Tuh kan leres baraya, jadi diskusi di millis ieu teh seueur pisan teu dihormat, mangga tinggali bae sertan Kang Surtiwa ieu, teorina POFESOR MUBYARTO anu guru besar UGM dianggap SALAH BESAR/ABSURD ku kang Sur mah nya. omongan JOSEPH STIGLITZ anu notabene penerima NOBEL oge dianggap TEORI SALAH.
Kang, masalah beda enggeus jelas urang teh beda, tapi dasar argumentasi salira mana nya?. jelas urang beda, mun ceuk basa simkuring mubyarto ngagambarkeun yen pausahaan nagara (khususna anu ngokolakeun aset rahayat loba) lain sakadar MELULU ngagugulung PROFIT, maenya rek BISNIS jeung RAHAYAT LOGIS teu, padahal manehna teh disubsidi ku rahayat? keur simkuring mun salira ngajawabna ku balik argumentasi anu rada mumpuni mungkin simkuring bakal ACUNGAN JEMPOL lah, bahkan salut, tapi anu aya pan ukur teu satuju kana teori-teori anu aya, dibantah ku Kang Surtiwa tanpa argumentasi OBJEKTIF. (PADAHAL CEUNAH ULAH SATUJU JEUNG TEU SATUJU). EMUT kasauran Kang Rahman, ieu millis kudu ARGUMENTATIF. Saena mah ulah curigaan teuing kana ISME, supados dina mairan teh radaterarah. Clean up yourselves ! saur salira mah, baraya. surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Mubeng ngan eori hungkul tapi tebih tina prakter sareng kinerja Pausahaan anu dikuasai Nagara....Kunaon. Teori Mubyarto ngan saukur teori anu alus tapi hese dipraktekkeun kulantaran nyanghareupan KARAKTER anu ngajalankeun eta Pausahaan. Teorina Pausahaan ieu kudu leuwih kuat ti baan Pausahaan swasta..kulantaran aya dukungan Pamarentah ? Kunaon henteu kajadian ? Kulantaran kriteria sabage Pausahaan henteu kacumponan. Fungsi kasehteraan Rakyat dibebankan ka Pausahaan ! Salah besar. Kasejahteraan mah tanggung jawab Pamarentah. Pausahaan kudu ngahasilkeun INCOME MAXIMUM keur RAKYAT (Bersih, prinsip PT, teu aya fungsi sosial) kabeh hasil sangeus dipotong keur working capital setor ka KAS NAGARA (Bersih tangpa korupsi). Ieu duit kudu asup ka Kas Nagara jeung sabagian (x %) kudu balik deui ka Pausahaan keur ngembangkeun Pausahaan. hartosna ulah nepi ka Pausahaan nginjeum duit keur investasi anyar. lamun kieu, kakara Pausahaan dikuasai Nagara teh berfungsi. Kasahteraan rakyat ma diomean tina hasil ngomean sistim ekonomi...Ku lobana investasi.lapangn kerja nambah.....daya beuli naek...kasejhteraan naek...Jadi saha anu tiasa ngamimitian kieu teh ? percumah mun ngan Presiden wungkul..kudu urang sarerea....Rakyat kudu ngartoi rinsip usaha..rakyat kudu ngarti prinsip Pamarentahan..LSM kudu ngarti prinsip usaha..kudu ngarti prinsip ekonomi...Rakyat kudu satuju kana pangbasmian Korupsi...DPR kudu itelegent....ulah perjuangan korsi wae...lamun ekonomi nggeus ajeg...teu nginjeman duit kulantaran BUMN ungal taun NCF positip jeung gede batina...pajeg OK...kulantaran kabeh mayar Pajeg samestina...kakara RAPBN henteu deficit...malah Pamarentah bisa nabung keur modal KEUR NGALA RESOURCES>..Mun tos kieu teu perlu nginjeum ka ASING..teu perlu nyerahkeun ka SWASTA (Notabene Warga Nagara juga)...Tiasa henteu...Tiasa..TAPI DUKA IRAHA..nah keur warha Kusnet/Baraya Sunda anggap wae ieu teh Aspirasi urang....sapertos hiburan kapungkur (isme)..Menuju Masyarakat Adil dan Makmur. Can it be done ? Why not ! Clean up yourselves ! --- rahmi budi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > haturan baktos, > > Ari simkuring mah saukur rahayat leutik, boro-boro > ka Jepang lah, kukituna tangtu mun simkuring bodo > katotoloyoh teh meureun, da ukur ngandelkeun hate. > Tapi ulah lepat baraya, kualatan boga keneh hate > sabage rahayat leutik, simkuring bisa ngarasakeun > kanyeri anu salila ieu karandapan kualatan leutikna > rasa kaadilan anu katarima ku hirup simkuring, > utamana kudipopohokeunana rahayat ku pamarentah anu > dikuasaan para begal kapitalis. Kukituna tangtu moal > kungsi kapikiran ku simkuring mah pikeun misahkeun > antara fungsi sosial jeung fungsi bisnis di hiji > pausahaan anu dibiayaan ku rahayat miskin, tapi kudu > ngabatikeun ka rahayt miskin, maenya PT. Pertamina > didirikeun ku rahayat (ku modal rahayat) tapi > ngabisniskeun produkna ka rahayat?, kacida jahatna > eta kaayaan teh kang. Tapi emut kang, ulah lepat, > ieu diskusi the sanes bade nylahkeun Pertamina atawa > PLN, jrrd BUMN anu diprivatisasi, tapi ti kamari oge > urang the nuju ngobrolkeun fungsi Negara anu > dijalankeun ku pamarentah > sebagai REGULATOR anu face to face jeung rahayatna > di ieu negeri > > Upami teu lepat dina sawatara e-mail kang Surtiwa > kalangkung nyerat: Pausahaan teh kudu dipisahkeun > tina fungsi sosial, saolah-olah pausahaan teh murni > saukur ngajalankeun fungsi bisnis kumaha maksudna > Kang? > > Ceuk simkuring fungsi social anu mana?, da ayeuna > teu meleg-meleg (mentah-mentah) 100% fungsi sosial > sabenerna mah saupama asset nagara anu ngawasaan > hajat hirup rahayat loba kudu dikuasa ku rahayat > ngaliwatan nagara anu dijalankeun ku pamarentah, > nyaeta pamarentah anu ngarasa boga amanah pikeun > ngokolakeun kakayaan rahayat eta pikeun karaharjaan > rahayatna. Jadi lamun BUMN saperti PLN, Pertamina, > jrrd teu meunang dikawasa ku swasta pon kitu deui > asing sabab eta pausahaan nagara the salian ti kudu > jadi pausahaan rahayat oge kudu bisa jadi penyangga > kabutuh rahayat. Wah, wah beruat pisan eta tugas the > baraya. Nya bongan saha atuh baheula didirikeun ku > perjuangan rahayat, sanes kitu baraya? > Ceuk simkuirng mah sigana eta kasauran kang Sur > teh teu benten tebih sareng karakter jahat anu > diajarkeun ku Kapitalisme, margina dina pamikiran > para kapitalis, bisnis nya bisnis teu nyaho dulur, > teu nyaho batur sangsasara, tangtu maranehna di mah > euweuh deui papatah anu ceuk urang Sunda mah: NULUNG > KANU BUTUH NALANG KANU SUSAH. > > Ayeuna mangga emutan, > Lamun Indomie rek teu boga fungsi sosial the > paling-paling ukur di-cap KIKIR, tapi manehna oge > boga alibi da cenah modal-modal aing ceuk anu bogana > teh. Tapi mun Pertamina ayeuna rek ngaleungitkeun > fungsi sosial teh tangtu teu boga alesan da memang > modalna oge ti rahayat, ngaliwatan nagara tea > apanan. > > Tah ieu pisan yeuh kang, anu ceuk Mubyarto (Guru > besar Ekonomi UGM) mah sebagai kekeliruan jeung > dosa mun memahami manusa ukur sebagai homo > ekonomikus, padahal manusa oge sabenerna mah homo > socius atawa homo moralis. Diperhatikeun ku > simkuring memang euweuh jaminan leuwih pinter > manusa, mangka leuwih bijak, jeung nyaahan ka batur, > buktina teu saeutik ari jalma-jalma jegud (borjuis) > anu ngarasa geus dingeunahkeun ku alam neoliberal > mah satuju bae pikeun ngajual nagara teh, tapi teu > saeutik baraya anu sarua miskin jeung bodo siga > simkuring oge malah aya anu ngadukung privatisasi > jeung asingisasi oge, tapi ari anu memang bodo mah > meureun rada wajar, lantaran da memang maranehna mah > meureun MASOCHIS tea, teu ngarasaeun panindasan, anu > karasana the nyaman bae, PERTAMINA anu dibiyaan ku > rahayat kudu BISNIS jeung RAHAYAT. Supaya fair?, > atawa supaya anu miskin tambah miskin?. Tah ieu > pisan panyakit anu ayeuna nyaliara dina sabagian > para paminpin jeung rahayat urang teh > baraya, nyaeta panyakit leupasna sifat nyaahan tina > jiwa manusana. Atawa ceuk istilah popular Kapitalis > mah Laissez nous faire (jangan mengganggu), leave us > alone, laisez faire, mangka timbul anu ngaranna > ekonomi individualisme. Kukituna karaos ku simkuring > jeung sabagian rahayat miskin lianna ieu kanyataan > tumiba ku akibat sabagian rahayat anu saeutik boga > akses kana pangaweruh jeung kakawasaan miboga eta > sifat goring tea, baraya. > > Ceuk Mubyarto deui, Hernando de Soto kungsi > nyebutkeun yen asset atawa hak milik nagara-nagara > berkembang teh teu bisa dimangpaatkeun alias modal > mati (dead capital), cindekna eta asset teu bisa > dijadikeun modal sosial. Sabab sektor ekonomi lemah > anu modalna teh injeuman ti koperasi, ngeclok ti > baraya, jrrd teu dianggap investasi prospektif. Ceuk > persamaan Keynesian, ekonomi makro (Y = C + I), > rahayat leutik ukur dianggap konsumsi (C), > sedengkeun investasi (I) ukur berlaku ka pengusaha > gede. Kukituna loba pisan anu gumantung pisan ka > pihak swastanisasi-knglomerasi, kaasup ngajual > pausahaan ka pihak asing. Anu kacida picilakaeunana > eta lengkah teh babarengan dilakonan ku pamarentah > urang. Antukna kaasup sagala bubuth rahayat secara > publik jadi gumantung pihak perseorangan bahkan > bangsa asing. > > Upami Kang Surtiwa ngaos Koran Kompas (Senin, 13 > Agustus 2007), tangtos bakal sadar yen liberalisasi > modal anu salami ieu diwangkongkeun ku salira, > saolah-olah ditolak meleg-meleg ku jalma pinter > samodel Joseph Stiglitz (najan manehna the can > tangtu jalma hade), ceuk manehna liberalisasi modal > lain solusi pikeun ningkatkeun pertumbuhan ekonomi > malah nyiptakeun ketidakstabilan. > > Kukituna ari simkuring mah langkung percaya ka > jalma anu kagungan logika argumentasina nyata > (praktis). Kieu bae simpelna mah Kang, salila ieu > liberalisasi modal geus dilakonan tapi anu aya malah > jiga kieu geuning. Solusi saur kang Surtiwa kedah > mangRATUS-RATUS kali lipet deui didatangkeun eta > modal luar negeri the nya kang?, ieu mah contona bae > kang, upami salira teu hilap pan saham sakira 90,64 > persen saham PT Freeport Indonesia dipiboga ku > pausahaan indukna, Freeport McMoRan Copper & Gold > Inc. Sisanya, 9,36 persen, jadi milik pamarentah > Indonesia (Kompas, Selasa, 14 Agustus 2007), tapi > anu aya rahayat Papua khususna geuning kitu > buktosna, komo deui sacara umum Indonesia mah, > kalaparan jeung kalangkaan bubutuh tetep bae geuning > jadi panyakit anu mewabah di tengah-tengan > masyarakat urang the kang. Saur akang, dina e-mail > anu parantos diserat di waktos kapengker, cenah eta > the kusabab gara-gara korupsi. Jadi saleresna > korupsi heula atawa liberalisasi heula? Pan korupsi > mah geus leuwih tiheula batan privatisasi. Lamun > enya gara-gara korupsi naha solusina kudu > privatisasi?, Jadi ayeuna simkuring rek naros, > gara-gara korupsi atawa gara-gara teu > diliberalisasi/privatisasi? Mun ceuk salira mah > domain padungdenganana, najan sabenerna terjadi > dependensi, tapi teu bisa dikait-kaitkeun kitu bae, > beda solusi anu ditawarkeunana oge rupina mah. > > Salajengna, naha leres ancurna ekonomi nagara > urang gara-gara, loba teuing campur tangan nagara > dina urusan bisnis kaasup ka pausahaan BUMN. > Cindekna kudu dileupaskeun fungsi social anu diemban > nagara melalui BUMN, ku ngaliatan dijualna asset > rakyat BANYAK ka privat/pribadi/swasta bahkan asing, > eta sanes saur salira teh? Hiji conto bae ieu mah, > saur salira keneh, ti taun 1991 PLN the teu berhasil > ngahontal target REPELITA. Ayeuna PT PLN janten PT > ti taun sabaraha nya?, teras ti iraha PErtamina > janten PT, ti iraha PT Telkom janten PT?, jrrd. > mangga emut ku salira. Najan masih keneh mungkin > pamarentah sebagai pemegang saham mayoritas oge, > perubahan status perusahaan Negara saperti Perum, > Perjan, jrrd jadi PT berarti ti berubah oge PORSI > fungsi social eta perusahaan BUMN teh, baraya. Kumha > tah saur salira. Da najan Sulastomo anu sakitu > dianggap liberalna oge, geuning manehna the sapuk > keneh pikeun ayana system ekonomi pasar social > terbuka di Indonesia (Kompas, Jumat, 26 > September 2003) > > Sakitu heula kang ah, panjang teuing nya punten > sok asa ngeunah curhat the geuningan ari jeung > baraya mah, saena mah urang ngayakeun diskusi atuh > diajar madungdeng misalkeun KOMUNITAS BARAYA SUNDA > MENYELENGGARAKAN DISKUSI PUBLIK YANG PEMBICARANYA: > FAISAL BASRI, BURHANUDDIN ABDULLAH, DSB. Atawa > diskusi umum member komunitas Baraya Sunda oge teu > nanaon meureun jigana mah Kang. > > Insya Allah kapayun disambung deui, eta oge upami > simkuring gaduh alesan kanggo Kang Surtiwa, kajabi > upami henteu, nya simkuring mah milih ganti topic > bae lah, dari pada asal komentar mah. Hatur nuhun. > > DEUKUET SILIH DEUHEUSAN, ANGGANG SILIH TEANGAN, > POEK SILIH CAANGAN, NYERI SILIH RASANAN, SAREUNDEUK > SAIGEL, SAGEUGEUT SAPIHANEAN. > > > surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sigana mah masih aya anu > percanten kana tiori > heubeul..idealis..yen sektor anu penting keur > balarea > kudu dikuasaan Nagara.....Idealna hade > pisan..prak2an > na amburadul....Kumargi tarjamah na Nagara teh > disamikeun jeung Pamarentah alias > Birokrat...padahal > Nagara teh saleresna tiasa oge anu diperankeun > Warga > === message truncated === __________________________________________________________ Yahoo! oneSearch: Finally, mobile search that gives answers, not web links. http://mobile.yahoo.com/mobileweb/onesearch?refer=1ONXIC Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed]
