Haturan Kang AG, Kang Pit,;))

Wilujeng sumping di milis BS. Wilujeng tepang sareng kuring spk di ieu
rohangan. Linggih di palih mana Kang?

Leres Kang, sing saha bae oge (boh nu beukieun boh nu teu beukieun
jengkol he he he)sarta boga kahayang rek ngamajukeun bangsa, pek bae
gugubrag sina ngumpul dina ieu rohangan. Urang barempug mikiran jalan
kaluarna! Piraku atuh ngan ngeuyeumbeu wae!

Urang rojokan tah kuluwung teh!!! Susuganan bisa jalan cai teh.
Kilangbara sina bisa ngolontor nya?

Mun teu urang2 keneh mah, saha deui atuh anu kudu ngukuprak anu
nyegrek sare teh? Ulah ngandelkeun batur, da moal aya nu haateun!

baktos,

Rh



--- In [email protected], Pituin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> ********************************
> Sihapuntena kahatur Kang Kuncen lan sakumna Baraya Sunda!
> 
> ....... haturan Teh Sonia!
> 
> Ceuk sakuringeun, mah!!!!
> 
> Kapan geusna atra, ... sing saha bae nu mibanda kareueus, kaheman,
kameumeut
> ku kasundaan lan Ki Sunda-na bari jeung dimulasarekeun dina kahirupan
> sapopoena!!, geus sahhhh si eta teh disebut URANG SUNDA!!!
> 
> Kapan geusna oge kapirengkeun ku urang kabeh, ..... sing saha bae nu
ngarasa
> iman ka nu murbeng ieu alam mah pastina boga Agama ..... ari beriman teh
> percaya, ari Agama teh, jalan! ..... jadi jelema nu percaya mah, pastina
> geus boga jalan pikeun ngahontal naon nu dipercayana tea!!!
> Percaya mun jengkol teh ngeunah??, nya kuduna atuh dibuktikeun!!
teangan eta





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/wlSUMA/LpQLAA/E2hLAA/BRUplB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke