Kang Yan Sastranegara...Haturan..
Kumaha daramang ?
Saleresna sim kuring gaduh patarosan kieu:(kitu oge ka
Ka Abah Joe Ragan di USA)
Kumaha modelna sistem penyelenggaraan negara model di
USA ? Kumaha pembagian wilayah/daerahna ?
Aya teu nu namina Kabupaten, kota,
kecamatan,kelurahan, RW sareng RT ?
Kumaha carana ngadamel KTP ?
Teras naon bedana "state" sareng "country" ?
Mangga nyanggakeun; sim kuring naroskeun teh pedah wae
gaduh "hipotesa" ningali "pabaliutna" negara urang teh
kulantaran konsep birokrasi(pemerintah pusat
/sentralisasi) bentrok/pakepuk sareng otonomi(
kewenangan daerah/desentralisasi)
Contoh nu karasa jeung kaangseu haseum pisan bauna
dugi tug ka kiwari numpuk kamana-mana jeung
dimana-mana di unggal juru kota bandung;SAMPAH.
(...nembe pasualan sampah... KOMO ....)
Kacipta... peserta mieling konprensi AA; panginten
kedah nganggo mobil AC teras upami bade kukurilingan
di bandung; ditambihan nganggo masker baham!
:)
Wassalam
MZ
Sal--- sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Haturan Kang Waluya, Kang Maman baraya saha
> wae......US
>
> Pamarentah teh kedah niron nagara Cina dina nangani
> masalah korupsi
> dina sagala
> hal-hal nu nyangkut korupsi. Ayeuna nagara Cina
> bakal maju malihanmah
> USA oge bakal saingan maranehna,
> jeung deui bakal ngaberik nagara-nagara industri di
> dunia nyaeta
> Jepang, Ingris, Jerman ...
> Kunaon sababna tos teu aya nu namina KORUPSI,
> maranehna pamarentah
> jeung rahayatna sararieuneun
> ngalakukeunana nu disebat teu JUJUR alias korupsi.
>
> Cina anu katelah nagara paling korup di dunia
> saparantos Indonesia,
> naha ayeuna kabalik jadi nagara nu bade
> paling moderen jeung rahayatna income pertahunna
> unggal jalma ceunah
> mah rata-rata atos sabelas ribu dollar USA.
> Ieu hiji kamajuan eta nagara anu miskin jadi
> beunghar keur rahayatna,
> koncina para investor asing ngiring bisnis da
> ngarasa aman
> keur nanemkeun modalna, jeung deui pendidikan bangsa
> Cina rata-rata tos
> lulusan universitas, janten didamelna eta para
> pagawe
> swasta / pamarentah tos nyarakola.
>
> Nu jadi masalah para gegedug pamarentah anu boga
> SIFAT JUJUR jeung SUCI
> daek ngabasmi koruptor ti luhur nepi ka
> nu leutik. Koncina kudu aya golongan pimpinan anu
> berjiwa patriotis
> keur nulungan rahayatna, kudu aya pimpinan
> wani paeh ngalawan koruptor keur ngabela rahayatna.
>
> Barudak Cina anu ngarora umur 18- 25 90 % tos
> ngaduhan mobil nyalira,
> bumi sareng gaduh usaha / padamelan,
> janten teu aya pangangguran. Anu korupsi dina maling
> / maok dijenis
> pagawean naon wae dihukum beurat pisan,
> jeung teu ngabeda-bedakeun kelas sosial "tewak
> bui". Meureun eta anu
> dibui di Cina puluhan jutaan, tah ieu ku
> pamarentah seuna digawe di industri keur produk
> nagara nu bisa di
> export ka nagara asing, maranehna anu di
> penjara digawe teu dibayar sesuai jeung hasil anu
> dikorupsina. Ieu
> conto sami jeung sistem pamarentah di Russia,
> di USA di penjarakeun digawe daerah perusahaan
> industri negara heunteu
> di bayar / teu digajih, tapi tuang. eueut,
> kesehatan, ruang tidur
> gratis.
