Haturan Kang Ganjar, oge Kang Eddy anu mitembeyan ieu jejer dugi ka kalaluar 
peperenian-peperenian anu sararae ti para wargi sadaya ngeunaan hal anau pakait 
sareng "dintenan kapendak jawabna" tea.
 
Sapuk pisan kana judul rumpaka salira. Luyu sareng kasauran Syaidina Ali kw, 
dina runtuyan kalimah endah (kalimah ringkes tapi leubeut eusina), ngeunaan 
hal-hal anu saageung-ageungna dina kahirupan ieu ti anjeunna. 
"Saageung-ageungna rusiah teh eta maot", saurna. Rupina, kulantaran dina waktos 
maot eta, sababaraha hal atawa sagemblengna naon anu jadi patarosan anu harirup 
salami ieu baris kapendak.
 
Anu janten kamelang urang sadaya teh pakait sareng salah sawios kalimah dina 
hiji do'a ti salah saurang ahli hikmah. Do'a anu diturunkeun tina pangaweruh 
ngeunaan kahirupan saba'da maot. Numutkeun eta do'a, urang peryogi oge neneda 
ka anu Maha Kawasa sangkan maot urang teh janten istirahat tina laku dosa. 
Paralun, sigana keur sabagean jelema (langkung hariwang upama keur sabagean 
ageung golongan manusa), maot teh heunteu ngahulag tina laku dosa. Tegesna, 
saparantos maot, kulantaran seueur keneh kapanasaran nalika hirup di dunya, si 
roh teh marakayangan janten panggoda atawa "spirit" anu ngadorong manusa-manusa 
anu kaeunteupanana migawean laku dosa.
 
Ngeunaan ayana (peta) arwah anu tetep marakayangan sarupi kitu teh sigana 
kalebet kapercantenan anu universal oge. Dina lalakon pawayangan, Ramayana, anu 
kawentar tea geuningan, pamustungan lalakon manehna teh sarupi kitu. Rahwana 
anu teu hese maot kulantaran ngagem ajian Rawarontek tea tutup lalakonna ku 
cara digencet awakna ku dua gunung (anu ngarupakeun jelmaan ti ua putrana anu 
ditandasa ku manehna), ngarikeun hulu manehna bae anu ceuceuleugan bari tina 
bahamna kaluar hawa panas. Hawa anu mangaruhan ka sing saha bae anu aya niat 
goreng jadi kajurung gilig prak ngalakukeun kagorengan. Ampun paralun, mugia 
urang sadaya disinglar tina kaeunteupan arwah atawa hawa panas tur goreng 
sarupi kitu.
 
Rupina, salah sawios hikmah tina pangajaran "diajar paeh" ti Kang Eddy sareng 
ti salira teh teu aya sanes, kumaha sangkan urang salamina tiasa ngaberesihan 
diri, hirup salamina qona'ah tea. Nyaeta, laku hirup heunteu patos seueur 
kapanasaran kana hal-hal duniawiah anu ngabalukarkeun roh urang teh tetep 
marakayangan sok sanaos tos waktosna keda istirahat (tina hal-hal sarupi kitu) 
alias maot anu satemenna kumaha anu maot. Naha ieu kalebet kana salah sahiji 
buah tina filsafat kasundaan? Teu langkung, mangga nyanggakeun bae.
 
Hapunten, seueur lepatna mah tinangtangtu, kasebatna oge ti jalmi anu heunteu 
acan maot alias nuju diajar.
 
Baktosna,
manAR
 
 
 



Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sim kuring sok rajeun curat-coret nyieun rumpaka -- diantawisna aya anu 
patula-patali sareng maot, anu kaleresan ayeuna tos mangrupa lagu, sanggian 
Kang Ubun Kubarsyah. Dijudulan Mangsa Kapendak Jawabna atawa Malakal Maot.


Mangsa Kapendak Jawabna 
Ku : Ganjar Kurnia


Naon nu dirasa ku jasad
Mangsa malakal maot, 
Misahkeun nyawa tina raga

Tungtunan kecap toyyibah 
Anak, incu, kulawarga
Teuteup kosong, giler soca, keclak cimata
Sakapeung dibarung imut
Sakapeung bangun muringis
Ditutup ku sora nyekleuk
Kaahengan nu teu bisa kajawab:
Kumaha rasana sakarat

Gusti,
Mun dugi kana waktosna
Dalah mo tiasa kumaha
Nyanggakeun sadaya-daya 
Nyawa kagungan Salira

Gusti,
Mangsa kapendak jawabna
Kuring taya dikieuna.


Cigadung, 07/05/2002

>
>
>
>            
>__________________________________ 
>Do you Yahoo!? 
>Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. 
>http://promotions.yahoo.com/new_mail
>
>
>PENTING..!
>
>attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
>dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
>pencabutan membership.
>
>terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
>mengupdate antivirusnya.
> 
>Yahoo! Groups Links
>
>
>
> 
>
>
>
>
Ganjar Kurnia



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.



Yahoo! Groups Sponsor 
Get unlimited calls to

U.S./Canada


---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
  
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
  
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke