Teu aneh atuh upama aya pusaka Sunda di Perancis teh.
Sigana wae aya sajarah panjang hubungan Perancis jeung
Indonesia (khususna Sunda).
S.I. Peoradisastra, bapana batur kuring, boga
koleksi-koleksi buku majalah Perancis kaluaran taun 50
an, diantarana Archipel.
Atuh Mang Ayatrohaedi pakar dialektologi UI, kungsi
tolabul ilmi di Bordeaux jeung Grenoble ti taun 75
nepi ka taun 76, anu ahirna ngahasilkeun disertasi
"Bahasa Sunda di Daerah Cirebon, Sebuah kajian
Lokabasa" (1978).
Kitu oge dina hal anu jadi Dubes jeung diplomat.
Asana teh ti jaman iraha, para dubes RI di Perancis di
dominasi ku urang Sunda. Contona waktu Dubesna Dody
Tisna Amidjaja, anu diteruskeun ku Tb. Bachtiar Rivai,
jrrd. Kang ganjar tiasa langkung jentre dina perkara
ieu. Naon mangpaatna ku ayana para diplomat Sunda di
Perancis pikeun Sunda keung Kasundaan?
Hayu urang Rojong Kang Ganjar jeung baraya sanesna di
Perancis, supaya tiasa ngamaksimalkeun sumbanganana ka
Sunda jeung Kasundaan pikeun generasi ayuena jeung nu
bakal kasorang. Amien.
baktos,
mrachmatrawyani
--- Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kadang wargi,
> pribados kenging kabagjaan, rehna dipaparin foto
> copy majalah Poesaka Soenda ti ngawitan terbit dugi
> ka tilemna (Juli 1922 - Desember 1929) ti Ibu
> Vivianne Sukanda Tessier. Eusi majalah estuning
> pikaresepeun. Salian ti urang tiasa ninggali basa
> Soenda jaman harita, aya oge catetan ngeunaan
> kaulinan budak, oebar karoehoen, tembang, serat
> centini, wawacan ssjb. Upami masing-masing materi
> dikelompokkeun teras dibukukeun, sigana sae pisan.
> Hanjakal, kukasibukan pribados mah moal tiasa
> ngagawekeun. Susuganan anu sanes aya anu haat. Taya
> sanes kangge kapentingan Ki Sunda keneh wae. Hatur
> nuhun.
>
> Ganjar Kurnia
>
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Meet the all-new My Yahoo! - Try it today!
http://my.yahoo.com
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/