Salam, Kang Oman, punten saupamina bade pesen, kedah kumaha sareng kamana ? nyuhunkeun kaweningan galih kang oman supados tiasa di benyeur beaskeun. Hatur nuhun sateuacana. Hormat sim kuring, [EMAIL PROTECTED] -----Original Message----- From: Oman Abdurahman [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Thursday, January 27, 2005 8:27 AM To: [email protected] Subject: [kisunda] Fwd: Kalender Sunda
--- In [email protected], "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Baraya, Sakedik (heulaanan, sugan pareng engke diteruskeun) kahaturkeun ngeunaan kalender Sunda tea. Sakumaha laporan Ua Sas ti payun, malem Salasa, 18 Januari 2005 (Anggara, 1 Suklapaksa/paro caang, bulan Kartika/01, Taun 1941, Saka Sunda), diayakeun "pabaruan". Ari pabaruan teh taun baruan tea, pikeun "peluncuran" kalender Sunda sakaligus ngawanohkeun ka balarea yen Sunda ngabogaan sistem kalender anu leuwih akurat. Kalender Sunda (Saka Sunda) teh asli ciptaan urang Sunda, nyatana Bah Ali tea (Ali Sastramidjaja). Satemenna, pedaran ngeunaan Saka Sunda ieu parantos sababaraha kali dipintonkeun dina panglawungan resmi (upama KIBS 2000), oge aya website-na (ti payun Kang Hasan asana kungsi posting, cobi atuh Kang dipostingkeun deui). Namung nyakitu, nyitak kalender Saka Sunda ieu nembe hasil kamari-kamari ieu ku alpukahna pantia anu dipupuhuan ku Kang Oca (Roza Mintareja), kitu oge kalawan hese beleke neangan dana, ukur bisa nyitak (edisi kahiji danget ieu) 10.000 exemplar. Nya pabaruan kamari-kamari ieu minangkana upacara "peluncuran" eta pedalan Saka Sunda. Salah sahiji kaunggulan kala ider (kalender) Sunda atawa Saka Sunda tea nyaeta presisina atawa kaakuratanana. Upama kalender sistem Masehi kudu dijangkepkeun tipa 4 taun (kajadian taun kabisat) jeung sistem Hijriah teu ajeg jumlah poena tiap bulan dina sataun (malah kalan-kalan paciweuh pisan dina nangtukeun poe, poean lebaran, upamana), Saka Sunda mah teu kitu. Dina Saka Sunda, boh anu dumasar ngiderna panonpoe (Suryakala) atawa kalaider sistem bulan (Candrakala), kaperluan pikeun ngajangkeupkeun poe teh rebuan taun. Upamana, dina sistem Candrakala, koreksi keur kalender teh unggal 2400 taun sakali. Hartina, kasalahan anu aya dina sistem kalender karek ciples sapoe dina jero 2400 taun. Apan lain kacida akuratna? Teundeun heula keur guareun ka hareup sabab bisi panjang teuing ngeunaan kumaha carana jeung kaistimewaanana ieu kalender Sunda. Ayeuna mah mugi kawidian si kuring bade "promosi" (wios da ieu mah keur nayalabarkeun salah sahiji punclut kaunggulan budaya Sunda). Mangga, ka anu peryogi kalender Sunda, di si kuring aya keneh danget ieu 10 exemplar deui (atuh kirang keneh engke bade pesen deui, enggalkeun bae da "persediaan terbatas", bayangkeun ukur nyitak 10.000 exemplar tea). Pangaos (keur pangganti) : Rp 30.000,- per exemplar (tos kalebet nyumbang Rp 5.000 keur ka kroban tsunami). Mangga, bade dilangkungan teu langkung, pas bae sakitu rido pisan. Ngan, ongkos kirim sigana kudu ditanggung ku anu mesen (Insya Alloh poesenan ti luar negeri oge bade dilayanan, bingah pisan). Keur gambaram ieu edisi ngawitan Saka Sunda: dicitak lux, 12 lambar, kertasna boh gambar jeung warnana, ageung (ukuran A2 tea). Gambar- gambarna tina budaya Sunda. Geura ieu gambar ti mimiti lambara kahiji-ka-12: Situs Gunung Padang, Cianjur; Prasasti Kawali (matriks Prabu Wastukancana), Prasasti Cibadak, Kolenjer, Aksara Sunda, Taleot Baduy, Leuit Baduy, Greater Sunda Island (peta/kar kuno), Soenda zee (peta/kar kuno), Leuweung Sancang, Makuta Binokasih (Sumedang), Batu Pangeunteungan (Astana Gede, Kawali). Sadayana dicitak lux, full colour, sareng ditambihan pedaran singkat pikeun masing-masing eta foto titinggal budaya Sunda di luhur. Baktosna, manAR --- End forwarded message --- PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. _____ Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <mailto:[EMAIL PROTECTED]> * Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of <http://docs.yahoo.com/info/terms/> Service. [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
