Haturan Kang Maman,

Ngadamel KTP, carana dongkap ka kotamadya, dipoto, jap jempol sareng 
jar-jari, eusian data jinisna,
mayar lima dollar, teras uih tinggal ngatosan eta KTP di bumi diantawis 
tilu ka genep dinten janten.
Teu aya birokrasi anu berbelit-belit dongkap ka RT, RW, ka LURAHAN, ka 
KACAMATAN, KABUPATEN
tah ieu model birokrasi awis pisan jeung lami pisan donkapna ka bumi 
keur nagara katilu mah.

Runtah emah masalah dinagara dunia katilu jiga US, hese ngaberik jiga 
di USA / EROPA, konaon
sabana US  teu ngagaduhan teknologi canggih ngadaur ulang. Nyaeta 
mesin-mesin tea anu dirancang
ku para insinyur. Ieu kedah gaduh modal seur pisan contona daur ualang 
smapah tina plasik jadi barang seni atanapi
janten jangkir. Mesinna hargana kirang langkung 500 000 dollar, 
kumangtung kapasitas runtah plastik anu bade diolah
janten barang berharga ( Ieu conto kamari simkuring lalajo "mesin daur 
ulang" keur runtah plastik).
Wah upami metakeun runtah sagala rupamah ieu seueur pisan modalna,
1. kedah aya mobil / truk pangangkut sampah  anu tos tiasa ngabagi-bagi 
mana palstik, koran, besi-besian, runtah dapur jeung sajabana.
2. Panampungan runtah sakaligus pabrik daur ulang anu tiasa nampung 
RUNTAH sa kota Bandung.
3. Gudang hasil daur ulang eta bisa jadi bahan bangunan, pupuk barang 
seni  jeung sajabina nu erek dijual
     diditribusikeun ka toko-toko.
4. Tangtos kedah aya manajemen anu profesional kitu baraya
5. Dana ti masyarakat nu mayar bulanan, nu meuli produk, ti pamarentah.
6. Gajih-gajih pagawe plus tunjangan hari tua / pansiun
7. HASILNA KOTA BANDUNG MAOL BAU HASEUM

State USA sami sareng propinsi (jabar /jateng/jatim) hukumna 
beten-benten,
conto rek ngieum imah di Florida anu gubernurna Kang Asep (punten  
heurey) hukumna teu sami sareng
nu di NY, Kitu oge hukum code bangunan  "building Code' Florida teu 
sami jeung di NYC.
State ngagaduhan hukum nyalira-nyalira dina sagala cara hukum, jadi 
sifatna "otonomi".
Alusna cara otonomi daerah bsa leuwih maju disagala rupa keur rahayatna 
anu nyangkut :
taneuh jeung harta karunna milik daerah lain milik pusat contoh dijero 
taneuh aya barang tambang
emas, beusi, nikel, minyak, gas, pertanian / kehutanan sareng kelautan 
(aya lauk-lauk emas, beusi, nikel, minyak, gas)
Sagala harta di eta daerah milik rahayat, teu meunang di hak ku pribadi 
/ family sistem oge teumeunang
hasilna dikeruk ka pusat.

Budaya / tradisi mangrupa ciri-ciri eta daerah ulah leungit kedah 
diteraskeun ku generasi anu ngarora.

Sa kitu heula Kang Maman mangga nyanggakeun ka Abah  Joe, Abah Adjat, 
Kang Asep, Teh Nenny
tambihan wae US nuju haus informasi.

Baktos
Yan NYC



On Monday, April 11, 2005, at 03:21  AM, Kang Maman wrote:

>
> Kang Yan Sastranegara...Haturan..
> Kumaha daramang ?
>
> Saleresna sim kuring gaduh patarosan kieu:(kitu oge ka
>
> Ka Abah Joe Ragan di USA)
>
> Kumaha modelna sistem penyelenggaraan negara model di
> USA ? Kumaha pembagian wilayah/daerahna ?
> Aya teu nu namina Kabupaten, kota,
> kecamatan,kelurahan,  RW sareng RT ?
> Kumaha carana ngadamel KTP ?
> Teras naon bedana "state" sareng "country"  ?
> Mangga nyanggakeun; sim kuring naroskeun teh pedah wae
> gaduh "hipotesa" ningali "pabaliutna" negara urang teh
> kulantaran konsep birokrasi(pemerintah pusat
> /sentralisasi)  bentrok/pakepuk sareng otonomi(
> kewenangan daerah/desentralisasi)
>
> Contoh nu karasa jeung kaangseu haseum pisan bauna
> dugi tug ka kiwari numpuk kamana-mana jeung
> dimana-mana di unggal juru kota bandung;SAMPAH.
>
> (...nembe pasualan sampah...  KOMO ....)
>
> Kacipta... peserta mieling konprensi AA; panginten
> kedah nganggo mobil AC teras upami bade kukurilingan
> di bandung; ditambihan nganggo masker baham!
>
> :)
>
>
> Wassalam
> MZ
>
> Sal--- sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>> Haturan Kang Waluya, Kang Maman baraya saha
>> wae......US
>>
>> Pamarentah teh kedah niron nagara Cina dina nangani
>> masalah korupsi
>> dina sagala
>> hal-hal nu nyangkut korupsi. Ayeuna nagara Cina
>> bakal maju malihanmah
>> USA oge bakal saingan maranehna,
>> jeung deui bakal ngaberik nagara-nagara industri di
>> dunia nyaeta
>> Jepang, Ingris, Jerman ...
>> Kunaon sababna tos teu aya nu namina KORUPSI,
>> maranehna pamarentah
>> jeung rahayatna sararieuneun
>> ngalakukeunana nu disebat teu JUJUR alias korupsi.
>>
>> Cina anu katelah nagara paling korup di dunia
>> saparantos Indonesia,
>> naha ayeuna kabalik jadi nagara nu bade
>> paling moderen jeung rahayatna income pertahunna
>> unggal jalma ceunah
>> mah rata-rata atos  sabelas ribu dollar USA.
>> Ieu hiji kamajuan eta nagara anu miskin jadi
>> beunghar keur rahayatna,
>> koncina para investor asing ngiring bisnis da
>> ngarasa aman
>> keur nanemkeun modalna, jeung deui pendidikan bangsa
>> Cina rata-rata tos
>> lulusan universitas, janten didamelna eta para
>> pagawe
>> swasta / pamarentah tos nyarakola.
>>
>> Nu jadi masalah para gegedug pamarentah anu boga
>> SIFAT JUJUR jeung SUCI
>> daek ngabasmi koruptor ti luhur nepi ka
>> nu leutik. Koncina kudu aya golongan pimpinan anu
>> berjiwa patriotis
>> keur nulungan rahayatna, kudu aya pimpinan
>> wani paeh ngalawan koruptor keur ngabela rahayatna.
>>
>> Barudak Cina anu ngarora umur 18- 25 90 % tos
>> ngaduhan mobil nyalira,
>> bumi sareng gaduh usaha / padamelan,
>> janten teu aya pangangguran. Anu korupsi dina maling
>> / maok dijenis
>> pagawean naon wae dihukum beurat pisan,
>> jeung teu ngabeda-bedakeun  kelas sosial "tewak
>> bui". Meureun eta anu
>> dibui di Cina puluhan jutaan, tah ieu ku
>> pamarentah seuna digawe di industri keur produk
>> nagara nu bisa di
>> export ka nagara asing, maranehna anu di
>> penjara digawe teu dibayar sesuai jeung hasil anu
>> dikorupsina. Ieu
>> conto sami jeung sistem pamarentah di Russia,
>> di USA di penjarakeun digawe daerah perusahaan
>> industri negara heunteu
>> di bayar / teu digajih, tapi tuang. eueut,
>> kesehatan, ruang tidur
>> gratis.
>>
>> Ngadangu president Indonesia ayeuna ceunahmah keur
>> ngabasmi koruptor
>> anu leuwih luhur jabatanana,
>> tah ieu atos aya kamajeungan nagara urang atos aya
>> pimpinan anu JUJUR
>> sareng SUCI NGABELA RAHAYAT.
>> Lamun koruptor nu dilaluhur tos beak  kantos nu
>> dihandap oge kedah
>> ngiringan seep.
>> Hasilna nagara makmur deui, nu bade nanem modal ti
>> bangsa bangsa asing
>> moal sieuneun usaha di Indonesia,
>> sok ku kuring dibawa para investor USA  upami nagara
>> tos aman 100% teu
>> aya korupsi , nu penting mah buktos
>> bersih sa Indonesia. Kumaha bisa  mawa para investor
>> asing ka lembur
>> kuring masih seueur garong, atuh sararieuneun.
>>
>> Salam
>> Yan NYC
>> On Sunday, April 10, 2005, at 11:19  PM, Paku
>> SARAKAN wrote:
>>
>>>
>>> satuju,, kang...
>>> bener pisan... tah... da' indonesia mah sok teu
>> paruguh
>>> atuh... alias angkong-angkongan mun na rek balap
>> mah..
>>> asa daek asa hanteu...
>>>
>>> sok tewakan we kang ery.. lah sok sanajan urang
>> sunda nu
>>> koropsi mah keureuwed we
>>>
>>> didukung plus do'a ti kuring
>>>
>>> mun bisa mah hayang miluan lah ciga kang ery
>> newakan
>>> koruptor
>>> kuring mah hayang newak pejabat di garut
>>>
>>>
>>> --- Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>>> moal kitu KPU teh singkatan ti Korupsi Pokoknya
>> Untung
>>>> deh ( mon teu kanyahoan mah !).
>>>> Padahal Pilkada kedah dipantau ku KPU.
>>>> (Pipaciweuheuheun...).
>>>> Kumaha teu paciweuh... ari "sistem" masih warisan
>>>> walanda anu sentralisasi, ari pamilihan make
>> sistem
>>>> "demokrasi"(desentralisasi/otonomi tanggung).
>>>>
>>>> Padahalmah nggeus wae dijieun "United States of
>>>> Indonesia" (USI)...
>>>> pan jelas jeung puguh : Negara Bagian Sunda
>> misalna.
>>>> Tibatan, siga ayeuna teu pararuguh mana nu lebet
>>>> "wilayah" mana nu lebet "daerah".
>>>> Jeung moal hese jeung panjang mere gelar ka
>> pemimpinna
>>>> siga baheula: Misalna "Gubernur Kepala Daerah
>> Provinsi
>>>> .....", ongkoh gubernur, tapi Kepala Daerah.
>>>>
>>>> Kapungkur aya gubernur, residen, bupati/walikota,
>>>> wedana,Lurah/desa; hayoh rame-rame MILKADA...
>>>>
>>>> Sapuk teu para wargi ki sunda / urang sunda ?
>>>>
>>>> :)
>>>> MZ
>>>>
>>>> --- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>>>> Mulyana W. Kusumah kabejakeun ditewak kulantaran
>>>>> nyogok pagawe
>>>>> BPK nu keur mariksa duit di KPU. Kaget oge,
>> ngadangu
>>>>> wartos ieu,
>>>>> kulantaran Mulyana W. Kusumah teh apan aktivis
>> nu
>>>>> kaasup vokal di
>>>>> Indonesia mah. Naha anjeunna bisa ngalakukeun
>>>>> pagawean anu sakitu
>>>>> ngerakeunana? euh .....keur mah jarang aya urang
>>>>> sunda jadi
>>>>> aktivis, ari pek dina ayana oge, der deuih
>> ditewak.
>>>>> Untung di KPK
>>>>> aya kang Erry H, jadi teu pati era teuing
>> ......ah.
>>>>>
>>>>> Lain, moal boa kang Mulyana teh sok
>> "papahlawanan"
>>>>> kitu, soalna
>>>>> di KPU teh ti baheula ge diributkeun aya nu teu
>>>>> beres, der ...
>>>>> weh anjeunna wawantunan jadi "pahlawan" keur
>>>>> nulungan nu sejen?
>>>>>
>>>>> Baktos,
>>>>> WALUYA
>
>
>
>
>               
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
> http://smallbusiness.yahoo.com/resources/
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk 
> selalu mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
Please visit
http://www.silatbooks.com/
http://www.silatpdusa.com/
Please write
[EMAIL PROTECTED]
[EMAIL PROTECTED]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke