--- In [email protected], "Nenen" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ari pun rama mah sanes mantan bupati, ngan aya hubunganna sareng > Nugraha Besus SEKUM PSSI, Nugraha Besus teh paman abi. Ngan anu terjun > ka politik teh pun raka, janten anggota dewan di Kuningan. Ngan abi > mah jarang patepung sareng Nugraha, upami pun rama sareng raka abi > sering patepung, sering diskusi kadang-kadang debat sareng pun raka. > Dukanya kang Waluya, abi mah teu gaduh bakat kana politik teh.
WALUYA : Aduh punten Teh Nenen, manawi teh, Teh Nenen teh putrana Pa Gunadi nu kantos janten Walikota (bupati?) Bogor. Da namina sami Gunadi sareng lamun teu lepat mah Pak Gunadi nu mantan walikota Bogor oge kawitna ti Kuningan. Oh janten Teh Nenen teh alona Pa Nugraha Besus, sumuhun kuring oge terang atuh ka Pa Nugraha Besus mah, terangna ti koran sareng TV ...hehehe. Paingan atuh Teh Nenen naros- naros Piala Dunya sagala ka Kang RH, da panginten aya "teureuh" maen bal. Kuring oge resep lalajo maen bal teh, tapi dina TV we. Kantos sakali lalajo Persib di Senayan, kapok moal sakali-sakali deui, eta atuda nu nonton teh kacida pisan, moal enya cipapang diwadahkan ku plastik, belewer dibalangkeun .....ampir keuna ka kuring, keuna kanu gigireun, atuh ripuh ....rancucut ku caipapang. > Ngiring berduka cita atas wafatnya Mang Uyat. > Kang Waluya, ari Mang Uyat teh saha ? punteun abi mah teu terang Mang > Uyat, panginteun abi mah jarang dilembur, tiaalit oge tos ngalalana. > WALUYA : Sanes Mang Uyat, Mang Ayat, Teh. Tapi ayeuna mah panginten atos terang, da aya posting ti kang RH perkawis Prof. Dr. Ayat Rohaedi. BAKTOS Waluya http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
