************************************************
Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Haturan baraya saalam dunya saalam maya.
Mugia sakumna baraya lembur aya dina ginuluran rahmat ti mantena.
Amin!
...... geus sabulaneun sabenerna mah balik cuti teh, noong mah noong ka lembur
jeung ka warung teh, tapi da kumaha balik cuti teh langsung pakepuk di
kantor!... loba pisan hancaeun! (salah sahijina mah masalah bantuan jeung
kurban tsunami tea), komo langsung nyanghareupan rayagung kamari..... jaba ting
sariak ieu awak teh, ditambahan deui usum tiis ayeunamah alhamdulillahna dibere
hujan hampir saminggueun ..... nyaaa...jadi.......balik ti kantor teh, tara
kukulunuan heula, boh ka warung kitu deui ka lembur, nu aya mah geus beuteung
seubeuhmah langsung bae nanarik salimut bakating ku tiris na.
Mun dirasa-rasa mah, kurang pisan waktu keur cuti kamari teh...... geus teh teu
sabulan-bulan acan, eh.... baruk deui!..... ari Ki Dunungan sigana mah sono
pisan ka si kuring teh... jadi bae cuti kamari teh rarasaan mah sarua gawe-gawe
keneh.... (untung siah kuring urang sunda!! <<<----- teu nyambungnya?? bae ah
sambungkeun weee...heheheheh...)
Tadi na mah, saacan cuti geus dirarancang ti dieukeunneun keneh waktu keur
meakkeun cuti teh..... poe ieu, tanggal sakitu nganjang ka 'wa oman, ka 'wa
Sas, MJ, mpup, kang bo'im, kang toni, teh amie, pokonamah nganjang ka baraya
lembur .......poe ieu, tanggal sakieu indit ka kampus, ka Unpad, balanja,
jalan-jalan ........ poe ieu ka tanggal sakitukeun ka garut
keun....tapi....demi geus ngomong "enya" ka dunungan, jadi....nya wayahna
ningan boga kayahang teh teu salilana bisa
kacumponan..............................tapi na..................
Alhamdulillah...... heuheuy deuh!!! enya...pareng oge kuring bisa nganjang ka
'wa oman....[{(kumaha wa damang? hapunten nu kasuhun uwa, waktosna samporet
pisan kamari teh, janten teu kangtos nepangan uwa deui..... sakali deui
hapunten!!! insya alloh info-info nu sanes, nu kangtos dibadantenkeun di
rorompok uwa, insya alloh panginten dijaprikeun bae ku sim kuring dina waktos
kapayun)}].....pareng oge si kuring kukurilingan di bandung, bogor,
banten..... pareng oge papanggih jeung babaturan, guru, dulur... boh dina
dihajana boh heunteuna!!
Hasil, cuti teh sujang???..... ceuk jero hate teh!.... alhamdulillah...., mun
disebut untung rugi mah, ningan aya oge batina cuti kamari teh!.... tong
disebutkeun, lamun bisa ngumbar kasono ka barudak, dulur-dulur, indung-bapa...
komo indungna barudak mah tong ditanyakeun deui!! (heuheuheu).
Harita teh si kuring teu ngahaja nganjang ka wa deden (dulur ti gigir) anjeuna
mah disambat guru teh da embungeun, hayangna mah tukeur pikiran bae cenah. Aya
nu rada aheng ti wa deden teh... anjeuna mah apal kasundaan teh ceunah
dipaparin warta ti alam goib.... si kuring mah percaya teu percaya..... tapi
mun di cocogkeun panimu anjeunna jeung pamanggih kuring, ningan teu beda jauh
hasilna teh. Teu saeutik obrolan kasundaan jeung anjeunna teh, salah sahijina
ngaguar masalah sunda nu aya di panca buana tengah, nepi keun anjeunna
ngawanohkeun saha ari dalem bandung teh nu disebut sunan ambu sunan bandung?
Saacan balik teh, si kuring dipaparin sababaraha buku keur dipotokopikeunneun,
salah sahijina buku kaislaman dina basa sunda, nu cenah ceuk anjeuna eta buku
teh tingkesan ti layang muslimin-muslimat jeung sasauran susuhunan gunung jati.
Mun ditilik-tilik mah buku eta teh sigana keur jalma nu keur ngaji elmu
hakekat. Teu pira si buku teh ngeun 39 kaca, tapi si kuring teh diomat-omat
pisan ku wa deden, cenah....ulah sabaca-bacana maca eta buku teh, kudu
dilenyepan ku uteuk tugna ka qolbu. Si kuring oge ngahanca sa kaca teh teu bisa
ningan kana sapoe dua poekeunneun.
Ti layang muslimin-muslimat jeung sasauran susuhunan gunung jati, si buku teh
di judulan BUKU KASEPUHAN, dipeureut jadi 39 kaca teh ku yasana alm. Rd.
Tirtakusuma nu ditungtaskeun ping 25 januari 1946.
Ke lah sugan aya waktu, urang "scan" terus dikirimkeun ka lembur,
diaduronyemkeun, sugan bae aya mangfaatna????.....enya kitu oge mun di idinan
ku Ki Kuncen jeung baraya lembur.Kitu sanes Ki??
Sakitu heulaanan siganamah baraya, ke mun pareng urang teruskeun deui.
Wassalam,
-pun adi-
********************************************
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/