Pun amit tabe Pun Sampurasun... Wargi-wargi hormateun sim kuring,manawi teu kaabotan,sim kuring seja ngawilujengkeun titimangsa anu ilahar masih sok dirayakeun ku sabagean urang Sunda : Wilujeng 1 Sura 1937 SS, mugia anu masih ngarayakeunana tiasa langkung ngahartoskeun makna-makna anu nyarungsum nyilib nyiloka dina sajarah titimangsa eta, kalayan di taun nu baris sumping mugia sing aya dina ginanjar kawilujengan ti Gusti Nu Maha Suci. Kalih ti kitu ka wargi-wargi sadaya anu panginten henteu miemut kana titimangsa ieu, neda sihapuntena,bok bilih aya lepat basa atanapi ngahudang komara batin, kasigeung sareng sajabina dina mangsa-mangsa kapengker, sakali deui mugia jembar sihapuntena. Rumaos sim kuring mah manusa biasa anu tinangtos teu luput tina samudaya kalepatan. Mugia urang sadaya sing dijembarkeun dina samudaya rasa sareng pikirna,sadar dina kasadaranana,tumarima dina nampi kudratna salaku manusa nu kawaris cara jeung ciri Sundana ti Mantena.Rahayu..rahayu..rahayu
pun...karsaning Gusti. "RKK" ti tutugan Gunung Ciremai __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
