Upami ditengetkeun jeung disimpulkeun kalawan basajan mah, raket atawa
kapakena US ku Walanda sabab nguntungkeun duanana. Kumpeni
ngamangpaatkeun sistim feodal di urang sangkan rahayat teu baruntak.
Atuh ku para menak (sabagian, meureun), kalungguhan nu ditawarkeun ku
Kumpeni teh disambut diboro, sabab bisa nguatkeun posisi jeung adat
kamenakanana hareupeun rahayat.

Aya conto anu didadarkeun ku Moriyama ngeunaan Muhamad Musa:
Musa teh menak, raket jeung Holle (Walanda). Raketna Musa jeung Holle,
nguntungkeun duanana. Nasehat/pamanggih Holle ka pamarentah
Hindia-Walanda ngeunaan jajahan Tatar Sunda diaku & kapake pisan ku
Walanda (kaasup ngeunaan Musa). Ti dinya jasa Musa ka pihak Walanda
diaku ku Walanda, nu dibales ku (cenah) jangji ti Walanda rek mere
kalungguhan pikeun anak-incuna nepi ka tujuh turunan. Ka dieunakeun,
urang maca dina sajarah (da teu ngalaman kuring mah) ngeunaan Nagara
Pasundan nu dipingpin ku saurang katurunan Musa. Walanda ngangsonan &
ngarojong ka .... (aduh... poho deui, saha nya pamingpin nagara
Pasundan teh?) bari nyebutkeun dina raraga ngabales jasa Musa tea nepi
ka tujuh turunan.

geus heula ah, bisi loba salahna.

jk
(pedaran nu rada/leuwih lengkep ngeunaan Nagara Pasundan aya na
majalah WARTA-Gema Jabar nu harita dibagikeun di HS)


On Sun, 27 Mar 2005 08:28:10 +0700, Tajimalela <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Upami numutkeun sajarah Indonesia,  matak seueur pisan urang US anu kaanggo
> ku Walanda lantaran sikap urang US anu tiasa diajak kooperatif jeung
> maranehannana. Tapi sanaos kitu oge urang US gaduh pendirian nyalira, komo
> diajak ngajajah bangsa sorangan mah moal daek meureun...?


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke