Haturan Kang Ilen baraya saha wae
Aya carita ti murid penca anu kacida taatna agama katolikna, yen Nabi
Isa teh
kuburannana teu aya nu terang nepi ka ayeuna, jadi anjeuna "ngahiyang".
Ari argeologis masih ngandelkeun teori-teori ayana tebing-tebing nagara
israel,
eta oge karek tapsiran can puguh buktina.
Lain arek nyaruakeun ngahiang Prabu Siliwangi jeung Nabi nu geus
kapilih kunu Maha Kawasa keur mere kateranganka masyarakat anu gelap
janten terang.
Da geuning Nu Maha Suci oge masihan ilham teh heunteu di tanah Arab
atanapi di Israel, Nu Maha Suci masihan ilham kasaha wae nu tos dipilih
jeung gumantung perkembangan jamanna. Pedah wae dina kitab jabur,
taurat, injil, qur'an henteu nyebut taneuh sunda ageung teh
jalma-jalmana tos merenah akal-budina jeung luhur budayana.
Luhur budayana teu kudu dicirikeun aya wangunan piramid anu kokoh jiga
di Arab, atanapi candi-candi Buda-India anu kacida ageung di wetan,
piramid Maya di Amerika Selatan eta sagala rupa conto wangunan anu
baheulla lain jaminan yen jalma-jalmana tos berbudaya luhur.
Kadang-kadang ngawangun eta candi / piramid / istana anu jadi bakal
sesembahan hamba sahaya ka raja anu sok dianggap tuhan, nepi ka ayeuna
oge masih aya lamun ngeus ngawasa seueur harta wangunan, intan, berlian
sok ngarasa dirina jiga tuhan/pangawasa, lamun ngomong jiga tuhan,
geuning maranehna nu gaduh kakuasaan sok niron sifat-sifat nu Maha
Suci. , nyaeta kodrat-irodatNA
Cara ngawanguna eta wangunan seueur nyeepkeun jalma-jalma anu paeh,
pagawena diperbudak teu dibayar disiksa jadi loba oge negativna keur
kaulinan panguasa anu hawek. Jiganamah loba jurig-jurig , kunti lanak,
genderewo, anu marakayangan teu rela paeh di eta tempat-tempat anu
disembah ku generasi saterasna. Tah maranehna osok napak tilas tea nepi
diciuman eta wangunan teh
bari jeung tungkul igel-igelan.
Dina hiji buku "Eden in the East" karangan "Stephen Oppenheimer" tatar
sunda anu ka sebut sunda ageung tea, yen 20 000 taun katukang cara
hirup-urip-hurp urang tos gaduh etika katatanegaraan anu kacida
rapihna, suplus dina ngolah pertanian malihmah urang barat oge
nyebutkeun eta harta karun urang sunda tos kaleuwihan tiasa ngahirupan
nagara-nagara tatanggina.
Disimpulkeun ku eta buku di tatar sunda eueweuh istilah bahasa sunda
anu ngaranna " maok, perkosa, maling, korupsi, bui, upeti, feodal,
garong, perang, hayang disembah wae....". Jadi ciri-ciri budaya anu
geus hirup-hurip-hurup, asih-asih, asuh nyaeta ieu bahasa ti eta taun
tos ngadeg ngajentul.
Da urang sunda teh ceunah dina eta buku ibarat para dewa-dewi, sinar
sunda anu
tempatna surga-surga surga urang sunda. Euweuh jalma-jalma marakayangan
da euweuh jalma di kadek di peuncit, jeung eweuh istilah ngaluarkeun
getih ti badan sorangan. Geuning urang sunda mah tos resep tuang
lalab-lalaban, anu hararejo, jadi tos ngarti yes eta katuangan teh seur
tanagina jeung enggal dicerna
dipatuangan/beuteung, paling oge tuang lauk emas, lele, jeung belut ieu
teh sumber giji keur minter keun euteuk urang sunda, ceuk urang
Amerika mah fast food (gancang di cerna gancang tanaga ka raga urang
harita keneh).
Meureun urang sundamah tos seubeuh ku harta benda baheulana, jadi
lolobana
seueur "ngahening", tafakur (hartosna sanes pamelasan) naon deui
sagala-sagala dasar hidup tos kacumponan nya urang milari surga wae.
Ari alam tatar sunda teh sanes ngogo urang sunda janten ogoan, Da urang
sunda tos kapilih ku Maha Tunggal manusa nu calakan teu kedah
niron-niron budaya asing anu hawek sarakah, jeung ngaatas namakeun
agama. Padahal agamamah aya dina kalbu /hate keur sesembahanana
masing-masing da lain diorganisasi eta budaya asing.
Benten ari ti nagara-nagara anu gersang anu panas pisan pinuh ku
padang pasir di Arab jeung Africa nepi ka ayeuna oge neangan hirup keur
urip mani sesah pisan. Kitu oge keur urang bule / kulit bodas hirup
teh sesah da eta aya musim anu kacida tiris pisan dibawah enol derajat
secius jiga hirup cicing dijero kulkas.
Tah eta jalma asing anu datang ka tatar urang sunda mimitina dongkap
dagang di pasisir pulau jawa, teras ngawasa.
