Jaman keur budak, asa pernah hawar-hawar meunang beja perkara Kartalegawa. Cenah dina tiap hutbah Jumaah di wewengkon Garut jaman harita, sok disebut-sebut ngan Kartalegawa teh. Meureun jiga urang Malayu, upama hutbah Jumaahan, di wewengkon tertentu sok disebut - sebut sultan nu ngawasa eta tempat, pangpangna dina palebah do'a, ditambah ku ngado'akeun sultan jeung kulawargana.
Salam, MH --- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Nagara Pasundan teh diproklamirkeun ku Kartalagawa > mantan Bupati > Garut. Dina majalah "Gema Jabar" nu dibagikeun > waktos pajemuhan di > Hotel Santika leres disebatkeun Kartalagawa teh > katurunan Moh. Musa. > Dina Majalah eta oge disebatkeun Para menak Sunda nu > sanes, nu > dimotoran ku Bupati Bandung, Wiranatakusumah, henteu > ngadukung aksi > Kartalegawa ieu. Kitu deui ibuna Kartalagawa. > > Van Mook gubernur Jendral Hindia Belanda jaman > harita, langkung > nagdukung nagara fedarasi tinimbang nagara kesatuan. > Prof Bambang > Hidayat (guru Besar Astronomi ITB, tapi resep > sajarah) dina artikelna > dina PR, nyebatkeun saleresna Van Mook teh rada > mihak ka Indonesia, > ngan teu safaham sareng militer Walanda, anu hayang > "maen kekerasan" > wae, maklum tantara ari kituna mah. Pangaruh militer > walanda ieu > langkung kiat, nu matak Yogya kantos diserebu ku > Walanda. George > Kahin, salah saurang akhli indonesia urang Amerika, > nu naliti > revolusi di Indonesia pas jaman revolusi pisan, dina > memoarna, > nyaritakeun waktu anjeunna angkat ka Walanda, rek ka > Indonesia > sakapal jeung budak ngora urang Walanda nu rek > mulang ka nagarana. > Ieu budak ngora teh kacida ngadukungna ka Indonesia, > Budak ngora ieu > teh sihoreng anakna Van Mook nu keur sakola teknik > di Amerika! (CMIIW) > > Baktos, > WALUYA > > --- In [email protected], kumincir > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Upami ditengetkeun jeung disimpulkeun kalawan > basajan mah, raket > atawa > > kapakena US ku Walanda sabab nguntungkeun duanana. > Kumpeni > > ngamangpaatkeun sistim feodal di urang sangkan > rahayat teu baruntak. > > Atuh ku para menak (sabagian, meureun), > kalungguhan nu ditawarkeun > ku > > Kumpeni teh disambut diboro, sabab bisa nguatkeun > posisi jeung adat > > kamenakanana hareupeun rahayat. > > > > Aya conto anu didadarkeun ku Moriyama ngeunaan > Muhamad Musa: > > Musa teh menak, raket jeung Holle (Walanda). > Raketna Musa jeung > Holle, > > nguntungkeun duanana. Nasehat/pamanggih Holle ka > pamarentah > > Hindia-Walanda ngeunaan jajahan Tatar Sunda diaku > & kapake pisan ku > > Walanda (kaasup ngeunaan Musa). Ti dinya jasa Musa > ka pihak Walanda > > diaku ku Walanda, nu dibales ku (cenah) jangji ti > Walanda rek mere > > kalungguhan pikeun anak-incuna nepi ka tujuh > turunan. Ka dieunakeun, > > urang maca dina sajarah (da teu ngalaman kuring > mah) ngeunaan Nagara > > Pasundan nu dipingpin ku saurang katurunan Musa. > Walanda ngangsonan > & > > ngarojong ka .... (aduh... poho deui, saha nya > pamingpin nagara > > Pasundan teh?) bari nyebutkeun dina raraga > ngabales jasa Musa tea > nepi > > ka tujuh turunan. > > > > geus heula ah, bisi loba salahna. > > > > jk > > (pedaran nu rada/leuwih lengkep ngeunaan Nagara > Pasundan aya na > > majalah WARTA-Gema Jabar nu harita dibagikeun di > HS) > > > > > > On Sun, 27 Mar 2005 08:28:10 +0700, Tajimalela > <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > > Upami numutkeun sajarah Indonesia, matak seueur > pisan urang US > anu kaanggo > > > ku Walanda lantaran sikap urang US anu tiasa > diajak kooperatif > jeung > > > maranehannana. Tapi sanaos kitu oge urang US > gaduh pendirian > nyalira, komo > > > diajak ngajajah bangsa sorangan mah moal daek > meureun...? > > > > ===== Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Small Business - Try our new resources site! http://smallbusiness.yahoo.com/resources/ PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
