Rampes,
 
Bagea Kang Engkus,
Sapuk Kang, sakumaha anu katampa ti anu nuturkeun, memang Bismillah kanggo 
pepeuncitan mah heunteu diteraskeun ku kalimah "ar-rahman ar rahim", namung ku 
kalimah sejenna, jalaran patojaiyah tea sakumaha anu jadi kahemeng  salira. 
Tegesna, kanggo peupeuncitan teh sanes dikawitan ku kalimah 
"Bismilaahirrohmanirrohiim", namung ku kalimah "Bismillaahi laa yadhurru 
ma'smihi syae un fi al-ardhi wa la fi as-sama wahuwa as-samiiu al aliimu". 
Hartosna: "kalayan nyebat asma Alloh anu teu aya anu mudharat sinareng asma-Na 
naon bae perkara anu aya di bumi sareng di langit jeung Anjeun-Na eta anu Maha 
Ngarungu sareng Maha Uninga"...teras niat nu sanesna (anu sasari, nuduhkeun 
sato naon anu dipeuncit dipungkas ku lillahita'ata)....kececet bae).
 
Sapuk oge, kana pamadegan anu heunteu nyatujuan  kana naon rupa da'wah pikeun 
kasalametan, tapi manifestasina malah nyieun karuksakan. Dina kahirupan 
sapopoe, seueur anu "ngatasnamikeun agama" tinimbang anu "pikeun agama". Agama 
mah agama naon bae. Muga urang sadaya diaping jeung dijaring ku anu Maha Kawasa 
tina laku sarupi kitu. Amin.
 
Baktosna,
manAR
 
. 

engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Sampurasun!
Kahatur para dulur Kisunda, hususon ka baraya Kusnet
nu paham bagbagan kaIslaman.
Tos lami sim kuring teh aya kapanasaran nu dugi ka
ayeuna teu acan aya boh dulur boh baraya, oge
kawawuhan sim kuring nu bisa nerangkeun kalayan
nyugemakeun sual nu aya kaitan jeung halal-haramna
soal peupeuncitan, boh meuncit hayam/meri, embe/
domba, munding, sapi jeung sajabana, nu majar teu
halal mun urang ngadahar daging nu dina meuncitna teu
make ngucapkeun �Bismillahhirokhmanirokhim� jeung
�Allahu Akbar�. Hal ieu nu jadi baluweng keur sim
kuring, mun teu salah harti tina ucapan tadi nyaeta
�Kalayan nyebat asmana Allah nu ngagaduhan sifat Maha
Welas tur Maha Asih� jeung �Allah Maha Agung�. Tah
didieu pangarti kuring can tepi kunaon ongkoh maha
welas tur maha asih jeung maha agung, tapi bet dipake
keur meuncit nu sareatna mah megatkeun tatali hirup
(maehan) sasama mahluk Gusti keneh, sedengkeun ari
maehan ceuk ajaran agama mana bae eta teh dosa
hukumna. Kitu oge sering urang nyaksi dina TV sok aya
sabagian dulur-dulur urang keneh nu bari jeung
nembongkeun laku pahlawan nyebut asma Allah bari
ngarusak (contona nyerang Rumah Makan nu buka ti
beurang jeung tempat hiburan nu buka dina bulan
puasa). Sakapeung kuring sok ngabirigidig, naha eta
henteu lalawora umaku atas nama Allah ??. Tah eta ki
dulur cing tulungan manawi aya nu tiasa ngajelaskeun
kalayan kaharti ku pikir, kahontal ku akal jeung
katampa ku rasan, kumaha eta katerangana ??, supaya
kuring teu salah harti jeung nambahan wawasan.

Hatur punten

Pun Engkus




__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/ 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.

Yahoo! Groups Links








                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Yahoo! Small Business - Try our new resources site! 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke