***************************************** Sampurasun Ki Kuncen! Neneda pangampurana!
Sampurasun Ki Dulur! Bahe carek, tawakupna bae! Sun, nyanggakeun ieu jisim nya diri! Ti indung ti Bapa pintuin Sunda, tatar ukur nu baheula! Nepangkeun pun wasta nya Rudy Setiawan. Pangloma pun "Adi" pangbagea ti kasepuhan. Bali geusan ngajadi nya Banjar karang pamidangan! Bandung - Bogor - Abu Dhabi geusna nincak kana 31 saka. Rarabi ka trah mataram kukersaning sumerah ka gusti! Ngabati si cikal lan bungsu, lalanang jagat paparinan nu murbeng rizki! Bral ka kaler, Bral ka kidul! Pamugi katampi ku asta kalih! Bray ka kulon, bray ka wetan! ngaraksa kawargian Sunda! Sun .... kuring nu laip nya suda! Nyanggakeun pangabakti ka papada! -pun adi- ***************************************** On 11/26/05, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Haturan Kang AG, Kang Pit,;)) > > Wilujeng sumping di milis BS. Wilujeng tepang sareng kuring spk di ieu > rohangan. Linggih di palih mana Kang? > > Leres Kang, sing saha bae oge (boh nu beukieun boh nu teu beukieun > jengkol he he he)sarta boga kahayang rek ngamajukeun bangsa, pek bae > gugubrag sina ngumpul dina ieu rohangan. Urang barempug mikiran jalan > kaluarna! Piraku atuh ngan ngeuyeumbeu wae! > > Urang rojokan tah kuluwung teh!!! Susuganan bisa jalan cai teh. > Kilangbara sina bisa ngolontor nya? > > Mun teu urang2 keneh mah, saha deui atuh anu kudu ngukuprak anu > nyegrek sare teh? Ulah ngandelkeun batur, da moal aya nu haateun! > > baktos, > > Rh > > > -------xxx -- ******************************************* http://pituin.multiply.com/ -------------- Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda tea. Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/ Sejana ilubiung kintun bae ka [EMAIL PROTECTED] ******************************************* [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org! http://us.click.yahoo.com/wlSUMA/LpQLAA/E2hLAA/BRUplB/TM --------------------------------------------------------------------~-> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
