kueh balok anu kahot ayeuna tos mimiti dipidangkeun oge di restoran badag
> atawa salah sahiji menu panutup acara tuang di hotel-hotel gede. Di RM
> Bancakan, upamana, urang tiasa mesen ti anu dagangna anu ngajagrag jero eta
> restoran.
>
> Kota anu mashur ku (kueh) banros (atawa: bandros) nyaeta Sukabumi (Smi). Di
> Sukabumi, sabaraha tukang banros jadi langganan masyarakat atawa anu
> nganjang ka eta kota (anu geus apal, tangtuna oge). Upamana wae, tukang
> bandros anu aya di jalan Wastukancana, Smi. Di bandung banros ilaharna
> dijual ku cara diiderkeun. Tukang banros di Bandung - anu kapanggih ku
> sorangan - umumna asal ti Garut. Kade ulah hilap, kueh banros aya dua rupa:
> anu amis (teu make kalapa), jeung anu asin (bahan kalapa rada loba). Parudan
> kalapa nambah nyari katempona lamun tembong di beulah hareup kueh banros anu
> karek nyat dijait tina citakanana. Lamun tos antel kana letah, karaos
> ngageregel dibarung ku hipu lebah tipungna. Pedo pisan, komo haneut keneh
> dituang bari di luar hujan ngaririncik.
>
> Kueh Robur enya eta, sabangsa roti tea. Ayeuna mah geus rada arang kakuping
> aya anu ngider dagang kueh Robur teh. Beda jeung Odading. Di Bandung masih
> mindeng anu ngajualan Odading bari ngider ti buruan ka buruan sajaba ti
> Odading anu didagangkeun  matuh di warung-warung atawa sababaraha kantin.
> Aya anu matak dedengeeun ti tukang dagang Odading ngider teh, nyaeta
> gorowok-nawarkeunana: "Oooo-dading!!!" ("ngucapkeun "o"-na teh dipanjangkeun
> laju dipungkas ku kecap "dading" sacara singget, meh wae teu kakuping).
>
> Memang, aya sababaraha kueh Sunda (baheula) anu ayeuna ampir tara kapanggih
> deui atawa masih aya, ngan geus rada langka. Upamana wae: Japilus, Kolontong
> ("Kolontong" kueh ieu mah. lain "kolontong" barang), Sagon, Adas (anu ieu
> asana masih mindeng manggung ), Dampit, Caketra, Tengteng, Cuhcur, jjrd.
> Bisa oge Noga kaasup kueh heubeul sok sanajan jaman ayeuna masih loba anu
> ngajarualan. Lamun nguping "noga" sok ras inget barudak ayeuna anu
> hawar-hawar mindeng nyebut "noga", tapi lain kueh, balikta "Nobunoga", tokoh
> hiji pilem Jepang.
>
> Kueh Gemblong, warisan kueh baheula oge, anu ayeuna rame deui didagangkeun.
> Anu mindeng kapanggih, tukang keuh Gemblon di wewengkon Cipanas nepi ka
> Bogor, oge di sakapeung di jalan tol deukeut gerbang tol. Nanawarkeun
> daganganana teh ka anu tarumpak mobil lamun mobilna keur eureun di lampu
> stopan atawa kapegat macet, atawa kusabab rek mayar karcis tol.
>
> Cag heula...(sabab di luar hawar-hawar aya anu ngagorowok:"Oooo....:) ).
>
> manar
>
>
>
> 2010/7/16 Tito Suryana <ti...@telkom.co.id>
>
>
>>
>> 
>> kueh robur teh sok disebut kueh jibeuh (hiji seubeuh), mun beus harita
>> jurasan bandung - majalaya...
>> ================================
>>
>> TITO SURYANA - AR SURABAYA
>> DIVISI BUSINESS SERVICE REGIONAL II
>> TLP. 031 5350510
>> FLEXI. 031 70951507
>> HP. 08123548519
>> ----------------------------------------------------------
>>
>>   ----- Original Message -----
>> *From:* Eman Suherman <emankutam...@yahoo.co.id>
>> *To:* urangsunda@yahoogroups.com
>> *Sent:* Thursday, July 15, 2010 7:30 PM
>> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Kue Legendaris dari Tatar Parahyangan
>>
>>
>>
>>
>>   Ari kueh robur aya nu inget kitu, asana populer di Bandung taun 60
>> atawa 70? Eta ngaran robur teh sarua jeung ngaran beus penumpang umum di
>> Bandung anu aya zaman harita, bejana eta beus teh sumbangan ti Rusia.
