Kidung Parancah Neda Widi Ka Nu Agung Neda Asih Maha Suci Pangriksa Maha Kawasa Pangaping Paraji Sakti Pangruwat Karuhun Sunda Nyanggakeun ieu Pangbakti
Pangbakti Jadi Piwuruk Papagah ka Utun Injih Pibekeleun Hidep Jaga Neng Galuh Kumala Murti Nu Medal ka Panca Tengah Masing Diaping Dijaring Waluya Anu Dipundut Rahayu Nungkupan Diri Tebih Tina Duruwiksa Cageur Lahir Bageur Batin Bener Perbawa Asalna Ginuluran Asih Gusti Gusti Anu Dipituhu Kudrat-Na Hidep Ngajadi Hirup Hurip ti Anjeuna Sing Apik Metakeun Diri Di Dunya Ukur Ngumbara Poma Hilap Purwadaksi Purwa Mawa Pangaweruh Daksina di Alam Mulki Mulki teh wujudna Dunya Dunya Ageung Dunya Alit Sadaya Tunggal Mahlukna Tempat Hidep Nyiar Harti Kotektak Harti sing Luhung Karatak Harta sing Sugih Hurung Nangtung Siang Leumpang Masagi Pinuh Pangarti Resep Nulung ka Sasama Pamuntangan Kadang Wargi Yeuh Indung Tunggul Rahayu Yeuh Bapa Karamat Hurip Komara Masing Diriksa Lampah Sing Janten Wawangi Ka Bangsa tur Nagarana Pieunteungeun Seuweu Siwi Parancah Tina Pitutur Disilibkeun Dina Dangding Ku Bapa, Geulis Diriksa Dijimatan ku Hariring Ditumbal ku Ieu Tembang Diruwat Tali Paranti Dat Sifat Jirimna Sunda Bray Gelar Bumela Bangsa Kuala Lumpur, 17 September 2004 ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
