Walah.... geuningan tengah peuting di NL, hapunteun lantaran teu
teurang, ayeuna mah aya gambaran da harita teh ngan ngecek waktu
wungkul he..he..

Kadang Devi (pun adi), pernah telepon ka CA jam 2 dinihari, ari di
Indonesia mah tabuh 2 siang, atuh abi teh kalah linglung nampa
telepon, sangking kutunduh kalah hilap kana sora pun adi, alias
linglung he..he..he.., tapi ayeuna mah tos terang jam-na jenten tara
nelepon tengah wengi.

Masalah Jurig, semenjak diCA abi sok mireng sora-sora aneh, ari teu
percaya da abi ngalaman sorangan, sampe pernah dina hiji wengi abi
ngimpi didongkapan ku bule wanoja nganggo acuk beureum, eta mah waktos
abi gugah tina ngimpi panon abi ningali langsung eta wanoja persis
dina ngimpi, nganggo acuk beurem dikamar abi caket kloset, atuh puguh
bae abi teh luncat, lumpat kaluar kamer, langsung nginum, da eta mah
teu tiasa kulem deui nepi ka enjing, ngan nonton dvd. Dipir-pikir
sigana diimah ieu teh aya energi lain. 
Sanes abi wungkul anu ningali teh, eta mah Wayne ningali langsung aya
perempuan tua berdiri dipinggir tempat tidur nuju ngalirik ka Wayne.
Teras Wayne carita ka abi, aya jalma kolot dikamar nangtung sorangan
eta teh saha, atuh puguh bae abi mah reuwas da teu aya jalmi kolot
diimah ieu teh, ngan abi sorangan, Wayne kalah heran, keukeuh ceunah
ningali jalma kolot nangtung nuju ngalirik ka Wayne, teras Wayne
nyarios salama hirup kakara ningali anu kitu, jadi bae Wayne teh
percaya kana carita abi, aya energi lain anu nyicingan imah ieu
teh,tadina mah teu percaya, eta mah halusinasi kamu, akhirna na mah
bule oge percaya kanu kitu ari tos ningali sorangan mah he..he..he..
Eta mah sanes carita bohong, kaalaman ku abi sorangan
aya -aya bae atuh nya .........


Salam hampunteun ka kaluwarga di NL, 

Nenen Gunadi











http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke