Rumasa can ngajaran pagilinggisik atawa sosobatan lila jeung urang minang, jadi heunteu pati aya anu bisa dicaritakeun. Kituna teh meureun pedah rada taki-taki da kabejaan ku ki lanceuk: "ulah deukeut teuing jeung urang minang, lalicik", saurna. Tapi da teu kitu sadayana geuningan. Ieu mah anu kaalaman bae. Aranjeunna teh saklek, kuat usahana, jeung saroson-soson. Waktu ditanyakeun ka hiji pangagung pamarentahan Sumbar basa keur pareng laha-loho kadinesan ka Padang, kunaon loba urang minang anu muka warung nasi? Waleranana teh yen urang minang mah boga prinsip ngumbara teh keur nyiar sahuapeun sangu (mencari sesuap nasi). Kukituna, lamun muka rumah makan teh minimal sahuap kejo mah geus na leungeun, unggal poe. Atuh aya leuwihna, tepi ka saboboko, nya eta mah kauntunganana (numatak merekis bae pesakna teh, sanes kitu Kang Hendra (Kamurer)?). Tapi basa keur kuliah, kasaksian oge ketang urang minang anu pangedulan. Ngan nyakitu, omongna maha tetep bae gede. Lebah jadi pangurus masjid, enya nyakseni pisan. Ampir-ampir sadaya masjid gede anu nanjeur kagiatanana mah nya anu diurus ku urang awak. Ngan nyaeta, heunteu saeutik, ceuk titingalian mah, anu jumud dina "kamoderenana". Kungsi kaalaman kanyaah ti salah sahiji pangurus masjid urang awak, tapi nyakitu, rada heran oge ku antengna dina khutbah-khutbahna anu kitu-kitu bae rarasaan mah. Katariginan ieu teuing kumaha, naha aya oge pakaitna jeung kaistiqomahan? Anu reueus ka urang minang, eta di Padang (minang umumna) mah asana teu aya tukang beca. Ngajenan kaha harga diri, sigana hiji deui kaleuwihan urang minang. Aya deui anu pikareueuseun, tumali jeung pakasabana umumna urang minang di pangumbaraan. Eta lebah anu jadi widang usahana teh dagang jeung fotokopi tea. Rada pakait jeung budaya tulis-tinulis anu geus lila jeung paniatan ngaronjatkeun ekonomi salawasna. Pakait keneh sigana jeung urusan nanjeurkeun harga diri. Cag ah, bilih seueur teuing ngacaprukna. Baktos, manAR
Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Balik ka beungeut urang, ari dina gunemcatur mah asa loba nu ngauger yen sunda jeung islam teh meh kawas lauk ka caina. Tapi dina kanyataan mah bet asa teu nyambung, sewang-sewangan we jalana teh. Asana teh urang sunda mah teu saprihatin kawas urang minang dina nempo paubahan jaman nu mangaruhan agama katut adat istiadatna. Punten ah papanjangan, ieu mah orisinil ngamudalkeun kareteg hate. salam tirta Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >Sual anu ngurus masjid urang Minang, tiasa janten eta mah generasi kapungkur. >Pribados kaleresan gaduh rerencangan urang Minang, kaleresan anjeuna teh >janten ketua DKM di KBRI. Anjeuna justru ngahelas: cenah di sababaraha tempat >di tanah Minang tos seueur masjid teu gaduh khotib jumaahan, kalebet upami ayu >anu ngantu oge tos sesah milarian anu tiasa mingpin solat janazah. Duka leres >duka henteu?Ngan sigana naon anu ku pribados diuarkeun samemehna, memang tos >seueur anu luntur. > >Tah ieu pisan maksud kuring teh Kang Tirta, kulantaran kitu nya ngayakeun >"serial tuang toong". Sugan we bisa mulungan nu hadena. Ka baraya lianna, >cikan guar kumaha persepsi andika, perkara MINANG jeung JAWA naon wae >kaleuwihanana. Upama nitenan pangurus masjid di Bandung, asa mindeng kuring >manggihan urang awak teh, contona di majid Istiqomah Citarum. Kitu deui di >tempat dagang, urang awak nyaliara ka mana-mana. > >salam, >MH > >Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >Atuh eta mah keur eunteung urang we, naha urang sunda geus bisa >ngariksa/ngeunteung dirina? > >salam >tirta > >ceuk kuring wanoja minang ampir sarua jeung wanoja sunda. gareulis, koneng >kulitna, barisa ngaji, masak, jeung gesit. > >==== >Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ >[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] >__________________________________________________ >Do You Yahoo!? >Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around >http://mail.yahoo.com > >[Non-text portions of this message have been removed] > > > >PENTING..! > >attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > >dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa >pencabutan membership. > >terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu >mengupdate antivirusnya. > >Yahoo! Groups Links > > > > > > > > Ganjar Kurnia PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Do you Yahoo!? Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. Learn more. [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
