Pun amit tabe pun Sampurasun....

Samar : Naha enya aya agama Sunda ?
Semar : Nya aya teueu na mah kumaha nu ngarasa jeung  
  rumasa we eta mah..

Samar : Kumaha maksudna ? teu ngarti kula mah ?
Semar : Nya da ngan bakal kaharti kunu ngarti wae, da
ari nu teu ngarti mah boro-boro kaharti.. nyaho oge
boa da geus kasamaran...
Samar : Lain kitu..apanan agama mah pan ngan anu umum
aya ilahar, da nu lainna mah lain agama da kapercayaan
atau kabudayaan ?
Semar : Nu matak ayeuna mah da umumna nu enya di
lain-lain, nu lain di enya-enya, jadi nu matak sanajan
dipapaksa dienyakeun oge kalahka parasea, pada-pada
malungkir..
Samar : Saha nu malungkirna ?
Semar : heueuh eta anu nu keur barang jual...
Samar : Eta geura beuki teu ngalarti wae..maksudna nu
keur barang jual naon ?
Semar : Nya nu keur jual gelar,jabatan,
pangaruh,ngajual ayat,ngajual budaya, ngajual rahayat,
ngajual harta wanda (banda).. ah sagala we
dijarualan..
Samar : Jadi kumaha atuh kuduna ?
Semar : Moal deuk ngudukeun, moal deuk nyaram, da
sagala oge geus nyampak,ayana manusa jeung budayana
tangtuna oge jeung agamana..da moal pati-pati aya
ngarana mun euweuh barangna...
Samar : Naon atuh bedana agama jeung kapercayaan ari
kitu mah ?
Semar : Eta mah kumaha pangartian jeung pangaweruh
manusana oge gumantung kana sikepna manusa wae..deuk
anu ngabedakeun pek.. anu nyaruakeun pek,ngan ceuk
kuring mah da eta-eta keneh, nu beda mah sesebutana
we..apanan nu maseakeun teh kulantaran beda sesebutana
Samar : (ngahuleng..)
Semar : (ngahening...) sakitu wae heula tong loba
teuing sing olab..nu matak ari masalah nu kitu mah
ulah deuk openan ari teu nyaho bari teu ngarti mah,
ayeuna mah geura saliksik diri,tanya ka diri,ulah
maseakeun basa..prak we gawean ajaran naon wae nu
kaharti, ulah saukur cenah ceuk beja. lampahkeun
kurasa kamanusaan, ulah samar ka diri, sabab mun jalma
samar kana dirina tangtu moal panggih jeung gustina,
jeung deui gusti mah teu kudu diteangan teu kudu
digeroan, geus Maha Uninga Anjeuna mah..sabalikna
urang anu sok teu rumasa jeung teu nguningaan kana
kamurahan, kaasih Mantena..cag ah..

Samar : (merengut..ngahuleng..baluweng) ah kuma dewek
we.. ari kitu mah..
Semar : Nya karep..da kuring oge moal nyaram rek kitu
rek kieu oge.. kuring mah ngan saukur ngabejaan, teu
salah mun papada manusa silih asih-asah-asuh, silih
geuingkeun mah.. bisi keuna ku tsunami jeung gempa
kuring mah.. hampura baraya..ah kuring mah deuk
leumpang deui..ngajugjug pangreueruhan nu ngalagena
jeung rupa jeung wanda we...sampurasun...



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more.
http://info.mail.yahoo.com/mail_250


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke