Haturan Kang Oman, Kang Hasan...., Hapunten Kang Oman teu acan aya waktos nglampreng gedong geologi deui kumargi seueur pisan wagelanana geuning teu pira mung saukur hoyong nedunan kawajiban diri salaku manusa, ieu mah ampir unggal minggon ber ka wetan ber ka kulon. Insya Alloh minggon payun ge ngulon deui, kaleresan aya libur dinten jumaah.
Baraya ieu Kang Oman ngeletekna mani kena kana mamarasna, raraosan teh mani teu kiat ngarenghap-ngarenghap acan awahing ku abot..! Sateu acan mairan anu didugikeun ku Kang Oman sim kuring bade neraskeun heula hanca anu kamari perkawis Lima Nu Utami. Lima Nu Utami mangrupi turunan tina Tilu Nu Utami, da Hiji Nu Utami mah anu abadi ayana di marcapada mung "terjebak/kasedot" ku kurungan sapertos 'lauk asup kana bubu' tea, ka kurungna Hiji Nu Utami ieu moal lana sakedik pisan anu langkung ti 100 tahun teh kitu ge tos teu efektif, anu kakurung rada lami mah sok karunya pisan ajol-ajolan hoyong lepas tapi teu teu terang carana. Ari Tilu Nu Utami (Raga, Uteuk, Hate) mangrupi alat anu kedah dipiwanoh tur dilatih ku nu hiji tea supados tiasa diarahkeun kana tujuan anu saestu. Lima Nu Utami ieu pecahan tian anu tilu tea, nyaeta: Raga, Uteuk anu ngahasilkeun fikiran di bentenkeun jadi dua, sebat bae Fikir-1 sareng Fikir-2, Hate anu ngahasikeu rasa dibentenkeun janten dua oge, sebat bae Rasa-1 sareng Rasa-2, janten sadayana aya lima, pangemut sim kuring ieu pisan alat anu aya dina diri urang anu kedah dilatih supados urang tiasa ngahontal naon-naon anu dicita-citakeun. Didieu oge sim kuring mendak nami "Pangeran Papak" (aya anu apal kitu?) kapungkur mah saurna teh disebatna Dulur Opat Lima Pancer ari di cina mah sok disebat 5(lima) unsur utami. Ayeuna urang guarkeun hiji-hiji anu lima teh; 1.. Raga, leres awak urang anu kedah dijaga diriksa kasehatanana da upami ririwit mah kumaha urang bade ngibadah nedunan tugas hirup urang. Raga ku sim kuring diibaratkeun (simbukna) "taneuh" margi naon-naon anu dibutuhkeun ku awak urang kawitna tina taneuh. Perkawis simbul taneuh mah manawi tos teu bireuk deuinya da tos pada uninga boh dina agama, adat, fengsui jrrd. 2.. Pikiran tingkat ka-1: mangrupi 'pengetahuan' anu sifatna standar/umum, urang diajar ti ngawitan sd dugi ka sarjana dilatih supados terang pangalaman batur di testna ge pelajaran anu tos diajarkeun wae da namina ge sakola/latihan. Aya oge pelatihan keahlian dipadamelan mah eta oge seuseurna mah 'pengetahuan' standar. Dina tahap ieu pola pikir linier, statis, mung ngadelkeun ada kabiasaan. Contona: baheula waktos sim kuring nuju sakola sd aya tukang icalan petis unggal dinteun teu aya petotna malih dinten libur ge sok ngider kakampung-kampung, kinten-kinten sabada asar munglang ka bumina. Tah kamari mah waktos sim kuring mudik kapendak deui si emang teh masih icalan petis keneh malih sapertosna mah tanggunganana ge teu gentos-gentos. Conto sanesna mah Insya Alloh disabudeureun urang ge moal seusah milari, upamina ditempat damel urang seueur rerecangan urang didamel teh mung nyumponan kawajiban rutin wungkul (rutinitas) teu aya improvment ti waktos ka waktos, ti taun ka taun digi ka pangsiun ge kitu wae. Tapi emut ieu sanes kasalahan urang, koncina sanes didinya. Ku sim kuring pola pikir anu kieu di ibaratkeun 'logam' ari logam khusuna beusi ku kurang tiasa dimapaatkeun upamina dibentuk janten peso diasah ngarah seukeut parantos seukeut kade ulah dianggo kanggo nusuk jalmi sanes! Tah geuning gorehel teh koncina, janteun pola pikir tingkat ieu ge kedah diasah kanggo diala mangfaatna sanes madorotna. 3.. Pikiran tingkat ka-2: mangrupi polafikir anu kreatif, dinamis, genius, pola fikir non linier, seueur akalna, improvment anu terus menerus. Pola fikir anu ieu mah, pola pikir anu pikabitaeun matak heroy anu ningal ku sim kuring di ibaratkeun emas (logam mulia) saha geura anu teu kabongroy ku emas tiasa naekeun gengsi/status, geuning ayeuna mah kalung ge paageung-ageung henteu mung istri dalah pamenget ge seueur anu nganggo kalung sapertos kongkorong anjing. Pola pikir anu ieu sok dipikareueus ku nu ngagemna tapi tong hilap koncina upami urang langkung pinter ti nu sanes ulah sok ngabobodo kanu sanes tapi kapinteran teh kedah janten pitulung kanu butuh. 4.. Rasa tingkat ka-1: Rasa ieu tos nyapak dina diri urang sadaya tingawitan rasa lapar, tiis, panas, haseum, sahwat, karunya, sedih, gumbira, sieu, wani, hoyong itu, hoyong ieu, hoyong gaduh kalungguhan anu luhur (ambisi/sumanget), jrrd, sasatna kabeh rasa tetep kudu dikadalian, koncina supados mangfaat ulah madorot. Ku sim kuring rasa tingkat ka hiji ieu di ibaratkeun (simbulna) 'seuneu' ari seuneu sok mahaya-mahayu lain ukuran leutik jeung gedena, gede teu salilna ngawalagar. Seuneu mah kedah diukur sabutuhna contona kanggo nyundut rokok mah pan cekap sakotret karek api tapi ari kanggo ngalebur waja mah dipabrikna atuh kedah mangrebu-rebu derajat, kitu deui kanggo masak didapur ulah ageung teuing bilih janten matak tutung. Prinsifna kedah ditaker/kadalian supados koncina kacandak nyaeta mangfaat tina seuneu ieu. 5.. Rasa tingkat-2: anu ieu rada seusah yeuh...! rasa dina tataran ieu nyelap dilebet. Langsung kan simbulna wae ah..., kusim kuring sok disilokakeun kana Cai atanapi Inten (diamond), ari cai kedah dijagi kamurnian sareng kabersihanana ulah "terkontaminasi" ku kokotor/polutan sing saha anu tiasa ngajagi eta rasa niscaya moal sesah milih pilengkaheun, sareng ajen eta jalmi langkung luhur. Cai ge sami kedah dikokolakeun dijagi kabersihanana buktosna cai anu herang tur bersih mah hargana ge langkung awis tibatan bensin. Upami diibaratkeun inten oge tetep nganggo parameter 4Cs (cut, carat, clear, hiji deui naon nya?) potonganana, ukurannana lankung ageung lankung sae, hate oge kitu, langkung bersih langkung sae (teu aya partikel/polutan), langkung herang/bening tisisi warna langkung ngageunyas herang awis. Sadayana anu lima eta teh sifatna mahaya-mahayu (papasangan) kumaha niatan urangna bade dicandak kanggo hal-hal anu postif atanapi negatif geura Awak/raga dipulasara ngarah sehar sareng kuat ari tos kuat bade kanggo nenggel/ngagunasika batur (-) atanapi bade dianggo tutulung (+). Pikiran oge kedah diasah tapi upami parantos pinter bade dianggo nipu (-) atanapi bade dianggo tutulung (+), Rasa oge kedah dikadalian supados teu liar biasa pameget upami teu dikadalian mah aya anu bahedol kedeweuk, aya anu herang comot saatos tiasa dikadalian oge keun engke siah...! (-/negatif) tapi kedah dijaga sumangetna kanggo kahadean (+). Tah ayeuan urang gaduh 5 (lima) pasangan instrument kanggo ngahontal cita-cita tangtosna sadayana kedah milih anu tujuan kanggo hal-hal anu positif, kedah PAPAK (sami) positif sadayana supados hurip urang mulya. Tah dogeng pependak sareng pangeran Papak teh kitu, saurna kapungkur Pangeran Papak mah ari nyarioskeun palsafah eta teh cekap nganggo rema/ramo anu lima da panginten diduginana ge ku lisan sareng upami tos rengse sok "mengexpresikeun" ramona papak duka dilepitkeun duka kumaha. Kadieuna sok kacarioskeun yen Pangeran Papak teh ramo parondok atanapi aralit (anu kesana cacad) tapi nyeratna sae, padahal manawi polah anu sapertos kitu. Komentar kanggo Kang Oman, Perkawis "ngosongkeun, ngahias, sareng ebreh" sim kuring mah mung tatamba bilih pikiran sim kuring henteu kasalurkeun malah janten panyakit. Dina tahap ngosongkeun ku dipedarna Alam alit ieu manawi janten emut yen sadaya jalmi boh rosul/nabi, karuhun, bekelna mah sami nyaeta anu diluhur tadi, bentena diasahna dugi kamana? janten ulah kasieup ku hurung-herangna teknologi, pengetahuan, cariosan, batur. Urang kedah kaduh kapercanteunan kana diri sorangan mung kantun ngasahna wungkul. Urang kedah kaluar tina polafikir "biasana mah kieu" "kabiasaan" engke ge kosong mah dihiasa ku kreatifitas masing-masing, ebreh katinggal. Perkawis "tanjakan anu netek tur rumpil" ditambih gawir sisi kenca jeung katuhu pikariwangeun tapi urang pasti nyorang jalan eta mung aya anu sadar, aya anu henteu yen jalan anu disorang teh kawas kitu, kumaha supados salamet alatna mah 4A tea, kedah positif ti ngawitan niat, tekad, ucap, langkah, paripolah, aya hiji deui (pibasaeunana teu acan kapendak) kinten-kinten kedah cengeng diprofesi masing-masing. Ieu oge ti Al Ghozali he... he... Perkawis "Mulang" mulang kajati, waktos urang samporet pisan mulang ka asal mulih kajati teh pasti mung ayeuna atanapi engke, kukituna urang kedah tiasa ngajojoan mana anu ditiasa titata sareng mangfaatna tiasa langkung abadi (manjang) hatosna ngurus kanggo turunan urang da urang mah paling ge 60-70 tahun. Sok sanaos tiasa ngahiyang sami bae pan biasana mah dina yuswa 70 taun kalur mah tos teu gaduh nafsu kadunyaan kumargi tujuan hirup tos katohyan, duka kapendak nyalira duka diwartosan. Aduh hapunten janten kapapanjangan, tos bilih seuseur teuing lepatna. Sakali deui hapunten baraya. Wassalam, dudi_ss ----- Original Message ----- From: oman abdurrahman To: [email protected] Sent: Monday, March 21, 2005 8:46 AM Subject: Re: [kisunda] Alam Alit Alam Ageung (A4) =>B U K U Bagea Kang Dudi...kumaha damang kaulanun? wartosna nuju "napakeun" garapan ? Mangga lajeungkeun...Kasuhun, aya waktos mah dina sela-selana, pamugi heunteu petot ngalongokan ieu milist. Hatur nuhun, tutungkusan anu ieu katampi ku asta kalih. Numbu catur bari noongan ku panemu luang ti anu sanes, anu parantos ngantosan di barisan payun, urang pulungan buahna bae da nyakitu, lebet kana programmingna mah urang teh, khususna sorangan, tuna pisan ku kaayaan. [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
