Haturan Kang Maman, Kang Hasan, Kang Oman oge baraya sadayana...., 

Kaleresan sim kuring gaduh hanca koredeun sakedik dikebon janten dinten sabtu 
ieu tiasa nempoan baraya di lebak cawene tea. Perkawis 4A tea pangemut sim 
kuring mah mangrupi dasar tina hirup kumargi didinya pisan urang aya jeung 
diayakeun, didieu elmu hirup teh dibedakeun jadi 2 (dua) nyatanya ayana "diri 
urang" tiasa individu, kulawargi, komunitas (sapertos kumunitas sunda), tiasa 
lembaga/organisasi, nagara jrrd. Ieu manawi anu kasebet dunya alit teh, sateu 
acan urang ngokolakeunana urang kedah wanoh heula kana diri urang sorangan boh 
salaku individu atanapi komunitas. Candak bae contona diri urang sorangan, dina 
diri urang aya instrumen naon bae atuh anu tiasa dikokolakeun ngarah urang 
tiasa survive (tingkat dasar hirup). 

  a.. Hiji Nu Utami, dina diri urang aya hiji (zat) anu utami, urang moal 
ripuh-ripuh kedah hirup dialam marcapada anu sakieu poekeun sareng 
pihariwangeunana, salah nincak sakedik bae tiasa tikosewad. Naon atuh Hiji Nu 
Utami teh? anu dianggap HNU ku sim kuring teh nyaeta NYAWA anu kakurung ku 
raga, ibarat lauk asup kana bubu teu tiasa kaluar sateu acan bubuna ucutan 
atanapi diparengkeun ku Nu Kawasa. Ieu mah fakta, ku margi upami teu aya nyawa 
mah urang teh moal mikiran sahuap sakopeun, moal mikiran inetrnet, jrrd. 
  b.. Tilu Nu Utami, aya duei instrument anu kurang kedah dikokolakeun supados 
mangfaat sareng gaduh "makna" dina nedunan hirup urang dialam marcapada, da 
bongan aya NYAWA kakurung raga (aya lauk dijero bubu). Upami di emut karunya 
pisan tah ka NYAWA urang anu kakurung ku raga, kalausaanana jadi sempit pisan 
teu tiasa kaditu-kadieu,  teu tiasa kitu-kieu, kakurung dimensi "ruang" jeung 
"waktu" padahal lamun ragana tiasa ditorobos NYAWA tiasa hiber kaditu kadieu, 
tiasa nepangan Kang Yan di NY dina sakicep, tiasa ka planet mars, atawa 
ngajugjug blackhole sugan bener aya. Tapi nyatanya atawa faktana lauk kakurung 
ku bubu, raga minangka bubuna masih biasa dikokolakeun ngarah hirup urang teu 
tigurawil kana gawir kanistaan, urang dibekelan tilu instrument anu kudu diurus 
supados salamet nyaeta Otak, Hate sareng Ragabadagna. 
    a.. Otak, Otak diasahna salian diajar ku sepuh urang oge urang diajar di 
sakola ti mimiti diajar maca A, B, C, D jst, ini budi, ini ibu budi teras naek 
kana maca buku tamanpamekar, diteras ka SMP, SMA, bukuna langkung kandel, di 
paguron luhur mah salian tikandel teh bukuna nganggo bahasa asing, ayeuna jalmi 
teh tos teu ngangge buku deui da tos ngatos tujuannana. 
    b.. Hate, Hate mah teu aya sakolana raraoasan mah, ieu kaasah kupergaulan 
boh sareng sepuh dibumi atanapi disakola, lingkungan, atanapi dipadamelan. Hate 
anu ngahasilkeun RASA anu sifatna estetis sareng halus, urang sok papatahan 
sopan santun kusepuh, pelajaran moral, agama jrrd, ngalatih Hate ngasah Rasa 
anu rada canggih mah ku puasa. 
    c.. Raga, raga mah tos diasah tia saprak diberejelkeun ku ibu 
masing-masing, kujumeritna orok beureum ge orga tina raga urang tos dilatih, 
teras diajar ngorondang, dituntun diajar mapah, tos tiasa mapah diajar lumpat, 
tos kitu diajar maenpo sapertos Kang Yan di NY, ngaboseh/ngagoes kareta 
(sepeda), nyupir, badminton dugi ka juara dunia sapertos Kang Tofik urang 
pangalengan tea. 
  c.. Lima Nu Utami, aya deui anu lima ieu saleresna mah tos populer aya anu 
nyebat Dulur Opat Lima Pancer, aya anu nyebat 5 (lima) unsur utama, buktosna 
mah sami bae eta teh instrument anu aya dina diri urang anu kedah dikokolakeun 
supados masihan mangfaat/faedah/makna ka diri urang, Alhamdulillah upami tiasa 
mangfaat kanggo papada urang, hewan, tutuwuhan, alam jst. Tah nu ieu mah mangga 
diguar ku nu sanes bae da tos seueur anu nyaking. 

Kang Maman oge para wargi sadaya, mangrupi pangemut sim kuring perkawis Alam 
Alit anu hubunganana sareng diri urang salaku individu, salaku salaku bangsa 
sunda anu kurang bade dihudangkeun deui, ku urang sasarengan kedah disaliksik 
NYAWANA kumunitas sunda teh palihmana, Uteukna, Hatena, Raga upami tos kapendak 
bade dikokolakeunana kumaha, dimana jrrd. 

Komentar sim kuring kanggo Kang Maman, perkawis:

  a.. Piuceristik teh panginten dina bahasa karuhun urang mah "nganjang ka 
pageto" sanes ? => Manawi kitu pamendak sim kuring ge upami saur bahasa ayeuna 
mah panginten naon anu disebat visi, forcasting, plannin sareng anu sajenisna.
Panutup:
Parawargi hapunten sim kuring, bilih basa anu kirang merenah kirang duduga 
peryoga estuning kaluar tian kakirangan, hilap sinareng khilafiah sim kuring. 

Wassalam.
dudi_ss 

  ----- Original Message ----- 
  From: Kang Maman 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, March 18, 2005 3:51 PM
  Subject: Re: [kisunda] Alam Alit Alam Ageung (A4) =>B U K U pro Kang Dudi S.S.



  --- dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  > Posting tadi ti Kang Maman mah
  > raraosan loncat langsung kana conto Alam Ageung,
  > janten teu ka teureuy eung... he... he... 

    Raos luncat langsung ti nu Alam Ageung Kang Dudi,
    margi kitu syareatna urang hirup teh dinu A Ageung.


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke