Haturan Kang Waluya, Kang Maman baraya saha wae......US

Pamarentah teh kedah niron nagara Cina dina nangani masalah korupsi 
dina sagala
hal-hal nu nyangkut korupsi. Ayeuna nagara Cina bakal maju malihanmah 
USA oge bakal saingan maranehna,
jeung deui bakal ngaberik nagara-nagara industri di dunia nyaeta 
Jepang, Ingris, Jerman ...
Kunaon sababna tos teu aya nu namina KORUPSI, maranehna pamarentah 
jeung rahayatna sararieuneun
ngalakukeunana nu disebat teu JUJUR alias korupsi.

Cina anu katelah nagara paling korup di dunia saparantos Indonesia, 
naha ayeuna kabalik jadi nagara nu bade
paling moderen jeung rahayatna income pertahunna unggal jalma ceunah 
mah rata-rata atos  sabelas ribu dollar USA.
Ieu hiji kamajuan eta nagara anu miskin jadi beunghar keur rahayatna, 
koncina para investor asing ngiring bisnis da ngarasa aman
keur nanemkeun modalna, jeung deui pendidikan bangsa Cina rata-rata tos 
lulusan universitas, janten didamelna eta para pagawe
swasta / pamarentah tos nyarakola.

Nu jadi masalah para gegedug pamarentah anu boga SIFAT JUJUR jeung SUCI 
daek ngabasmi koruptor ti luhur nepi ka
nu leutik. Koncina kudu aya golongan pimpinan anu berjiwa patriotis 
keur nulungan rahayatna, kudu aya pimpinan
wani paeh ngalawan koruptor keur ngabela rahayatna.

Barudak Cina anu ngarora umur 18- 25 90 % tos ngaduhan mobil nyalira, 
bumi sareng gaduh usaha / padamelan,
janten teu aya pangangguran. Anu korupsi dina maling / maok dijenis 
pagawean naon wae dihukum beurat pisan,
jeung teu ngabeda-bedakeun  kelas sosial "tewak bui". Meureun eta anu 
dibui di Cina puluhan jutaan, tah ieu ku
pamarentah seuna digawe di industri keur produk nagara nu bisa di 
export ka nagara asing, maranehna anu di
penjara digawe teu dibayar sesuai jeung hasil anu dikorupsina. Ieu 
conto sami jeung sistem pamarentah di Russia,
di USA di penjarakeun digawe daerah perusahaan industri negara heunteu 
di bayar / teu digajih, tapi tuang. eueut, kesehatan, ruang tidur
gratis.

Ngadangu president Indonesia ayeuna ceunahmah keur ngabasmi koruptor 
anu leuwih luhur jabatanana,
tah ieu atos aya kamajeungan nagara urang atos aya pimpinan anu JUJUR 
sareng SUCI NGABELA RAHAYAT.
Lamun koruptor nu dilaluhur tos beak  kantos nu dihandap oge kedah 
ngiringan seep.
Hasilna nagara makmur deui, nu bade nanem modal ti bangsa bangsa asing 
moal sieuneun usaha di Indonesia,
sok ku kuring dibawa para investor USA  upami nagara tos aman 100% teu 
aya korupsi , nu penting mah buktos
bersih sa Indonesia. Kumaha bisa  mawa para investor asing ka lembur 
kuring masih seueur garong, atuh sararieuneun.

Salam
Yan NYC
On Sunday, April 10, 2005, at 11:19  PM, Paku SARAKAN wrote:

>
> satuju,, kang...
> bener pisan... tah... da' indonesia mah sok teu paruguh
> atuh... alias angkong-angkongan mun na rek balap mah..
> asa daek asa hanteu...
>
> sok tewakan we kang ery.. lah sok sanajan urang sunda nu
> koropsi mah keureuwed we
>
> didukung plus do'a ti kuring
>
> mun bisa mah hayang miluan lah ciga kang ery newakan
> koruptor
> kuring mah hayang newak pejabat di garut
>
>
> --- Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>> moal kitu KPU teh singkatan ti Korupsi Pokoknya Untung
>> deh ( mon teu kanyahoan mah !).
>> Padahal Pilkada kedah dipantau ku KPU.
>> (Pipaciweuheuheun...).
>> Kumaha teu paciweuh... ari "sistem" masih warisan
>> walanda anu sentralisasi, ari pamilihan make sistem
>> "demokrasi"(desentralisasi/otonomi tanggung).
>>
>> Padahalmah nggeus wae dijieun "United States of
>> Indonesia" (USI)...
>> pan jelas jeung puguh : Negara Bagian Sunda misalna.
>> Tibatan, siga ayeuna teu pararuguh mana nu lebet
>> "wilayah" mana nu lebet "daerah".
>> Jeung moal hese jeung panjang mere gelar ka pemimpinna
>> siga baheula: Misalna "Gubernur Kepala Daerah Provinsi
>> .....", ongkoh gubernur, tapi Kepala Daerah.
>>
>> Kapungkur aya gubernur, residen, bupati/walikota,
>> wedana,Lurah/desa; hayoh rame-rame MILKADA...
>>
>> Sapuk teu para wargi ki sunda / urang sunda ?
>>
>> :)
>> MZ
>>
>> --- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>> Mulyana W. Kusumah kabejakeun ditewak kulantaran
>>> nyogok pagawe
>>> BPK nu keur mariksa duit di KPU. Kaget oge, ngadangu
>>> wartos ieu,
>>> kulantaran Mulyana W. Kusumah teh apan aktivis nu
>>> kaasup vokal di
>>> Indonesia mah. Naha anjeunna bisa ngalakukeun
>>> pagawean anu sakitu
>>> ngerakeunana? euh .....keur mah jarang aya urang
>>> sunda jadi
>>> aktivis, ari pek dina ayana oge, der deuih ditewak.
>>> Untung di KPK
>>> aya kang Erry H, jadi teu pati era teuing ......ah.
>>>
>>> Lain, moal boa kang Mulyana teh sok "papahlawanan"
>>> kitu, soalna
>>> di KPU teh ti baheula ge diributkeun aya nu teu
>>> beres, der ...
>>> weh anjeunna wawantunan jadi "pahlawan" keur
>>> nulungan nu sejen?
>>>
>>> Baktos,
>>> WALUYA
>>>
>>
>> __________________________________________________
>> Do You Yahoo!?
>> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection
>> around
>> http://mail.yahoo.com
>>
>
>
>               
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
> http://smallbusiness.yahoo.com/resources/
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk 
> selalu mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
Please visit
http://www.silatbooks.com/
http://www.silatpdusa.com/
Please write
[EMAIL PROTECTED]
[EMAIL PROTECTED]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke