Baraya,
Tadi peuting si kuring jeung Mj di tempatna sewang-sewangan, diwawancara
liwat telepon ku Kang Nanang ti tabloid "Galura". Kang Nanang teh keur
midamel reportase sabudeureun Kongres Basa Sundaa VIII Taun 2005 (KBS 2005)
jeung sikep atawa padungdengan di milis-milist kasundaan kana eta acara
hajatan, anu antukna Kang Nanang meryogikeun sababaraha informasi ngeunaan
milist-milist kasundaan- bill khusus Kusnet/Urangsunda jeung kisunda-jeung
garapanana, utamana dina widang basa. Atuh nya berele bae naon rupa anu
salila ieu kasaksian ngeunaan kamekaran basa di milist dicaritakeun ka Kang
Nanang, kaasup unak-anik kamajuan milist anu sejenna. Sigana Mj ngalengkepan
eta informasi kalawan leuwih euyeub da rada lila, wartosna, ngobrolna sareng
Kang Nanang teh.
Tina obrolan sareng Kang Nanang, si kuring meunang alamat tlpn jeung HP
pupuhu panitia KBS 2005, nyatana Kang Taufiqurohman. Malah Kang Nanang
ngaomat-omatan sangkan ti wawakil milist kudu ngahubungan Kang Taufiqurohman
pikeun ngasongkeun makalah keur diguar di KBS. Isukna, si kuring ngahubungan
Kang Taufiqurohman sareng abah Surya (Abah oge kalebet anggota SC KBS 2005).
Nya meunang sababaraha kacindekan soal KBS jeung kamungkinan Kusnet/kisunda
icikibung manggung dina hajatan KBS 2005. Urang coba dadarkeun dina
sababaraha posting ti mimiti ieu postingan.
1. Kamungkinan Kusnet/kisunda aub di KBS
Numutkeun informasi ti Abah Surya, puseur udagan KBS 2005 teh nyaeta
guaran-guaran dina wangun makalah ngeunaan basa Sunda ti para praktisi di
lapangan. Hal ieu beda jeung KBS VII anu ti heula di Garut anu leuwih
museurkeun udaganna kana pamendak ngeunaan basa Sunda ti para ahli.
Kukituna, Abah kalintang sapukna upama ti milist-milist kasundaan aya anu
ngasongkeun makalah ngeunaan kamekaran basa Sunda di internet. Sok sanajan
makalah anu dipresentasikeun diwatesan ukur 27 makalah, tapi makalah-makalah
anu lalebet bae dikempelkeun dina proceeding KBS 2005. Kukituna, upamana bae
makalah-makalah ti Kusnet/kisunda heunteu dugi ka manggung, nya lumayan
tiasa ngeuyeuban proceeding KBS 2005 sakalian ngawanohkeun internet jeung
icikibungna dina ngamumule jeung mekarkeun basa Sunda, bahan guareun atawa
jejer ageung KBS ka hareup.
Kukituna, mangga ka para wargi sadaya anu bade nyerat makalah kanggo KBS
2005, tiasa ngawitan midamel kalawan terus dikirimkeun ka alamat sekertariat
panitia KBS 2005 (ke urang seratkeun dina posting saterasna). Deadline
ngasupkeun makalah teh nyaeta kaping 10 Juni 2005 kalawan makalah anu lebet
ti payun kamungkinan ageung lebet kana proceedingna oge pangpayunna.
2. Rarangkay makalah ti milist Kusnet/kisunda
Pikeun nyieun makalah ti milist Kusnet/kisunda, aya hadena upama dibagi
pancen. Guaran teh sigana sakurang-kurangna ngawengku tilu jejer, nyaeta:
1) Ngawanohkeun internet ka rengrengan aktivis kasundaan widang basa (sabab
nyakitu tea, pamadegan umum-utamana anu can apal-kana internet teh masih
stereotype: ukur alat keur hura-hura atawa hiburan bae) kalawan dilengkepan
ku ngawanohkeun Kusnet/Urangsunda jeung sundanet.com
<http://sundanet.com>dina kiprahna mulasara basa Sunda jeung
garapan-garapan sejenna anu pakait
jeung miara basa Sunda. Dina jejer anu kahiji ieu tiasa didugikeun utamana
ngeunaan potensi internet pikeun mulasara jeung ngamajukeun basa Sunda,
sababaraha conto garapan strategis basa Sunda di internet,
kaperluan/pangabutuh ugeran jeung aturan basa Sunda pikeun miara jeung
ngamajukeun basa Sunda di internet. Judul makalah tiasa dipilarian anu pas
pikeun ngabakian eta jejer-jejer guaran.
2) Guaran anu rada khusus ngeunaan sababaraha garapan strategis di
internet, upamana: Wikipedia, digitalisasi buku/naskah Sunda buhun jeung
TQBS. Judul tiasa dipilarian anu pas sareng eusi guaran.
3) Sababaraha jejer anu sanesna anu miang tina hubungan mulasara jeung
ngamajukeun basa Sunda jeung internet. Upamana, soal perluna icikibung
(kiprah) ti golongan/kasangtukang akademis sejen, salian ti basa jeung
sastra (upama sains jeung teknologi) pikeun kamekaran basa Sunda. Ieu oge
sami, judul makalah mah tiasa dipilarian anu sakira-kira nyekrup.
Dina postingan saterasna, pidu'ana bae pamugi kaparengkeun bisa katuliskeun
sababaraha alternatif outline makalah jeung anu ngagarpna nyoko kana 3 jejer
di luhur. Kalawan teu hilap miharep asupan ti wargi sadaya, hayu urang
sukseskeun ieu KBS 2005 teh sok sanajan wartana ka milist rada leuir.
Baktosna,
manAR
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/