haturan baktos,

Ari simkuring mah saukur rahayat leutik, boro-boro ka Jepang lah, kukituna 
tangtu mun simkuring bodo katotoloyoh teh meureun, da ukur ngandelkeun hate. 
Tapi ulah lepat baraya, kualatan boga keneh hate sabage rahayat leutik, 
simkuring bisa ngarasakeun kanyeri anu salila ieu karandapan kualatan leutikna 
rasa kaadilan anu katarima ku hirup simkuring, utamana kudipopohokeunana 
rahayat ku pamarentah anu dikuasaan para begal kapitalis. Kukituna tangtu moal 
kungsi kapikiran ku simkuring mah pikeun misahkeun antara fungsi sosial jeung 
fungsi bisnis di hiji pausahaan anu dibiayaan ku rahayat miskin, tapi kudu 
ngabatikeun ka rahayt miskin, maenya PT. Pertamina didirikeun ku rahayat (ku 
modal rahayat) tapi ngabisniskeun produkna ka rahayat?, kacida jahatna eta 
kaayaan teh kang. Tapi emut kang, ulah lepat, ieu diskusi the sanes bade 
nylahkeun Pertamina atawa PLN, jrrd BUMN anu diprivatisasi, tapi ti kamari oge 
urang the nuju ngobrolkeun fungsi Negara anu dijalankeun ku pamarentah
 sebagai REGULATOR anu face to face jeung rahayatna di ieu negeri
   
  Upami teu lepat dina sawatara e-mail kang Surtiwa kalangkung nyerat: 
“Pausahaan teh kudu dipisahkeun tina fungsi sosial, saolah-olah pausahaan teh 
murni saukur ngajalankeun fungsi bisnis” kumaha maksudna Kang?
   
  Ceuk simkuring fungsi social anu mana?, da ayeuna teu meleg-meleg 
(mentah-mentah) 100% fungsi sosial sabenerna mah saupama asset nagara anu 
ngawasaan hajat hirup rahayat loba kudu dikuasa ku rahayat ngaliwatan nagara 
anu dijalankeun ku pamarentah, nyaeta pamarentah anu ngarasa boga amanah pikeun 
ngokolakeun kakayaan rahayat eta pikeun karaharjaan rahayatna. Jadi lamun BUMN 
saperti PLN, Pertamina, jrrd teu meunang dikawasa ku swasta pon kitu deui asing 
sabab eta pausahaan nagara the salian ti kudu jadi pausahaan rahayat oge kudu 
bisa jadi penyangga kabutuh rahayat. Wah, wah beruat pisan eta tugas the 
baraya. Nya bongan saha atuh baheula didirikeun ku perjuangan rahayat, sanes 
kitu baraya?
  Ceuk simkuirng mah sigana eta kasauran kang Sur teh teu benten tebih sareng 
karakter jahat anu diajarkeun ku Kapitalisme, margina dina pamikiran para 
kapitalis, bisnis nya bisnis teu nyaho dulur, teu nyaho batur sangsasara, 
tangtu maranehna di mah euweuh deui papatah anu ceuk urang Sunda mah: NULUNG 
KANU BUTUH NALANG KANU SUSAH.
   
  Ayeuna mangga emutan,
  Lamun Indomie rek teu boga fungsi sosial the paling-paling ukur di-cap 
“KIKIR”, tapi manehna oge boga alibi da cenah modal-modal aing ceuk anu bogana 
teh. Tapi mun Pertamina ayeuna rek ngaleungitkeun fungsi sosial teh tangtu teu 
boga alesan da memang modalna oge ti rahayat, ngaliwatan nagara tea apanan. 
   
  Tah ieu pisan yeuh kang, anu ceuk Mubyarto (Guru besar Ekonomi UGM) mah 
sebagai “kekeliruan” jeung “dosa” mun memahami manusa ukur sebagai “homo 
ekonomikus”, padahal manusa oge sabenerna mah “homo socius” atawa “homo 
moralis”. Diperhatikeun ku simkuring memang euweuh jaminan leuwih pinter 
manusa, mangka leuwih bijak, jeung nyaahan ka batur, buktina teu saeutik ari 
jalma-jalma jegud (borjuis) anu ngarasa geus dingeunahkeun ku alam neoliberal 
mah satuju bae pikeun ngajual nagara teh, tapi teu saeutik baraya anu sarua 
miskin jeung bodo siga simkuring oge malah aya anu ngadukung privatisasi jeung 
asingisasi oge, tapi ari anu memang bodo mah meureun rada wajar, lantaran da 
memang maranehna mah meureun MASOCHIS tea, teu ngarasaeun panindasan, anu 
karasana the nyaman bae, PERTAMINA anu dibiyaan ku rahayat kudu BISNIS jeung 
RAHAYAT. Supaya fair?, atawa supaya anu miskin tambah miskin?. Tah ieu pisan 
panyakit anu ayeuna nyaliara dina sabagian para paminpin jeung rahayat urang teh
 baraya, nyaeta panyakit leupasna sifat nyaahan tina jiwa manusana. Atawa ceuk 
istilah popular Kapitalis mah Laissez nous faire (jangan mengganggu), leave us 
alone, laisez faire, mangka timbul anu ngaranna ekonomi individualisme. 
Kukituna karaos ku simkuring jeung sabagian rahayat miskin lianna ieu kanyataan 
tumiba ku akibat sabagian rahayat anu saeutik boga akses kana pangaweruh jeung 
kakawasaan miboga eta sifat goring tea, baraya.
   
  Ceuk Mubyarto deui, Hernando de   Soto kungsi nyebutkeun yen asset atawa hak 
milik nagara-nagara berkembang teh teu bisa dimangpaatkeun alias modal mati 
(dead capital), cindekna eta asset teu bisa dijadikeun modal sosial. Sabab 
sektor ekonomi lemah anu modalna teh injeuman ti koperasi, ngeclok ti baraya, 
jrrd teu dianggap investasi prospektif. Ceuk persamaan Keynesian, ekonomi makro 
(Y = C + I), rahayat leutik ukur dianggap konsumsi (C), sedengkeun investasi 
(I) ukur berlaku ka pengusaha gede. Kukituna loba pisan anu gumantung pisan ka 
pihak swastanisasi-knglomerasi, kaasup ngajual pausahaan ka pihak asing. Anu 
kacida picilakaeunana eta lengkah teh babarengan dilakonan ku pamarentah urang. 
Antukna kaasup sagala bubuth rahayat secara publik jadi gumantung pihak 
perseorangan bahkan bangsa asing.
   
  Upami Kang Surtiwa ngaos Koran Kompas (Senin, 13 Agustus 2007), tangtos bakal 
sadar yen liberalisasi modal anu salami ieu diwangkongkeun ku salira, 
saolah-olah ditolak meleg-meleg ku jalma pinter samodel Joseph Stiglitz (najan 
manehna the can tangtu jalma hade), ceuk manehna liberalisasi modal lain solusi 
pikeun ningkatkeun pertumbuhan ekonomi malah nyiptakeun ketidakstabilan.
   
  Kukituna ari simkuring mah langkung percaya ka jalma anu kagungan logika 
argumentasina nyata (praktis). Kieu bae simpelna mah Kang, salila ieu 
liberalisasi modal geus dilakonan tapi anu aya malah jiga kieu geuning. Solusi 
saur kang Surtiwa kedah mangRATUS-RATUS kali lipet deui didatangkeun eta modal 
luar negeri the nya kang?, ieu mah contona bae kang, upami salira teu hilap pan 
saham sakira 90,64 persen saham PT Freeport Indonesia dipiboga ku pausahaan 
indukna, Freeport McMoRan Copper & Gold Inc. Sisanya, 9,36 persen, jadi milik 
pamarentah Indonesia (Kompas, Selasa, 14 Agustus 2007), tapi anu aya rahayat 
Papua khususna geuning kitu buktosna, komo deui sacara umum Indonesia mah, 
kalaparan jeung kalangkaan bubutuh tetep bae geuning jadi panyakit anu mewabah 
di tengah-tengan masyarakat urang the kang. Saur akang, dina e-mail anu 
parantos diserat di waktos kapengker, cenah eta the kusabab gara-gara korupsi. 
Jadi saleresna korupsi heula atawa liberalisasi heula? Pan korupsi
 mah geus leuwih tiheula batan privatisasi. Lamun enya gara-gara korupsi naha 
solusina kudu privatisasi?, Jadi ayeuna simkuring rek naros, gara-gara korupsi 
atawa gara-gara teu diliberalisasi/privatisasi? Mun ceuk salira mah domain 
padungdenganana, najan sabenerna terjadi dependensi, tapi teu bisa 
dikait-kaitkeun kitu bae, beda solusi anu ditawarkeunana oge rupina mah.
   
  Salajengna, naha leres ancurna ekonomi nagara urang gara-gara, loba teuing 
campur tangan nagara dina urusan bisnis kaasup ka pausahaan BUMN. Cindekna kudu 
dileupaskeun fungsi social anu diemban nagara melalui BUMN, ku ngaliatan 
dijualna asset rakyat BANYAK ka privat/pribadi/swasta bahkan asing, eta sanes 
saur salira teh? Hiji conto bae ieu mah, saur salira keneh, ti taun 1991 PLN 
the teu berhasil ngahontal target REPELITA. Ayeuna PT PLN janten PT ti taun 
sabaraha nya?, teras ti iraha PErtamina janten PT, ti iraha PT Telkom janten 
PT?, jrrd. mangga emut ku salira. Najan masih keneh mungkin pamarentah sebagai 
pemegang saham  mayoritas oge, perubahan status perusahaan Negara saperti 
Perum, Perjan, jrrd jadi PT berarti ti berubah oge PORSI fungsi social eta 
perusahaan BUMN teh, baraya. Kumha tah saur salira. Da najan Sulastomo anu 
sakitu dianggap liberalna oge, geuning manehna the sapuk keneh pikeun ayana 
“system ekonomi pasar social terbuka” di Indonesia (Kompas, Jumat, 26
 September 2003)
   
  Sakitu heula kang ah, panjang teuing nya punten sok asa ngeunah curhat the 
geuningan ari jeung baraya mah, saena mah urang ngayakeun diskusi atuh diajar 
madungdeng misalkeun KOMUNITAS BARAYA SUNDA MENYELENGGARAKAN DISKUSI PUBLIK 
YANG PEMBICARANYA: FAISAL BASRI, BURHANUDDIN ABDULLAH, DSB. Atawa diskusi umum 
member komunitas Baraya Sunda oge teu nanaon meureun jigana mah Kang. 
   
  Insya Allah kapayun disambung deui, eta oge upami simkuring gaduh alesan 
kanggo Kang Surtiwa, kajabi upami henteu, nya simkuring mah milih ganti topic 
bae lah, dari pada asal komentar mah. Hatur nuhun.
   
  DEUKUET SILIH DEUHEUSAN, ANGGANG SILIH TEANGAN, POEK SILIH CAANGAN, NYERI 
SILIH RASANAN, SAREUNDEUK SAIGEL, SAGEUGEUT SAPIHANEAN.
 
 
  surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
Sigana mah masih aya anu percanten kana tiori
 heubeul..idealis..yen sektor anu penting keur balarea
 kudu dikuasaan Nagara.....Idealna hade pisan..prak2an
 na amburadul....Kumargi tarjamah na Nagara teh
 disamikeun jeung Pamarentah alias Birokrat...padahal
 Nagara teh saleresna tiasa oge anu diperankeun Warga
 Nagara...janten anu ngaur Nagara cq Pamarentah anu
 ngajalankeun Nagara cq Warga Nagara...PLN penting keur
 balarea...ti taun 1991 ..teu tiasa ngudag REPELITA
 tinggaleun...diantep wae..pan sektor penting parantos
 di cepeng ku Pamarentah...PJKA..oge sami mawon...rel
 butut5...KA anjlog..keun wae..anu penting dikuasaan ku
 Nagara..jrrd. Rek kumaha urang bisa ngudag siga
 Jepang?Singapur    euweuh SDA...euweuh energi keur
 balare..kudu ngimpor...tapi bisa wae..hirup kulantaran
 aya peran ti Warga Nagara..malah motekar.........
 
 Anggaran papaua Rp 1.3 Triliun/taun...cobi teu adi
 nanaon..prasarana keur balarea..butut.teu
 aya....panyakit matuhna anu kedah dileungitkeun
 heula....korupsi!
 --- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
 > > rahmi budi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 > > Har itu geuning, sugan teh parantos uninga
 > sektor-sektor penting 
 > > anu ngawasaan hajat hirup balaera teh, beu paingan
 > sektor bubutuh 
 > > publik dianggapna teh saukur CUBLUK WC.
 > 
 > Saha nu teu terang Kang? kuring mah nyindiran,
 > lolobana anu nyarios 
 > teh nu "galede" wae, ari soal WC umum mah kaliwat,
 > padahal penting 
 > pisan. Eta oge ka-ideu-an ku posting kang Ever pedah
 > nyebut WC-WC 
 > kitu. Kuduna pamarentah ngayakeun tah WC umum teh,
 > lamun henteu 
 > masyarakat kudu nuntut DEMO (kuring arek ngiluan).
 > 
 > WC umum ulah dianggap remeh, Sabab hiji indikator
 > yen bangsa teh geus 
 > maju jeung beradab atawa acan teh, tiasa ditempo
 > tina WC umumna 
 > (aya/henteuna jeung kabersihanana)!
 > 
 > Baktos,
 > WALUYA    
 > 
 > 
 
 __________________________________________________________Ready for the edge 
of your seat? 
 Check out tonight's top picks on Yahoo! TV. 
 http://tv.yahoo.com/
 
     
                       

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke