Haturan ka akang sadaya sim kuring bade ulubiung sareng bade ngabandungan mung 
bade sakeudik nambihan nu ku sim kuring kauninga dina hal perkawis nu di 
dongengkeun ku Kang Uking.
 
Perkawis hal sarupaning kaahengan-kaahengan metafisik naha jarang atanapi 
heunteu seuer nu ngadungdengkeun sanes teu pada uninga, mung kapungkur mah aya 
kecap pamali nu dijaman kiwari kubarudak sok di eahkeun, sareng nu dina hal ieu 
teh teu tiasa diobrolkeun kasaha wae, manawi akang sadaya pada-pada gaduh 
patarosan naha bet teu menang diobrolkeun kasaha wae. Hal ieu urang sadaya 
kedah ninggal kana barudak ayeuna nu teu percaya kana naon-naon nu teu katepi 
ku akalna, sedengkeun perkawis ieu urang pada uninga aya dina dalilna upami teu 
lepat " Dzalika a'limuulghoibi waashahadatil a'jiijurrohiimu " nu terjemaah 
sundana : Saestuna mungguhing Allah nu uninga kana perkara Ghoib, Anjeuna 
numaha gagah tur numaha welas". Hapunteun saupamina aya nu lepat tina seratan 
laten Al-Quran sareng terjemaahanna.
Sakali deui sanes bade masihan uninga kana nu langkung uninga, sakali deui 
hapunteun nu kasuhun jembar manah nu di teda.
 
 
Baktos,
 
 
sulkan
 
 
-----Original Message-----
From: dudi [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, February 23, 2005 3:55 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Naha Enya, lamun Paeh Masih bisa pakait jeung Kahirupan. 
Di dunya......
 
Haturan Kang Uking di Florida...,
Sok sanaos si kuring mah teu acan ngudag anu eta, tapi kuring ge percanten 
(haqqul yakin) yen Kang Uking nyarios kitu teh sanes carios fiktif komo deui 
bohong mah. Hapunten si kuring sanes teu resep kana dongeng aheng sapertos anu 
kaalaman ku Akang tapi si kuring mah keur dibebas tugaskeun sugan? malah 
hayangna ngabetem baelah. 
Sakali deui hapunten baraya...!

Mangga lajeng dongeng ahengna anu kaalam ku salira teh Kang, ku margi si kuring 
mah yakin pisan ayana jeung deuih pan aya pamundut ti Kang Nasir perkawis 
metafik sunda. Kang Nasir, naon-naon anu kaalam ku Kang Uking aya oge urang 
sunda sanesna anu ngalaman mung rada jarang sareng henteu terexpose, seueur 
faktor kunaon hal ieu henteu dipublis, duka ka payun mah. Anu ka alaman ku Kang 
Uking pangemut sim kuring mah kalebet inti spritual/metafisik kasundaan, benten 
pisan sareng kakuatan magis sapertos anu sering dipidang dina hiburan, sulap, 
debus jrrd. 

Mangga lajengkeun cariosna Kang Uking, si kuring ngiring ngaregepkeun...... 

Wassalam,
dudi_ss


----- Original Message ----- 
  From: Asep Dedi Suhendra 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, February 23, 2005 1:48 PM
  Subject: [kisunda] Naha Enya, lamun Paeh Masih bisa pakait jeung Kahirupan. 
Di dunya...... 
  > 
  > Sampurasuuuun Baraya...,

  Ngobrolkeun perkawis Paeh atanapi Maot tea, Sim kuring janten emut 
  kana pangalaman sim kuring anu tiasa disebutkeun aheng, mahiwal 
  atanapi naon bae ...,

  Jajauheun Sim kuring tingawitan sakola SD dugi Ka Kuliah, pernah 
  neuleuman kahirupan alam anu geus maraot tug nepi ka ngalaman 
  papanggih jeung anu tos Tilar.

  I.  Dina hiji waktu pun Biang katalatahan ngaliwatan ngimpi dina 
  hiji peuting, yen  anu namina Eyang Jayaperkosa dongkap kana ngimpi 
  anu maksudnamah ngalayad ka incu putuna cenah, bari jeung hayang 
  ngajak ngobrol bae cenah.., eta obrolan teh di tungtungan ku 
  pamenta, hayang dilongokan sarakannana...ku incu putu, naha ari 
  batur juljol pada manggihan ari turunan sorangan tara aya anu 
  datang, sakitu obrolan pamungkas teh ti anjeuna....,

  ti poe kapoe, minggu kaminggu, bulan ka bulan, eta obrolan pamenta 
  teh nyangsang dina pikiran anu nangtang lengkah pikeun ngudag 
  jawaban. Anu antukna Sim kuring teh nekadkeun hate rek manggihan 
  kasarakan Eyang Prabu Jaya Perkosa di Dayeuh Luhur Sumedang.

  Kira-kira pasosore kuring teh nepi ka nu dimaksud, malihanmah 
  tatanya da rea jalma anu maksudna teuing bade naraon, haritateh 
  tatanya naha dimana ari sarakan Eyang Jayaperkosa, atuh gening teu 
  bireuk deui gening da tos pada terang, nya aya anu nuduhkeun bari 
  nganteur pisan katempatna, duka sabaraha puluh cece anu dilengkahan 
  da meni ngahegak haritateh, barang dugi teh parantos waktuna Magrib 
  nya kuring nyubanan Magrib heula di tajug leutik, ti Magrib liwat 
  isya, ti isya liwat tengah peuting, gening loba jalma anu keur 
  tahlilan, aya oge anu maca yasin, rupa2 tingkah jalma haritateh,ari 
  kuring mah ngalakukeun zikir bae bari ngagereneng jeroning ati menta 
  pangampura ti Mantena bisi kuring kasasar jalan, teu aya niat anu 
  lian, lamun enyamah kuring teh aya turunan ti dieu, nya hayang teh 
  dipanggihkeun bae, hayang bisa ningali sabeuleugeunjeurna boh 
  dedeganana atanapi rupana anu kasebat Eyang Jayaperkosa teh, tah anu 
  kadua nya hayang ngobrol bae silaturahmi lamun benermah kuring aya 
  turunan ti dieu.

  Kira-kira jam satengah dua leuwih saeutik, kuring teh masih 
  ngalakukeun zikir, duka bakateuing kuhusu atawa kasibat atawa naon 
  kasebutna rarasaan teh asa pindah ka alam sakulit bawang, nya dina 
  danget harita pisan kuring teh bisa ningali dedeg adeg, kalawan 
  rupana anu ngakukeun Jaya Perkosa tea, nya tidinya Anjeuna ngajak 
  ngobrol jeung mamatahan ka Kuring,( nya Obrolanana mah moal di buka 
  didieu bilih teu aya widi ti anjeuna)ngan anu pastimah kabeh 
  kapanasaran kuring/paniatan kuring geus kajawab kabeh.

  II). Kuring dibejaan ku nu jadi Bapa, yen kuring teh aya reh rehan 
  ti Garut oge, dugi ka ku kuring di udag naha bener henteuna. Nya aya 
  hiji sepuh kabeneran rayina pun uyut KI Asmita(ayeuna tos almarhum) 
  anu ngabukakeun lawang runtuyan ti sepuh-sepuh pun aki, nya dugi ka 
  ngobrol perkawis maot tea...,anu antukna kuring nepi kana obrolan 
  menta bukti lamun memang anu maot tiasa di  ajak ngobrol, nya harita 
  pisan di buktikeun, malihanmah Anjeuna miwarang tirakat supados 
  tiasa nganjang ka alam kadua anu dadasarna tina Syahadat,tug dugi ka 
  ayeuna si kuring mun aya karerepet sok ngangkir  ngajak ngobrol pun 
  aki sabada sholat tahajud sanaos di Florida, da kitu ikrarna gening 
  saur rayina pu uyut oge yen luluhur karuhun si kuring bakal datang 
  ngajaga ngajaring turunanana upama aya dina karerepet, duka dugi 
  kasabara turunan tah.....cag sakieu bae heula dongeng 
  pangalamanana..........Nyuhunkeun di hapunten bilih aya luhur bahe 
  carekna, sanes bade ujug riya  atanapi maksad anu teu uni, estuning 
  hoyong ngabagi obrolan luang sareng pangalaman sabisa-bisa Ka Baraya 
  kubasa kuring sorangan, etamah teu langkung bade percanten mangga, 
  bade henteu oge mangga..., atuh sakirang-kirangna nya aya bahan 
  pikeun obroleun sanajan ngaler ngidul.... he...he..

  Kum Baraya.... 


  Baktos


  Asep Oeking-FL




[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.




  _____  

Yahoo! Groups Links
*         To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
  
*         To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED] <mailto:[EMAIL PROTECTED]> 
  
*         Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
<http://docs.yahoo.com/info/terms/>  Service. 


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke