--Waalaikumsalam ..,Haturan Kang Ganajar,
Kang upami ieut teh kalebetna, jajampean, jangjawokan atanapi do'a.....? Baktos Asep-Oeking-Fl In [email protected], Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalamu'alaikum Wr.Wb. > > Kangge pangaweruh umum, kasanggakeun Adat Kapapatenan di Conggeang, dicutat tina Poesaka Soenda Nomer 6 -- Desember -- 1923. > > > ................................................................... ........ > ................................................................... ........ > Ieu dihandap diserat, kenging nyutat tina buku panglayang Bat.'Gen (duka naon tah? -- pen), karangan Rad. Karta Winata Djoeragan Patih Soekabumi marhum (nalika nyepeng damel di Sumedang), bab adat kapapatenan orang desa Bengang, Kacamatan Buah-dua distrik Conggeang, apdeling Sumedang. > Adat ieu teh ancal-ancalan ayana, ngan kari jelema anu acan sakumaha kapanjingan agama Islam ba�, nya �ta di anu ngukuhan k�n�h bubuhunan, kitu og� dina pok-pokokanana mah geus r�a lambonana (Naon pihartoseunana nya? � pen), campur Sunda, Arab jeung Jawa. > > Anu r�k maot keur ngahanju r�k ngaleupaskeun nyawa, lain didikiran atawa dipangajikeun, tapi dikawihan laguna geus ngabaku cara kawih pantun atawa cara lagu rongg�ng. Kieu pok-pokan kawihna : > > Tobat Allah > Eling-eling kai jisim > Bubuhan ku kakolotan > Tumurub cahyaning Allah > Tobat Allah Wali yullah > Tobat Allah Tuwan Tuban > Nya Tuan Pangeran Isun > Mikalulu sipat wolu > Dikamudi iman tohid > Dibosehan ku maripat > Tihang layar pancer iman > Sukma mulih badan pulang > Nya mulang ti alam dunya > Nya mulih ti dalem bumi > Kulincer di lemah suci > Datangna ka rahmat tullah > Lantas ka jati sampurna > Ya hu, Ya Allah, Ya hu, Ya Allah > ................................................................... .................... > Dikawihan nepi ka lastarina; Sanggeus les kakara eureun sarta mayit dirurub. Dina nyiramanana og� aya anu kudu dipapatkeun, kieu pok-pokanana: > > Sang Ratu Pangeran Hantarum > Sang Ratu Nur Gaib > Dat ing iman, rat ing iman > M�h mat, Sah mat, Dat Mat > Ret les kang pasti > ....................................................... > > Babakuna anu ngurusna kudu dukun, sarta sanggeus mayit disiraman bul ki dukun ngukus, bari teu tinggal ti jampe, kie pokna: > > Boel kukus ka nu Agung > Ka nu wugas ka nu ligas > Pangdatangkeun pangdongkapkeun > Ka nagara Tunjung sampurna > Badan sampurna, Sri Tunggal sampurna > Serahkeun ka Malaikat Incer putih > ............................................................. ..... > > Sanggeus tamat, ki dukun ngaharewos ditompokeun kana ceuli mayit, pokna : > > Elaj �elaj, Las �les > Tes putih, tes herang, pulang ka nagara musna > > Sanggeus tartib jung mayit dipindahkeun ka tengah imah atawa ka tepas anu akira lalega tempatna, lain rek disalatkeun. > Tidinya jol aw�w�-aw�w� anu geus tarabah kana kawih ngariung ngalingkung mayit, ari Ki Dukun di siraheunana, ngong deui ngawih bareng sar�r�a, lagu papantunan atawa lagu rongg�ng t�a. Kieu minangka babacaanana: > > Eling-eling astagah firulah haladim > Astagah firulah haladim > Astagah firulah haladim > Kang latip kabur ka alus > Manurun manuk manurun > Nitih lawang sawerega > Jabarail lagi nangis > Parahu pakuning layar > Juru batu iman tilu > Juru mudi iman tohid > Dibo�han ku maripat > Luk ngaku badan mulia > Mulia badan sampurna > Mulia ku panarima > Astagah firulah haladim > Astagah firulah haladim > Astagah firulah haladim > > Mayit digotong ka kubur. Eta aw�w�aw�w� jeung anu tadi ngawih tea, milu ngiringkeun ka kubur, bari teu r�p�h ngawih bareng sar�r�a cara tadi, minangka ngadikirinana. > Sanggeus r�ngs� ngurebkeun, boel ki dukun ngukus, sarta bari mapatkeun jamp�, kieu jamp�na: > ............................................................. > Manik soemilar ngaran menyan putih > Kukus putih asup ka cahaya putih > Nyanggakeun sangu putih sapulukan kasi ...................... > Tarima jeung panarima, suka suci mulia badan sampurna > ............................................................. ............................. > > > > Sanggeus ngukus ku menyan; tuluy dibanjur ku cai, tuluy ku tipung par�, kie pok-pokanana: > > Isun kongkon ka malaikat Jabaniah > Pangdatangkeun tipung tawar, > Crih putih mulet, mulia rasa, rasa rasul, Rasul lulah > ............................................................. ....................... > > Sakumaha biasa astanana sok tuluy dibanjur ku cai, eta g� nya kitu, ngan bari dijamp�an, kieu jamp�na. > > Banyu suka banyu suci > Suka suci, mulia basan sampurna > ..................................................... > > Wur kembang kieu babacaana: > > Kembang sekar, bunga kembang, susumping� Baginda Sir, pasihan Nabi. > > Tidinya nemb� bubar > > > Sumedang Oktober 1887 > > > > > Ganjar Kurnia PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