>>
>> --- Pada *Kam, 15/7/10, Surtiwa <surt...@gmail.com>* menulis:
>>
>>
>> Dari: Surtiwa <surt...@gmail.com>
>> Judul: Re: [Urang Sunda] Kue Legendaris dari Tatar Parahyangan
>> Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
>> Tanggal: Kamis, 15 Juli, 2010, 6:49 AM
>>
>>
>>
>> Kue balok teh parantos sohor ti taun 1950 an..ngarendeng sareng banros
>> kalapa (tipung beas) sareng banros moderen (sami adonan sareng Kueh
>> balok). harita taun 1951-1956) top na teh eta kueh Balok dibeuleum
>> satengah mateng..asak diluar dijerona eta adonan maih keneh
>> buciay....kueh anu garingna dicoelkeun kanu
>> buciayna..asyik...nikmat....
>>
>> On 7/14/10, roro rohmah 
>> <roro_roh...@yahoo.com<http://mc/compose?to=roro_rohmah%40yahoo.com>>
>> wrote:
>> > Kutan? Eta teh kueh tradisional? Ke…ke… asa sok ningali ieu kueh di
>> > pertiluan (pertigaan) wewengkon Sayati Kopo.
>> >
>> > Ngadadasarna teh sonten kinten-kinten tabuh genepan. Pami kaparengan
>> > ngalangkung rada wengi sok dirariung kunu ngaropi. Basa nembe ningali
>> mah
>> > mesem we, aneh tuda….dipanaskeun ku kompor ti handap jaba dituruban ti
>> luhur
>> > kunu pasagi burahay (sihoreng anglo namina). Pami ningali tina wangun
>> kueh
>> > mah sigana teu patos tebih rasana siga kueh pancong nya? Jibeuh, da
>> seret
>> > dina tikorrow kedah di”surungkeun” ku cikopi/ ci nteh… nya panginten
>> janten
>> > wareg oge.
>> >
>> > Tacan kantos ngaraosan, ke ah iraha-iraha bade nyobian….
>> > ro2
>> >
>> > --- On Wed, 14/7/10, Tito Suryana 
>> > <ti...@telkom.co.id<http://mc/compose?to=titot%40telkom.co.id>>
>> wrote:
>> >
>> >
>> > From: Tito Suryana 
>> > <ti...@telkom.co.id<http://mc/compose?to=titot%40telkom.co.id>
>> >
>> > Subject: Re: [Urang Sunda] Kue Legendaris dari Tatar Parahyangan
>> > To: 
>> > urangsunda@yahoogroups.com<http://mc/compose?to=urangsunda%40yahoogroups.com>
>> > Date: Wednesday, 14 July, 2010, 1:23 PM
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> > 
>> > aya kueh balok aya kueh kenong ..basa jaman keur SMP ka SMA di gg masjid
>> > cicadas unggal poe sok cindekul di tukang kueh eta ti dur magrib nepi ka
>> jam
>> > 9 peuting, mun nu dagang mah nepi ka subuh dagangna. waas mun ngobrol
>> teh
>> > bari cacamuilan dahar kueh kenong dibarengan tukang beca, tukang copet,
>> > preman....duh waas pisan euy.....
>> > ============ ========= ========= ==
>> > TITO SURYANA - AR SURABAYA
>> > DIVISI BUSINESS SERVICE REGIONAL II
>> > TLP. 031 5350510
>> > FLEXI. 031 70951507
>> > HP. 08123548519
>> > ------------ --------- --------- --------- --------- --------- -
>> >
>> > ----- Original Message -----
>> > From: nurul wachdiyyah
>> > To: urangsu...@yahoogro ups.com
>> > Cc: sunda
>> > Sent: Monday, July 12, 2010 9:49 AM
>> > Subject: [Urang Sunda] Kue Legendaris dari Tatar Parahyangan
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>>
>>
>>
>>
>> ==============================================
>> Flexi Irit Mingguan:
>>
>> Flexi Irit Mingguan, Pulsa Rp 500.000 cuma bayar Rp 5.000, buat nelpon FLEXI
>> Lokal & SLJJ 01017 seminggu. Ketik 5000 kirim ke 123. Flexi Lebih Irit Kan !
>>
>> Flexi Chatting:
>>
>> Buat yg suka Chatting, dapatkan HP Chatting mulai dari Rp 260rb bisa YM,
>> GTalk, Flexi Messenger sepuasnya Rp 2.000/Mg & akses Facebook/Twitter
>> masing2 Rp 1.000/Mg
>> ==============================================
>>               This Email Has been Scanned by Anti Virus
>> ==============================================
>>
>>
>  
>

Kirim email ke