Sakumaha dina serelek samemehna, waktu keur ngaluuhan seminar litbang esdm di hotel 
borobodur, di sagigireun rohangan seminar teh aya oge hajatan seminar jejer sejen. Anu 
boga hajatna (ralat anu kamari) nyaeta Universitas Jakarta. Anapaon jejer poko ieu 
seminar nyaeta (punten heunteu disundakeun): "Multicultural Education:  Revitalising 
Nationalism and the Role of Higher Education amid the Age of Globalisation". 
 
Panasaran hoyong terang naon bae jejer-jejer anu dipadungdengkeun dina seminar budaya 
di rohangan sabeulah teh. Nya pangangguran ngalongok ka hareupeun rohangan seminar (da 
asup ka rohanganna mah teu aya waktuna) dina sela-sela istirahat seminar anu wajib 
dihadiran ku si kuring. Di hareupeun rohangan seminarna, sakumaha umumna seminar 
ageung, aya "stand" pameran anu dilebetan ku rupa-rupa buku-buku anu luyu jeung jejer 
seminar, di sagigireun panitia seminar.  Buku-buku anu dijengjrengkeun dina pameran 
teh umumna ngawengku jejer-jejer: seni jeung budaya, atikan luhur, etnografi atawa 
ajen-inajen lokal/daerah, oge religiusitas anu nyoko kana budaya, pendidikan dan 
"perdamaian" dunia.
 
Buku-buku anu dijengjrengkeun dina pameran teh umumna ngawengku jejer-jejer: seni 
jeung budaya, atikan luhur, etnografi atawa ajen-inajen lokal/daerah, oge religiusitas 
anu nyoko kana budaya, pendidikan dan "perdamaian" dunia. Bati uruy bae nitenan 
judul-judul buku anu dijagragkeun di hareupeun rohangan seminar teh, hayang macaan, 
ngan orokaya, salian ti waktuna anu teu aya teh cicisna oge teu kaagehan. 
 
Ulak-ilik kana daftar rengrengan narasumber jeung moderator ieu acara seminar 
internasional, lakadalah, geuningan aya Kang Chaedar Alwasilah salaku salah saurang 
moderator dina eta acara seminar internasional, di sagigireun narasumber ti jero 
nagara urang jeung luar negri. Enya, Kang Chaedar teh geus "menginternasional" pisal 
dina jejer budaya-pendidikan-lokalitas-agama mah. Ampir dina satiap seminar penting 
ngeunaan jejer bieu anjeunna diulem, boh salaku narasumber,. moderator atawa peserta 
aktif.
 
Sakumaha tos pada uninga, Kang Chaedar teh doktor ahli atikan multikultural 
(pamianganna mah pangajaran bahasa Inggris), anjeunna ngawulang di UPI (IKIP) Bandung. 
Icikibung Kang Chaedar dina masalah-masalah kabudayaan dugi ka pucukna sawaktu 
anjeunna kapeto jadi pupuhu panitia Konferensi Internasional Budaya Sunda I (KIBS I) 
dina Taun 2000. Emut bae, guaran anjeunna dina panganteur "proceeding" KIBS 2000 
ngeunaan revitalisasi budaya. Saurna, revitalisasi teh diwangun ku tilu hal, nyaeta: 
1) ngahartikeun kalawan jero dugi ka nimbulkeun kasadaran, 2) ngarencanakeun kalawan 
sasarengan (perencanaan kolektif), jeung 3) kreativitas budaya. Jargon-jargon budaya 
Sunda seueur anu kedah direvitalisasi, ditafsir ulang, saur anjeunna, sangkan tiasa 
ngigelan jeung ngigelkeun jaman. Upamana bae, ayat "herang caina beunang laukna" teh 
kudu ditafsirulang, diantara tafsir anyarna : komunikasi anu hade.
 
Susuganan meunang makalah gratisan tina eta seminar, si kuring wawanianan ngawanohkeun 
maneh ka panitia. Nyebutkeun pagawean mah sanes ti geologi da bisi teu nyambung, tapi 
ti komunitas sunda di internet bae ngarah rada pantes. Hanjakal, teu aya makalah anu 
nyesa, tapi panitia teh nawaran CD. "Sadaya eusi makalah jeung TOR ieu seminar aya 
dina lebet CD ieu", kitu ceuk salah saurang panitia satengah promosi. Da kabita tea, 
nya ngagentosan CD sahiji, lumayan cekeng teh, keur baca-bacaeun ari salse. 
 
Karek kamari ieu aya waktu mukaan eusi CD seminar multikultural teh, geuning hade 
nakeranan. Enyaan urang jakarta mah palinteran ngararancang hiji seminar, nya pinter 
mintonkeunna, nya pinter neangan sumber biayana (diantara donatur seminar di luhur teh 
aya UNESCO). Aya kurang leuwih makalah anu dipresentasikeun dina eta seminar, kalawan 
makalah kuncina (keynot speaker) ti Siswono Yudohusodo (makalahna: "To Build the 
National Self-Reliance is a Need for Indonesia"). Kang Chaedar ku anjeun nyandak 
makalah anu dijejeran ku :"First Language-Based Multicultural Education". 
 
Sarantos parawargi, sugan pareng, keur diimeutan eusi CD ngeunaan makalah-makalah anu 
dipintonkeun dina seminar di luhur teh. Saeutikna, runtuyan judul-judulna bae mah, 
manawi aya anu peryogi, engke tiasa dikomunikasikeun deui. Kanggo saheulaanan, para 
inohong sanesna anu biantara kamari dina seminar multikultural di luhur teh, 
diantarana (sadayana diserat nami aslina bae, teu nganggo gelar): Conny R. Semiawan, 
Azyumardi Azra, Arief Rachman, Susan R. Stengel, Agus Guntoro, Cut Kamaril, 
Bustanuddin Agus, H.A.R Tilaar, John Parrish, Lexy J. Moleong, M. Yusuf, Martani, 
Martini Jamaris, Peter Englert, Rohaty Moh. Majzub, Suminto A. Sayuti, Supanggah, 
Tonny Micthener, sareng Tukiman Sayoga.
 
Cag.
 
Baktosna,
 
manAR
 
 
 
 
 
 

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate 
antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke