Haturnuhun Kang Oeking !

Janten : USA -> State -> County (sanes country ?) ->
city 
---
Negara USA dibagi ku 50 State, teras dibagi jadi
sababaraha county teras city.
Upami di indonesia panginten jadi provinsi, teras
kabupaten/kota.
--- kitu nya janten teu aya nu namina RT/RW/Kelurahan
teras kecamatan.

Upami PILKADA na kumaha ?
(di daerah sim kuring minggu payun aya Pilkada RW !).

Di emutan ku simkuring, di kota bandung aya daerah anu
99% pendudukna warga keturunan cina, daerah pandu,
padjajaran.
Dipikir dibolak balik, lamun RW na kongkalikong jeung
anu hayang jadi warga negara RI, nya kantun ngadamel
Kartu Keluarga ti RT teras dicandak ka RWna, asal
parantos lebet ka wilayah RI, asa gampang atuh nya
jadi
WNI. 
Ditambih deui negara urangmah geuning negara
kepulauan,
bisa asup norobos ka negara urangmah asa leuwih
gampang
 
Jadi boga pikiran goreng, geuningan bandung jadi sorga
orang cina teh kulantaran kitu ka ayananana.(meureun)
Wallohualam.

:)
MZ

> Haturan... Baraya,

Beu..! punten da bongana ka pentog kedah nambihan
yeuh...,nya atuh
urang toongan bae anu katoong mah....,

Upami di daerah padumukan sim kuring mah, nyaeta
florida tea,
ieuteh nami salah sahiji state anu aya di USA.
Dingawitan ku bandera USA anu ngagaduhan bintang 50
siki upami teu lepatmah, ieuteh ngalambangkeun
ngahijina ti 50 nagara2 bagian di USA, janten state
teh saleresnamah nagara alit, anu ngarupakeun bagian
tina perserikatana anu aya disahandapapeun
pemerintahan pusat/FEDERAL.
satiap state ngagaduhan hukum sewang-sewangan, numatak
lamun penjahat kabur ngalintas state teu bisa di tewak
ku polisis lokal aya khusus namina TROOPER, ieu
tugasna interstate.

Sahandapeun State aya namin teh County dugi tiasa ka
puluhan conty sa state-na teh, tiap county ngabogaan
Court house/gedung persidangan sewang-sewangan,ieu teh
satarap kotamadya ,teras di sahandapeun county aya
namina teh city,sa county teh kadang aya 4,5
city, panginten satarap sareng kacamatan, memang
katingalna teh praktis sederhana tapi teratur, boh
tina kawenangan hukum lalulintas, kriminal, pembagian
daerah bisnis,pajek jrrd.

Anu jadi reueus deui teh di dieu mah, rahayat tos
percayaeun ka pamerentahan kanggo ngaggolangkeun pajak
panghasilan, jadi satiap individu anu ngabogaan gawe
pasti kudu mayar pajek diantara-na;pajak
Federal, SOcial security, sareng Medicare. Pajak
federal tiap taun bakal dibalikeun deui, kujalan nga
klaim return tax, pajak social
security ieu mah kangge pensiunan..., sareng medicare
mah ieu mah lepas lebet kana dana tunjangan kesehatan
negara, anu fungsina kanggo nga back up anu teu mampu
dina hal kasehatan.

Nyieun KTP, SIM ieu sanes di kaluarkeun ku kapolisian
atanapi kelurahan, tapi aya bagian khusus anu nanganan
ditiap county anu namina DMV(Depart. Of Motor
Vehicle), janten teu aya anu namina RT/RW,kalurahan.

NB;Bagea Kang Yan upami sim kuring gubernurnamah-Kang
Yan tiasa
latihan tah dikantor ka gubernuran... urang latihan
hut...het, dugi
ka ngesang he....he..

Baktos


Oeking

> Sa kitu heula Kang Maman mangga nyanggakeun ka Abah
Joe, Abah
Adjat,
> > Kang Asep, Teh Nenny
> > tambihan wae US nuju haus informasi.
> >
> > Baktos
> > Yan NYC
> >
> >
> >
> > On Monday, April 11, 2005, at 03:21 AM, Kang Maman
wrote:
> >
> >>
> >> Kang Yan Sastranegara...Haturan..
> >> Kumaha daramang ?
> >>
> >> Saleresna sim kuring gaduh patarosan kieu:(kitu
oge ka
> >>
> >> Ka Abah Joe Ragan di USA)
> >>
> >> Kumaha modelna sistem penyelenggaraan negara
model di
> >> USA ? Kumaha pembagian wilayah/daerahna ?
> >> Aya teu nu namina Kabupaten, kota,
> >> kecamatan,kelurahan, RW sareng RT ?
> >> Kumaha carana ngadamel KTP ?
> >> Teras naon bedana "state" sareng "country" ?
> >> Mangga nyanggakeun; sim kuring naroskeun teh
pedah wae
> >> gaduh "hipotesa" ningali "pabaliutna" negara
urang teh
> >> kulantaran konsep birokrasi(pemerintah pusat
> >> /sentralisasi) bentrok/pakepuk sareng otonomi(
> >> kewenangan daerah/desentralisasi)
> >>
> >> Contoh nu karasa jeung kaangseu haseum pisan
bauna
> >> dugi tug ka kiwari numpuk kamana-mana jeung
> >> dimana-mana di unggal juru kota bandung;SAMPAH.
> >>
> >> (...nembe pasualan sampah... KOMO ....)
> >>
> >> Kacipta... peserta mieling konprensi AA;
panginten
> >> kedah nganggo mobil AC teras upami bade
kukurilingan
> >> di bandung; ditambihan nganggo masker baham!
> >>
> >> :)
> >>
> >>
> >> > [EMAIL PROTECTED]
> [EMAIL PROTECTED]



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke