Kalakuan (alm) pak Amir Machmud teh persis 'plek' sami
sareng salah sahiji urang Sunda anu pangkatna jenderal
oge sareng tos jaditokoh nasional, sapertos anu
kaalaman ku Mang Ayat, anu didongengkeun waktos
pasamoan KUSNET di Hotel Santika.
Ceuk Mang Ayat teh, harita anjeuna nuju janten
mahasiswa Arkeologi di Fakultas Sastra UI. Dina hiji
waktos di taun 1960 an, mang Ayat saparakanca
ngadeuheus ka salah sahiji jenderal gegeden urang
sunda anu tos jadi tokoh nasional, maksadna teh bade
nyungkeun ridona, supados eta gegeden teh janten
sesepuh ikatan mahasiswa sunda di Jakarta (sanes bade
nyungkeun artos). ari pokna teh ceunah teu tiasa jadi
sesepuh ikatan mahasiswa (primordial) sabab ayeuna mah
tos janten tokoh nasional.
Cobi impleng, taun 1960 an wae kalakuan gegeden urang
sunda tos siga kitu, komo deui meureun jaman Orba,
dimana sagalana sumuhun dawuh, jeung pangkat/jabatan
jadi sagala-galana, pastina gen urang sunda anu jadi
gegeden moal rek ngabela anu "bau-bau" primordial.
baktos,
mrachmatrawyani
--- Ki Hasan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> --- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Sok emut ka lalakon Pak Suryalaga (dosen Sastra
> Sunda
> > UNPAD, sareng ayeuna keur ngadamel terjemahan Al
> > Qur'an dina Basa Sunda) waktos ngahadep ka Amir
> > Machmud almarhum hoyong dibantosan ngadamel
> majalah
> > Basa Sunda. Pak Amir Machmud nolak, ku alesan
> > anjeunna parantos jadi tokoh nasional!
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/