Ceuk urang arab urang sunda teh tara "medit" nyaeta royal osok ka Arab
jadi turis mawa oleh-oleh ari balik ka lembur. Urang Arab , China, Bule
anu resep dagang
nyaho neangan duit teh sesah, jeung geuning aya anu sok meulian barang
maranehna jeung awewe urang sunda gareulis.. Maranehna mikir mending
datang ka pusatna anu loba duit / beunghar ku harta datang ka tanah
sunda.
Ngahiang anu dipiconto Prabu Siliwangi keur urang sunda jadi patokan
batin US jeung moal leungit da pasti nerap keur US tetep US. US
ngangken budaya Arab, China, India urang Bule sok wae urang silih
asah-asih-asuh, asal ulah calutak teuing atuh engke karuhun sunda
ngambek. Maranehna urang wetan anu neangaan hirup di tatar sunda kedah
wawasdiri entong popologok teuing jeung polontong di taneuh urang
sunda. Da geuning urang sunda ayeunamah tos terang bahasa ngarempug
meureun tos "eling" yen ngabeungkeut sasama sunda teh leuwih penting
tibatan jeung nu lain sunda, lain pa hare-hare.
baktos
yan nyc
On Sunday, May 22, 2005, at 06:45 US/East-Indiana, Ilen Kardani wrote:
> Baraya,
>
> Seueur oge anu percanten (salah sawiosna sim kuring) yen Prabu
> Siliwangi
> teh mung hiji tapi anjeuna kumelendang salami ratusan taun mingpin
> Parahyangan. Kanggo jalmi non-sunda urusan ngahiang teh hiji
> kamustahilan,
> tapi kanggo urang Sunda mah urusan ngahiang teh jadi pilihan anu rek
> pupus,
> naha arek dileungitkeun atawa arek dibeuleugeujeurkeun eta raga teh.
> Ari
> kang Anis mah da sanes urang Sunda asli numawi pantes ngomentaran
> sapertos
> kitu oge, eta mah uwih kana kayakinan sewang-sewangan wae.
>
> ilen kardani
>
> At 09:47 AM 5/20/2005 +0100, you wrote:
>> Muhun eta panafsiran SD dina Nyucruk Sajarah Pajajaran & Prabu
>> Siliwangi,
>> SIliwangi teh Sri Baduga Maharaja nu mokteng di Rancamaya. Beda jeung
>> panafsiran Mang Ayat nu nyebutkeun yen kabeh raja ti Prabu nu mokteng
>> di
>> Bubat boga gelaran Siliwangi. Siliwangi terakhir nya nu mokteng di Gn
>> Pulasari waktu perang jeung Banten (Ragamulya?).
>> Bisa disimpulkeun yen raja pajajaran teh tetep jelema nu maot lain
>> ngahyang. Numutkeun abah Anis Djatisunda mah ngahyangna Siliwangi teh
>> ngan
>> saukur karangan. Ieu ge kedah ditalungtik kunaon atuh aya karangan nu
>> jadi
>> mitos, naon tujuanana.
>>
>> Tumali jeung dedegan Prabu Siliwangi oge ngamasalahkeun dedegan
>> pakean,
>> naha raja pajajaran kawas raja India/Wayang, atawa kawas raja eropa nu
>> make makuta atawa kawas kumaha?
>>
>> Masalah Prabu Siliwangi hiji (SBM) atawa leuwih ti hiji rupina kedah
>> dicek
>> deui sumber nu jadi dadasar naha jentre disebutkeun atawa hasil tina
>> panafsiran.
>>
>> salam
>> tirta
>>
>>
>> nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>> Ceuk Saleh Danasasmita pamadegan yen Siliwangi teh leuwih ti hiji teh
>> cenah salah anu bener mah Siliwangi teh nyaeta Sri Baduga Maharaja
>> Ratu
>> Haji sok disebut oge Jayadewata sok disebut oge Pamanah Rasa.
>> Siliwangi
>> teh raja anu disebut dina prasasti batu tulis salaku pangeling -
>> ngeling
>> ti anakna nyaeta Surawisesa. Kuburan Siliwangi cenah mah ayana di
>> Kabuyutan Rancamaya anu ayeuna jadi real estate. Jadi bohong carita
>> anu
>> nyebutkeun Siliwangi ngahiyang tuluy jadi maung di leuweung Sancang
>> teh
>>
>> dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Tah geuning aya raratanana "yen anu
>> disebat
>> prabu siliwangi teh henteu mung hiji" jadi upami aya gambarna gambar
>> prabu
>> siliwangi anu mana?
>>
>> Jeung deuih sakumna urang sunda boga kasempetan kanggo nyepeng eta
>> kalungguhan (maqom), kukituna ayeuna mah hayu urang paheula-heula
>> ngahontalna......,
>>
>> gajleng...........!!!
>>
>>
>>
>> ---------------------------------
>> Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends
>> today!
>> Download Messenger Now
>>
>> [Non-text portions of this message have been removed]
>>
>>
>>
>> PENTING..!
>>
>> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>>
>> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
>> berupa pencabutan membership.
>>
>> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk
>> selalu
>> mengupdate antivirusnya.
>>
>> Yahoo! Groups Links
>>
>>
>>
>>
>
>
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/