Jang Dede,
jaman baheula mah dodongkal teh ngadamel na dina aseupan, bentuk na nya
nyitak sapertos aseupan, sok di bungkusan ku daun cau,
tapi jaman kiwari mah di bungkus plastik.
bahan na tina tipung beas, di seupan, di gula beureuman + parud kalapa
tah foto na aya di dieu :
http://ollanurasyifa.multiply.com/photos/album/40/Dongkal_Es_Buah_Empang_Bogor
...
2010/7/22 jangdede <jangd...@gmail.com>

>
>
> Teh mia upami kueh dodongkal eta jirimna jiga kumaha?
>
> Hahah
>
>
> 2010/7/22, Mia <pancaputr...@gmail.com>:
>
>>
>>
>> Mang Omaaaan, Uwa Tito oge baraya daramang?
>>
>> euh ieu mah enjing2 maos perkuehan....kabayang eta banros haneut2 :-)
>>
>> Mang Oman, abi bade tumaros..naha eta di handap nyarioskeun banros aya 2
>> rupi geuning, nu amis sareng nu asin.
>> sakaterang abi, nu di sebat banros mah aya oge nu amis wungkul, nu di
>> sukabumi mah adonan banros di purulukan kalapa ngora nu di potong dadu,
>> sanes di parud.
>> aya oge kue nu sanes, nu dua rupa mah nu di sebat pancong tea...tah eta nu
>> aya dua rupa mah...nu amis mah..adonan na di purulukan kalapa ngora, pas
>> nembe satengah mateng di awuran gula.
>> upami nu asin, kalapa na nu rada seueur , teu di gulaan dugi ka asakna.
>> Janten nu leres nu mana ieu teh?
>> ma'lum abi mah sunda pituin oge da kirang elmu kasundaan na :(
>>
>> Eh muhun aya nu can kasebat katuangan jaman baheula teh...aya awug sareng
>> dodongkal :-)
>>
>> Hatur nuhun sateuacan na.
>>
>> Baktos,
>> Mia
>>
>>
>> 2010/7/21 oman abdurahman <omana...@gmail.com>
>>
>>>
>>>
>>> Neruskeun unak-anik kukuehan di Sunda.
>>>
>>> Kueh balok anu kahot ayeuna tos mimiti dipidangkeun oge di restoran badag
>>> atawa salah sahiji menu panutup acara tuang di hotel-hotel gede. Di RM
>>> Bancakan, upamana, urang tiasa mesen ti anu dagangna anu ngajagrag jero eta
>>> restoran.
>>>
>>> Kota anu mashur ku (kueh) banros (atawa: bandros) nyaeta Sukabumi (Smi).
>>> Di Sukabumi, sabaraha tukang banros jadi langganan masyarakat atawa anu
>>> nganjang ka eta kota (anu geus apal, tangtuna oge). Upamana wae, tukang
>>> bandros anu aya di jalan Wastukancana, Smi. Di bandung banros ilaharna
>>> dijual ku cara diiderkeun. Tukang banros di Bandung - anu kapanggih ku
>>> sorangan - umumna asal ti Garut. Kade ulah hilap, kueh banros aya dua rupa:
>>> anu amis (teu make kalapa), jeung anu asin (bahan kalapa rada loba). Parudan
>>> kalapa nambah nyari katempona lamun tembong di beulah hareup kueh banros anu
>>> karek nyat dijait tina citakanana. Lamun tos antel kana letah, karaos
>>> ngageregel dibarung ku hipu lebah tipungna. Pedo pisan, komo haneut keneh
>>> dituang bari di luar hujan ngaririncik.
>>>
>>> Kueh Robur enya eta, sabangsa roti tea. Ayeuna mah geus rada arang
>>> kakuping aya anu ngider dagang kueh Robur teh. Beda jeung Odading. Di
>>> Bandung masih mindeng anu ngajualan Odading bari ngider ti buruan ka buruan
>>> sajaba ti Odading anu didagangkeun  matuh di warung-warung atawa sababaraha
>>> kantin. Aya anu matak dedengeeun ti tukang dagang Odading ngider teh, nyaeta
>>> gorowok-nawarkeunana: "Oooo-dading!!!" ("ngucapkeun "o"-na teh dipanjangkeun
>>> laju dipungkas ku kecap "dading" sacara singget, meh wae teu kakuping).
>>>
>>> Memang, aya sababaraha kueh Sunda (baheula) anu ayeuna ampir tara
>>> kapanggih deui atawa masih aya, ngan geus rada langka. Upamana wae: Japilus,
>>> Kolontong ("Kolontong" kueh ieu mah. lain "kolontong" barang), Sagon, Adas
>>> (anu ieu asana masih mindeng manggung ), Dampit, Caketra, Tengteng, Cuhcur,
>>> jjrd. Bisa oge Noga kaasup kueh heubeul sok sanajan jaman ayeuna masih loba
>>> anu ngajarualan. Lamun nguping "noga" sok ras inget barudak ayeuna anu
>>> hawar-hawar mindeng nyebut "noga", tapi lain kueh, balikta "Nobunoga", tokoh
>>> hiji pilem Jepang.
>>>
>>> Kueh Gemblong, warisan kueh baheula oge, anu ayeuna rame deui
>>> didagangkeun. Anu mindeng kapanggih, tukang keuh Gemblon di wewengkon
>>> Cipanas nepi ka Bogor, oge di sakapeung di jalan tol deukeut gerbang tol.
>>> Nanawarkeun daganganana teh ka anu tarumpak mobil lamun mobilna keur eureun
>>> di lampu stopan atawa kapegat macet, atawa kusabab rek mayar karcis tol.
>>>
>>> Cag heula...(sabab di luar hawar-hawar aya anu ngagorowok:"Oooo....:) ).
>>>
>>> manar
>>>
>>>  .
>>>
>>>
>>
>  
>

Kirim email ke