> From: "mh" <[EMAIL PROTECTED]>
> bah willy, sainget kuring kecap 'babu' teh justru basa sunda 'pisan'.
> malah dina kosakata basa sunda, salian kecap 'babu' aya kecap sejen nu
> ngarujuk kana harti nu ampir sarua. jiga
> kecap 'lanjang', 'bujang', 'jongos',
> jeung'badega'. cenah 'jongos' mah asalna tina basa walanda.

Enya bener MH, pan ceuk kuring ge "umum"na jadi teu kabeh. Tapi hiji hal
nu ku kuring tepi ka ayeuna masih "tanda tanya", kunaon ka babu atawa ka
jongos sok disebut "Bibi" atawa "Mamang"?. "Bibi" jeung "Mamang" pan
sabenerna mah lain sebutan nu ngahandapkeun ("merendahkan"), sanajan
ayeuna aya "trend" ka arah dinya, pangpangna kunu teu pati ngarti kana
budaya di Sunda. Saperti tatangga kuring nu lain urang Sunda, kabeh lalaki
nu digawe kasar jeung make pakean rudin, ku manehna sok disebut :
"Mamang-mamang" .....hehehehe

Cik kira-kira naon tah sababna? ....aya baraya anu terang?

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke