--- In [email protected], Dhanny Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kumaha ari di NL kang Rahman taun baruan teh sok aya naon wae nu rada aneh, aeh meureun usum salju didinya mah ayeuna teh. di Bekasi mah Banjiiiirrrrr.....ari isuk-isuk rek indit gawe meni kudu ngajingjing sapatu bari ngagulung calana semet tuur. Kabayang mun NL banjir, meureun kakeueum, hehehehe....
Kang Dhanny, Enya Kang, lamun cai di NL teu diatur. Kalebuh kabeh, lain saparapat atawa satengah nagara, tiluparapat mah kalelep! Malah mah aya provinsi di NL anu ngahaja dijieun tina laut. Laut teh dibendung... tuluy geus garing teh dipake lahan pertanian jeung paimahan! Lamun tangguul jebol... kacipta we meureun. Di tempat kuring NL mah usum tiis teh jarang saljuan Kang. Deukeut teuing laut... cuaca laut pangaruhna gede. Kadang2 we eta ge sok saljuan mah. Rada ka beulah wetan (wates jeung Jerman mah)sok saljuan oge. Lamun di Bekasi loba teuing cai, atuh make parahu we Kang? he he he Lamun taun anyaran di NL mah, lain ku jagong beuleum. Tapi aya nu disebut "oliebollen", eta teh siga rarawuan, ngan amis sarta make anggur garing (teuing naon basa Sunda na yeuh!). Oge sok aya anu disebut 'apelflap', sajenis pastel amis, eusina apel. Biasana lamun teng jam 12 teh... jelema2 rabul ka luar nyeungeutan petasan! Malem taun anyar teh hiji2na waktu di NL diwenangkeun nyundut petasan. baktos, rh ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today! http://us.click.yahoo.com/LeSULA/FpQLAA/E2hLAA/BRUplB/TM --------------------------------------------------------------------~-> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