>
> Ngadangu president Indonesia ayeuna ceunahmah keur
> ngabasmi koruptor
> anu leuwih luhur jabatanana,
> tah ieu atos aya kamajeungan nagara urang atos aya
> pimpinan anu JUJUR
> sareng SUCI NGABELA RAHAYAT.
> Lamun koruptor nu dilaluhur tos beak kantos nu
> dihandap oge kedah
> ngiringan seep.
> Hasilna nagara makmur deui, nu bade nanem modal ti
> bangsa bangsa asing
> moal sieuneun usaha di Indonesia,
> sok ku kuring dibawa para investor USA upami nagara
> tos aman 100% teu
> aya korupsi , nu penting mah buktos
> bersih sa Indonesia. Kumaha bisa mawa para investor
> asing ka lembur
> kuring masih seueur garong, atuh sararieuneun.
>
> Salam
> Yan NYC
> On Sunday, April 10, 2005, at 11:19 PM, Paku
> SARAKAN wrote:
>
> >
> > satuju,, kang...
> > bener pisan... tah... da' indonesia mah sok teu
> paruguh
> > atuh... alias angkong-angkongan mun na rek balap
> mah..
> > asa daek asa hanteu...
> >
> > sok tewakan we kang ery.. lah sok sanajan urang
> sunda nu
> > koropsi mah keureuwed we
> >
> > didukung plus do'a ti kuring
> >
> > mun bisa mah hayang miluan lah ciga kang ery
> newakan
> > koruptor
> > kuring mah hayang newak pejabat di garut
> >
> >
> > --- Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >> moal kitu KPU teh singkatan ti Korupsi Pokoknya
> Untung
> >> deh ( mon teu kanyahoan mah !).
> >> Padahal Pilkada kedah dipantau ku KPU.
> >> (Pipaciweuheuheun...).
> >> Kumaha teu paciweuh... ari "sistem" masih warisan
> >> walanda anu sentralisasi, ari pamilihan make
> sistem
> >> "demokrasi"(desentralisasi/otonomi tanggung).
> >>
> >> Padahalmah nggeus wae dijieun "United States of
> >> Indonesia" (USI)...
> >> pan jelas jeung puguh : Negara Bagian Sunda
> misalna.
> >> Tibatan, siga ayeuna teu pararuguh mana nu lebet
> >> "wilayah" mana nu lebet "daerah".
> >> Jeung moal hese jeung panjang mere gelar ka
> pemimpinna
> >> siga baheula: Misalna "Gubernur Kepala Daerah
> Provinsi
> >> .....", ongkoh gubernur, tapi Kepala Daerah.
> >>
> >> Kapungkur aya gubernur, residen, bupati/walikota,
> >> wedana,Lurah/desa; hayoh rame-rame MILKADA...
> >>
> >> Sapuk teu para wargi ki sunda / urang sunda ?
> >>
> >> :)
> >> MZ
> >>
> >> --- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >>> Mulyana W. Kusumah kabejakeun ditewak kulantaran
> >>> nyogok pagawe
> >>> BPK nu keur mariksa duit di KPU. Kaget oge,
> ngadangu
> >>> wartos ieu,
> >>> kulantaran Mulyana W. Kusumah teh apan aktivis
> nu
> >>> kaasup vokal di
> >>> Indonesia mah. Naha anjeunna bisa ngalakukeun
> >>> pagawean anu sakitu
> >>> ngerakeunana? euh .....keur mah jarang aya urang
> >>> sunda jadi
> >>> aktivis, ari pek dina ayana oge, der deuih
> ditewak.
> >>> Untung di KPK
> >>> aya kang Erry H, jadi teu pati era teuing
> ......ah.
> >>>
> >>> Lain, moal boa kang Mulyana teh sok
> "papahlawanan"
> >>> kitu, soalna
> >>> di KPU teh ti baheula ge diributkeun aya nu teu
> >>> beres, der ...
> >>> weh anjeunna wawantunan jadi "pahlawan" keur
> >>> nulungan nu sejen?
> >>>
> >>> Baktos,
> >>> WALUYA
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/