> > > > > > > Sampurasuuuun Baraya...,
Ngobrolkeun perkawis Paeh atanapi Maot tea, Sim kuring janten emut kana pangalaman sim kuring anu tiasa disebutkeun aheng, mahiwal atanapi naon bae ..., Jajauheun Sim kuring tingawitan sakola SD dugi Ka Kuliah, pernah neuleuman kahirupan alam anu geus maraot tug nepi ka ngalaman papanggih jeung anu tos Tilar. I. Dina hiji waktu pun Biang katalatahan ngaliwatan ngimpi dina hiji peuting, yen anu namina Eyang Jayaperkosa dongkap kana ngimpi anu maksudnamah ngalayad ka incu putuna cenah, bari jeung hayang ngajak ngobrol bae cenah.., eta obrolan teh di tungtungan ku pamenta, hayang dilongokan sarakannana...ku incu putu, naha ari batur juljol pada manggihan ari turunan sorangan tara aya anu datang, sakitu obrolan pamungkas teh ti anjeuna...., ti poe kapoe, minggu kaminggu, bulan ka bulan, eta obrolan pamenta teh nyangsang dina pikiran anu nangtang lengkah pikeun ngudag jawaban. Anu antukna Sim kuring teh nekadkeun hate rek manggihan kasarakan Eyang Prabu Jaya Perkosa di Dayeuh Luhur Sumedang. Kira-kira pasosore kuring teh nepi ka nu dimaksud, malihanmah tatanya da rea jalma anu maksudna teuing bade naraon, haritateh tatanya naha dimana ari sarakan Eyang Jayaperkosa, atuh gening teu bireuk deui gening da tos pada terang, nya aya anu nuduhkeun bari nganteur pisan katempatna, duka sabaraha puluh cece anu dilengkahan da meni ngahegak haritateh, barang dugi teh parantos waktuna Magrib nya kuring nyubanan Magrib heula di tajug leutik, ti Magrib liwat isya, ti isya liwat tengah peuting, gening loba jalma anu keur tahlilan, aya oge anu maca yasin, rupa2 tingkah jalma haritateh,ari kuring mah ngalakukeun zikir bae bari ngagereneng jeroning ati menta pangampura ti Mantena bisi kuring kasasar jalan, teu aya niat anu lian, lamun enyamah kuring teh aya turunan ti dieu, nya hayang teh dipanggihkeun bae, hayang bisa ningali sabeuleugeunjeurna boh dedeganana atanapi rupana anu kasebat Eyang Jayaperkosa teh, tah anu kadua nya hayang ngobrol bae silaturahmi lamun benermah kuring aya turunan ti dieu. Kira-kira jam satengah dua leuwih saeutik, kuring teh masih ngalakukeun zikir, duka bakateuing kuhusu atawa kasibat atawa naon kasebutna rarasaan teh asa pindah ka alam sakulit bawang, nya dina danget harita pisan kuring teh bisa ningali dedeg adeg, kalawan rupana anu ngakukeun Jaya Perkosa tea, nya tidinya Anjeuna ngajak ngobrol jeung mamatahan ka Kuring,( nya Obrolanana mah moal di buka didieu bilih teu aya widi ti anjeuna)ngan anu pastimah kabeh kapanasaran kuring/paniatan kuring geus kajawab kabeh. II). Kuring dibejaan ku nu jadi Bapa, yen kuring teh aya reh rehan ti Garut oge, dugi ka ku kuring di udag naha bener henteuna. Nya aya hiji sepuh kabeneran rayina pun uyut KI Asmita(ayeuna tos almarhum) anu ngabukakeun lawang runtuyan ti sepuh-sepuh pun aki, nya dugi ka ngobrol perkawis maot tea...,anu antukna kuring nepi kana obrolan menta bukti lamun memang anu maot tiasa di ajak ngobrol, nya harita pisan di buktikeun, malihanmah Anjeuna miwarang tirakat supados tiasa nganjang ka alam kadua anu dadasarna tina Syahadat,tug dugi ka ayeuna si kuring mun aya karerepet sok ngangkir ngajak ngobrol pun aki sabada sholat tahajud sanaos di Florida, da kitu ikrarna gening saur rayina pu uyut oge yen luluhur karuhun si kuring bakal datang ngajaga ngajaring turunanana upama aya dina karerepet, duka dugi kasabara turunan tah.....cag sakieu bae heula dongeng pangalamanana..........Nyuhunkeun di hapunten bilih aya luhur bahe carekna, sanes bade ujug riya atanapi maksad anu teu uni, estuning hoyong ngabagi obrolan luang sareng pangalaman sabisa-bisa Ka Baraya kubasa kuring sorangan, etamah teu langkung bade percanten mangga, bade henteu oge mangga..., atuh sakirang-kirangna nya aya bahan pikeun obroleun sanajan ngaler ngidul.... he...he.. Kum Baraya.... Baktos Asep Oeking-FL > > > > > > > > > >__________________________________ > >Do you Yahoo!? > >Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. > >http://promotions.yahoo.com/new_mail > > > > > >PENTING..! > > > >attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > > >dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. > > > >terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. > > > >Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > > > > > > > > > Ganjar Kurnia > > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. > > > > Yahoo! Groups Sponsor > Get unlimited calls to > > U.S./Canada > > > --------------------------------- > Yahoo! Groups Links > > To visit your group on the web, go to: > http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ > > To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > > Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. > > > > --------------------------------- > Do you Yahoo!? > Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more. > > [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
