Nagara Pasundan teh diproklamirkeun ku Kartalagawa mantan Bupati 
Garut. Dina majalah "Gema Jabar" nu dibagikeun waktos pajemuhan di 
Hotel Santika leres disebatkeun Kartalagawa teh katurunan Moh. Musa. 
Dina Majalah eta oge disebatkeun Para menak Sunda nu sanes, nu 
dimotoran ku Bupati Bandung, Wiranatakusumah, henteu ngadukung aksi 
Kartalegawa ieu. Kitu deui ibuna Kartalagawa.

Van Mook gubernur Jendral Hindia Belanda jaman harita, langkung 
nagdukung nagara fedarasi tinimbang nagara kesatuan. Prof Bambang 
Hidayat (guru Besar Astronomi ITB, tapi resep sajarah) dina artikelna 
dina PR, nyebatkeun saleresna Van Mook teh rada mihak ka Indonesia, 
ngan teu safaham sareng militer Walanda, anu hayang "maen kekerasan" 
wae, maklum tantara ari kituna mah. Pangaruh militer walanda ieu 
langkung kiat, nu matak Yogya kantos diserebu ku Walanda. George 
Kahin, salah saurang akhli indonesia urang Amerika, nu naliti 
revolusi di Indonesia pas jaman revolusi pisan, dina memoarna, 
nyaritakeun waktu anjeunna angkat ka Walanda, rek ka Indonesia 
sakapal jeung budak ngora urang Walanda nu rek mulang ka nagarana. 
Ieu budak ngora teh kacida ngadukungna ka Indonesia, Budak ngora ieu 
teh sihoreng anakna Van Mook nu keur sakola teknik di Amerika! (CMIIW)

Baktos,
WALUYA

--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Upami ditengetkeun jeung disimpulkeun kalawan basajan mah, raket 
atawa
> kapakena US ku Walanda sabab nguntungkeun duanana. Kumpeni
> ngamangpaatkeun sistim feodal di urang sangkan rahayat teu baruntak.
> Atuh ku para menak (sabagian, meureun), kalungguhan nu ditawarkeun 
ku
> Kumpeni teh disambut diboro, sabab bisa nguatkeun posisi jeung adat
> kamenakanana hareupeun rahayat.
> 
> Aya conto anu didadarkeun ku Moriyama ngeunaan Muhamad Musa:
> Musa teh menak, raket jeung Holle (Walanda). Raketna Musa jeung 
Holle,
> nguntungkeun duanana. Nasehat/pamanggih Holle ka pamarentah
> Hindia-Walanda ngeunaan jajahan Tatar Sunda diaku & kapake pisan ku
> Walanda (kaasup ngeunaan Musa). Ti dinya jasa Musa ka pihak Walanda
> diaku ku Walanda, nu dibales ku (cenah) jangji ti Walanda rek mere
> kalungguhan pikeun anak-incuna nepi ka tujuh turunan. Ka dieunakeun,
> urang maca dina sajarah (da teu ngalaman kuring mah) ngeunaan Nagara
> Pasundan nu dipingpin ku saurang katurunan Musa. Walanda ngangsonan 
&
> ngarojong ka .... (aduh... poho deui, saha nya pamingpin nagara
> Pasundan teh?) bari nyebutkeun dina raraga ngabales jasa Musa tea 
nepi
> ka tujuh turunan.
> 
> geus heula ah, bisi loba salahna.
> 
> jk
> (pedaran nu rada/leuwih lengkep ngeunaan Nagara Pasundan aya na
> majalah WARTA-Gema Jabar nu harita dibagikeun di HS)
> 
> 
> On Sun, 27 Mar 2005 08:28:10 +0700, Tajimalela <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> > Upami numutkeun sajarah Indonesia,  matak seueur pisan urang US 
anu kaanggo
> > ku Walanda lantaran sikap urang US anu tiasa diajak kooperatif 
jeung
> > maranehannana. Tapi sanaos kitu oge urang US gaduh pendirian 
nyalira, komo
> > diajak ngajajah bangsa sorangan mah moal daek meureun...?





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke