Sae teh....!, reueus ari kitu mah, nyarios sunda janten 
banggga......mung, anu janten hariwang di urang sorangan, 
sumuhun di lembur sapertos, di bojong soang, di ciseeng, 
di cibolenang, cijambe....duka aya teu nami lembur eta 
...? tos teu bangga, malih kampungan...tah kumaha upami 
tos kitu...?
Upami teh Nenny mulih ka lembur, candak tah bule....sina 
nyarios sunda, komo nu lemes, sumuhun supados 
hareraneun...geuning nyarios basa sunda teh jadi kabangaan
bangsa dengeun....he he..
Cah..ah

teh tien
( ti semes ayeuna ulah kaluar saeutik ge, basa dengen ... 
urang ngamumule basa sorangan, kitunya bah..!! )



On Sun, 20 Feb 2005 08:35:21 -0800 (PST)
  nenny yunus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> sampurasun abah abdi ngacung yeuh, malahan abdimah 
>bapana barudak sanes US oge bahasa sadidintenmah sunda 
>teras mitoha sareng lanceuk beuteung oge sapamadegan 
>sareng anjeuna sunda eta endah, oge barudak sunda, tos 
>puguh ari pun biang sareng pun bapamah.
> 
> di babakan houston US anu sok ulubiung, tepang sareng 
>abdi tos pasti nganggo basa US, boh anu kasar boh anu 
>loma, boh anu lemes pokonamah sunda itu biasa alah bisa 
>karena biasa eta anu gengsian mah jigana gumede/ gumasep 
>lah abah, tong eleh ku kang bule atuh eceu, akang. ayi, 
>eteh.... ari akang bule mani ti hog hag hoyang nyarios 
>pasih malah diajar mamaos sagala, na atuh urang pira 
>tinggal prak....... mangga tong salempang kampunganmah 
>saur saha.
> 
> mmh abah tetarerangeun panginten di jepang mah basa 
>sunda teh tos mkdu ( mata pelajaran dasar ) di salah 
>sahij univ di jepun, oge di houston, kapi lanceuk upami 
>maparin kurses ka urang amrik anu bade tugas di indonesia 
>pasti bahasa kaduana bahasa sunda saatos bahasa 
>indonesia, sanajan anjeuna lulusan ti univ francis tah, 
>teu ieuh teung gumede.
> 
> bahasa sunda mah pangalaman abdi basa di lembur batur 
>nagara batur alewoh nyarios sareng anu nembe pendak di 
>bandara nagara deungeun, bahasa sunda na atuh ari jul jol 
>teh nyalampeurkeun anu tariasa basa urang, aya ti india, 
>aya ti pakistan, saur anjeuna cenah/ sunda teh tos 
>katuang sareng bojo2na ti ptp Xlll, 13 taun di jawa 
>barat, pendak di LN
> sareng abdi atuh der... pancakaki .
> 
> kitu oge jaman budak nuju aya jamborre asia fasifik 
>tatangga capling tenda teh, sareng bangsa deungeun, hanas 
>sagala kamonesan bahasa deungeun di tembrakeun satiasa - 
>satiasa, sing horeng aranjeunamah kalah nyarios kieu... 
>abah,
> " ...Punten abdi teh ka urang bandung teh bade nambut 
>ragaji ,,,,",Atuh abdi teh hoyong nyakuan raray tah 
>harita kaisinan, jaba tos ngomongkeun si eteh sareng kang 
>ule na.
> Tah na teu era kitu us ku batur ?
> atuh nepi ka ayeuna jadi sobat tah, sunda bae ari pendak 
>teh sanajan manehna bule kuring mehong oge . kitu abah
> 
> keuheul abdimah kanu sok gengsian ngamumule basa 
>sorangan teh.
> 
> baktos
> nenny
>    
> 
> Joe Ragan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> majarkeun basa sundateh disebutna 
> kampungan....,upami ayeuna masih keneh, kitu..???
> =============
> 
> Tah patarosan nu diluhur ku Abah dijawab ku patarosan 
>deui:
> 
> Tina anggota milis ieu anu jumlahna 380, cobi ngacung 
>anu nganggo basa Sunda sadidinten di bumi. Boh sareng 
>batur hirup atanapi sareng para putra ?
> 
> Tah upami sahandapeun 50%, patarosan Ncep Asep...nya 
>ayeuna masih keneh kitu, boa engke kapayun oge.
> 
> Tah upami langkung 50%, .. tah ABG teh bakal ngarasa 
>henteu kampungan mun nganggo basa Sunda teh.
> 
> Sagala rupi oge dimimitian di bumi salira. Apan budak 
>mah ti umur 2 tahun dugi ka 10-12 tahun, nyonto ka Ibu 
>Ramana.
> 
> Upami urang sarera ngaraos yen hirup didunya teh aya 
>"misi", tah salah sahiji misi urang teh, ngadidik para 
>putra dimimitian ku diajar basa Sunda nu sae. Ngarah eta 
>budak ulah epes meer,pundungan. jeung rea rea deui 
>ka-negatipan US. Diajar wani mun dina jalan kabeneran. 
>Diajar wani ngaluarkeun eusi pikiran. Urangna kedah tiasa 
>ngajelaskeun kana hiji parsoalan. Sing arang ngaggo kecap 
>"pamali". Urangna kudu diajar daek narima kaayaan, mun 
>teu terang nya terus terang wae urangna.....diplomasi.. " 
>Ke Bapa/Ema hilap deui kana eta parsoalan, arek 
>ngaemut-emut heula jawabanna. Pan Bapa/Ema geus sakieu 
>taun kaluar ti SMA teh ".
> 
> Nya geuning urang urang keneh wae nu jadi Bapa atawa Ema 
>nu ngajadikeun "persoalan" naon wae jang barudak urang 
>teh, boh sae atanapi awon. Teu tebih- tebih , nya.
> Ulah getol ngan "nyitak-na" wungkul. Mun tos brol kedah 
>"dicetak" oge supados jadi manusa nu boga "misi" jang 
>naon hirup didunya teh.(Eta we pedah ceuk Teh Tien, 
>anggota milis ieu seuseurna dihandapeun 30-han, keur 
>meujeuhna getol-getolna!).
> 
> Abah Joe.
> Nu hiji-hijib=na anggota milis sahandapeun......... 70- 
>( Sahandapeun 70 ..tiasa 40 ,nya heh..he. seuri bari 
>nembongkeun waos ompong. acan ari pipi kariput mah ).
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
> 
> 
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada 
>seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan 
>dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, 
>dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 

========================================================================================
Akses Internet TELKOMNet-Instan beri Diskon s.d. 50 % khusus untuk wilayah Jawa 
Timur.
Informasi selengkapnya di www.telkomnetinstan.com atau hub 0800-1-INSTAN 
(467826)
========================================================================================
 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke