Haturan ka anu bade narikahkeun, ngeunaan lamaran ku basa Indonesia oge basa 
sunda.
Ngahaja pribados ngadamel, pedah sok seueuer anu nyuhunkeun. Mugia mangpaat, 
moal rek disuhunkeun copy rights, da pribados oge mulung ti kenca katuhu.

MENERIMA LAMARAN

Bismillahirrahmanirrahim.
Assalamu�alaikum Wr.Wb.

Puji dan syukur hanyalah milik Allah yang telah memberikan nikmat dan 
kenikmatan, hidup dan kehidupan sehingga dengan segala kasih sayangnya, kita 
dapat bertemu muka beradu pandang, bersilaturahmi  di tempat ini.

Sholawat dan salam untuk Rasulullah Muhammad SAW. yang dengan ajarannya telah 
membimbing kita bersama sehingga Insya Allah, kita semua  dapat menjalankan 
syariat Islam sesuai dengan yang menjadi tuntunannya.

Hadirin yang terhormat,

Sebagai orang yang paling tua diantara anggota keluarga, saya diminta oleh 
Bapak .......... untuk mewakili beliau menjawab apa yang dikemukakan oleh wakil 
dari rombongan Bapak ................. tadi. 

Sebenarnya Bapak .......... sendiri ingin langsung memberikan jawabannya, namun 
tiba-tiba menjadi kelu, segala yang ingin disampaikannya sulit untuk diucapkan, 
maklum menyangkut putri yang sangat dicintainya.

Sehubungan dengan hal itu, pertama-tama saya atas nama seluruh keluarga besar 
Bapak ..............., mengucapkan selamat datang di tempat kami; mohon maaf 
yang sebesar-besarnya apabila di dalam penerimaannya jauh dari apa yang 
diharapkan. Kami ingin menerima dan menghormati tamu lebih dari ini, namun apa 
daya hanya inilah yang dapat kami lakukan.

Setelah menyimak dengan seksama apa yang dikemukakan oleh wakil dari keluarga 
Bapak ................., kami dari keluarga besar Bapak ................ merasa 
terharu sekaligus gembira. 

Terharu, karena kami baru sadar bahwa putri kami yang bernama ................. 
yang telah kami didik sejak kecil, yang selama ini masih kami anggap anak-anak, 
sekarang telah berubah menjadi wanita dewasa, terbukti dengan sudah ada yang 
meminangnya. 

Gembira, karena sudah barang tentu banyak gadis yang cantik, banyak gadis yang 
pandai dengan segala kelebihan lainnya; namun ternyata putri kamilah yang 
terpilih oleh ..................... untuk kelak dijadikan pasangan hidupnya.

Karena menurut ajaran Islam, perkawinan harus mendapat ridho dari orang tuanya 
dan lamaran hanya boleh diterima apabila belum ada yang meminang sebelumnya; 
maka pertama-tama ada baiknya apabila kita bertanya kepada Bapak 
.................... sehingga jawabannya dapat kita dengar secara bersama : 
�apakah putri Bapak yang bernama ............................; sebelum 
kedatangan rombongan dari keluarga Bapak ............. ; sudah ada yang 
meminangnya? Dan apakah ridho apabila putri Bapak tersebut dipinang oleh putra 
dari keluarga Bapak ............. ?
 
(apabila sudah dijawab, ucapkan : Alhamdulillahirobbil alamin).

Selanjutnya karena perkawinan akan dilalui oleh pribadinya masing-masing, maka 
perttanyaan berikutnya kita sampaikan kepada Neng ..................: �apakah 
selama ini neng ................ belum mengikat janji dengan pria lain?    Dan 
apakah bersdia untuk dijadikan calon isteri oleh ............................

(apabila sudah dijawab, ucapkan : Alhamdulillahirobbil alamin).

Para hadirin yang terhormat,

Tadi kita semua sudah mendengar secara langsung, baik dari ayahnya maupun dari 
anaknya sendiri, bahwa mereka belum terikat janji dengan fihak yang lain dan 
menerima lamaran pertunangan dari keluarga Bapak ......................., untuk 
itu sekali lagi marilah kita ucapkan Alhamdulillahirobbil �alamin.

Akhirnya, sekali lagi saya atas nama keluarga Bapak ................ 
mengucapkan terima kasih atas kehadiran rombongan 
Bapak...........................; semoga silaturahmi yang kita laksanakan hari 
ini, pada waktunya akan dapat dilanjutkan dengan upacara pernikahan.

Billahi taufiq wal hidayah,
Wassalamu �alaikum Wr.Wb.
 
JAJAP PANGANTEN

Assalamu�alaikum Wr.Wb.

Langkung ti payun puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Allah Swt.; kalawan 
karidoanaNa urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok.

Shalawat sinareng salam, mugia katampi ku Rasulullah Muhammad SAW.anu parantos 
ngaping ngajaring ka urang sadaya ku ajaran Islam.

Salajengna pribados kalawan asmana Bapa ........... seja ngahaturkeun rewu 
nuhun laksa keti kabingahan ku panampian ti keluarga Bapa ............

Dipapag ku payung agung, disampak raray marahmay, dongkap langsung 
dilinggihkeun, tos kitu teras ditakon.

Ari anu janten pamaksadan pangna jauh dijugjug anggang diteang, leueur-leueur 
kindang iteuk teh teu aya sanes :

Anu kahiji, hoyong nyanggakeun tatali silaturahmi ti kulawarga bapa ...... ka 
kulawarga bapa ..............................

Anu kadua,   seja nohonan jangji; rehna diantawis kulawarga Bapa ....... sareng 
bapa ........ kantos pasini jangji � pasang subaya; rehna mun dugi kana 
waktosna seja ngadahupkeun pun anak wastana ................... ka ingkang 
putra wastana ....................

Ayeuna cunduk waktuna ninggang mangsana, dijajap ku ibu rama, diiring ku kadang 
warga, Bapa ......................  sakulawarga seja nyanggakeun jisim jinisna 
den ........................................ luhurna sausap rambut, handapna 
susap dampal, rambutna salambar, getihna satetes, renghapanana sadami mugia 
tiasa ditampi kangge ditikahkeun ka ingkang putra, neng ........................

Mung hanjakal nyanggakeun budak teh estu ukur nyanggakeun, teu jeungjing teu 
sandawa � henteu ngajingjing teu barangbawa atanapi estuning bulucun pisan.Eta 
oge ketang aya sakedik-kedikeun mah, tambih henteu wae. Ari kahoyong mah 
langkung ti kitu, namun sakitu kanyataanana, ieu mah tandaning rasa nyaah ti 
kulawarga Bapa ............... mugia tiasa katampi.

Sakitu nu kapihatur, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahe carek neda 
agung cukup lumur neda jembar singhaksami.

NGALAMAR

Wawakil ti pihak pameget :

Dipapag raray marahmay, dongkap langsung dilinggihkeun, tos kitu teras ditakon.

Ari anu janten pamaksadan teh, kahiji hoyong nyanggakeun tatali silaturahmi ti 
kulawarga bapa ...... ka kulawarga bapa ..............................
Mugia ku silaturahmi ieu, tiasa manjangkeun duduluran, manjangkeun umur oge 
manjangkeun kasinugrahan.

Anu kadua,   sok sanaos dibuni-buni da ebreh, teu benten ti meungpeukan 
beungeut ku saweuy, meungpeun carang ku ayakan -- ku kituna seja dikembang 
boledkeun -- dibejer beaskeun. 

Pangna jauh dijugjug anggang diteang, hujan gede papayungan, leueur-leueur 
kundang iteuk, gorek-gorek tuweuw ge ludeung; teu aya sanes : seja jajap pun 
............ putrana Bapa/Ibu ......................, anu saur ki dalang mah 
keur sedih kingkin. Mun peuting teu weleh nyaring; ti beurang ngan sumoreang. 
Cai asa tuak bari, kejo asa catang bobo. Ari anu diimpleng iwal ti malati asri 
nu ligar di pakarangan Bapak/Ibu ............................

Ku kituna manawa sugan manawi, seja kumawantun bade tumaros :�naha eta kembang 
malati teh masih keneh lening di gigirna? Teu acan aya anu iuh-iuh mayungan? 
Hartosna naha atos aya anu nyirian atanapi teu acan? atos aya anu kagungan, 
atanapi teu acan?  Saupami teu acan aya anu mundut tipayun, atanapi malang 
mulintang keneh; manawi kersa jisim jinisna; satuju ibu ramana; seja 
disuhunkeun widina kanggo dicirian ku pun .................... anu Insya Allah 
mun dugi kana waktosna seja dijadikeun prameswari batur hirupna.

Sakitu nu kapihatur, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahe carek neda 
agung cukup lumur neda jembar singhaksami.

Waleran ti pihak Isteri :

Saba�da ngadangu waleran ti pihak isteri,pihak pameget ngadugikeun :

Gunung galunggung teh ageung, nanging ageung keneh kabingah ti kulawarga 
.......... (pameget)  saba�da ngadangu karidoan galih ti kulawarga 
.........................(pihak isteri), ngawidian ingkang putra nu dicirian ku 
pun .............. (nami budak pameget) kangge diajak ngahiji tali rarabi. Atuh 
jisim � jinisna, manahoreng �batu turun keusik naek�. Sakali deui nyanggakeun 
sewu nuhun laksa keti kabingahan. Kantun ayeuna mah neda sarantos, kangge 
riungan, badanten nangtoskeun mangsana ka bale nyungcung.

Salajengna tawis nyaah ka ingkang putra ti kualawarga .......... (pihak 
pameget); aya cacandakan sakedik, ukur sabrang salayang � dongkap kacabe mah 
henteu, nyanggakeun hatur lumayan � da ari sae mah henteu.

Atuh tandaning tatali asih, mugia katampi lelepen � maksadna hoyong silih alian 
� tawis pasti bakal ngahiji.

Sakitu nu kapihatur.
Wassalamu�alaikum Wr.Wb. 

Ganjar Kurnia

------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 
Kirim email ke