> From: "Nenen" <[EMAIL PROTECTED]> > Tapi seueur oge di hari valentine dijadikeun salah kaprah, wah... > matak sedih, sagala oge balik deui kasifat jeung pandangan manusa. > Ari abdi pribadi mah "hari kasih sayang" diartikeun sami sebagai hari > perdamaian, cinta kasih, cinta damai kanggo sadaya umat manusa, > atanapi hewan didunia.
Wah... Teh Nenen, soal ngarayakeun jadi jalah kaprah mah teu aneh. Tong boro poe Valentin, dalah malem lebaran (Iedul Fitri) taun kamari oge, nu pinuh ku sora takbiran, di Cirebon jeung di Indramayu mah malah aya tawuran (gelut / silih serebu raramean). Mangga we geura pilarian arsip koran, aya wartos dina koran nu judulna :"Malam Takbiran Diwarnai Tawuran". Basa Iedul Adha kamari Alo (anak lanceuk pamajikan) ngilu nyonyorong bedug ti Bojongsoang Dayeuhkolot ka arah Bandung Kota. Di palebah Jl. Soekarno Hatta Bandung, teuing kumaha mimitina, ger aya nu garelut .......malah aya nu make pedang sagala, teu wudu loba nu tatu. Alo kuring cul bedug, ngacir ....lumpat, bakating ku sieun .... Nu model kieu, pan teu kedah dihartoskeun, malem lebaran jadi malem "gelut" .... Baktos, WALUYA
