Alhamdulillah tah geuning tos norojol Kang Maman tos diantos ti enjing 
keneh.....! sim kuring sareng Kang Hasan (Ki Hasan/KH atanapi Mang Hasan MH, 
mana anu bade dianggo ieu teh?) 

Jejer BUKU teh sanes dipungkas panginten nya Kang? Tapi di kembangkeun kana 
"Cara Nulis Buku" sareng "A4 atanapi 4A (ti Kang Oman)" tea keur bahan nulis 
buku tea, kukitu Kang Mana kapeto kanggo ngabejer beaskeun sajelas-jelasna 
perkawis Alam Alit Alam Ageung (4A) tea. Posting tadi ti Kang Maman mah 
raraosan loncat langsung kana conto Alam Ageung, janten teu ka teureuy eung... 
he... he... 

Kang Hasan, Alam Alit Alam Ageung (4A) panyus oge kanggo jejer (tofik) buku 
Kang Hasan mung judul kedah langkung piucertistik tapi eusina mangrupi restore 
tina 4A tea anu tos katutupan ku daun handeleum paragi nyokot jeung ninggalkeun.

Kang Maman, hapunten ieu sanes nyanyahoanan kana 4A tea manawi sami sareng anu 
aya di Kang Maman pangemut sim kuring mah Alam Alit Alam Ageung teh nyaeta 
misteri anu kedah ditaliti sareng upami tos kapendak kedah dikokolakeun supados 
mangfaat atanapi gadung nilai positif. Naon atuh 4A teh? Alam Alit nyatana 
misteri anu sumurup/nyirorot kana diri urang sorangan, geuning aya istilah 
nyungsi diri. Contona: jawaban tina patarosan, saha ari KURING teh? Sedengkeun 
Alam Ageung misteri anu ku urang kedah disaliksi kanggo nempatkeun diri (urang) 
diantawis papada urang, hewan, tutuwuhan, mahluk lainna, alam jrrd, supados aya 
dina kasaimbangan/selaras. 

Ari Gaya anu opat teh guaranana kumaha Kang Man? Pakait henteu sareng 4 unsur 
(anu ka-5-na teu acan dibuka?) anu ti Kang Yan jago silat ti NY atanapi 
formulasi ti Kang Eki anu pilieureun, sareng kumaha urut-urutanana supados 
malapah gedang tur gampil digayeumna.

Wassalam,
dudi_ss

 


  ----- Original Message ----- 
  From: Kang Maman 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, March 17, 2005 11:18 AM
  Subject: Re: [kisunda] Alam Alit Alam Ageung (A4) =>B U K U


  Beu...
  Naha jadi katempuhan buntut maung kieu ...
  Lah ayeunamah urang meberkeun heula kumaha cara nulis
  buku wae lah; da maksad seratan sim kuring nu ti
  payunmah nyaeta leres sami sareng Ki Hasan, maksadna
  sing soson-soson ngadaramelan buku(kanggo
  wariskeuneun), naon wae lah, utamina sagala rupi
  "kaahengan" atanapi "elmu panemu jampe
  pamakena" urang sunda.


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke