Haturan Kang Yan,
Mangga, urang ngararangkay bae ti ayeuna kanggo Kopdar sareng salira oge nu
sanesna. Upama tea mah anu dulur urang anu di Jkt bade ngayakeun pajemuhan
sasih Juni 2005, mugi heunteu jadi halangan, wartosan bae upami salira tos
aya di Jakarta atanapi di Bandung mah. Jalaran tinu parantos kalangkung mah,
upama aya dulur anu ti pangumbaraan anu tos lami sumping ka lemah cai tur
ngawartosan, sok aya bae sababaraha dulur urang anu haat nepangan atawa
ngayakeun kopdar khusus.
Leuh...bagja salira mah, tiasa kaditu kadieu tina alatan salah sahiji seni
kasenian anu - wartosna tina KIBS-kalebet ajen-inajen kakuatan kasundaan,
nyatana maenpo atawa penca. Hanjakal kapungkur si kuring mah diajar
sautak-sauetik oge Nampon heuntue dugi ka dipaparin bukuna (:).
Perkawis penca rupina sanes widang atawa jejer garapan KBS VIII Taun 2005
di Subang, jalaran KBS mah khusus kongres ngeunaan Basa Sunda. Ti payun,
dina Konferensi Internasional Budaya Sunda I (KIBS I), aya langkung ti 2
makalah anu ngaguar unak-anik penca. Rupina dina kongres sarupi KIBS penca
tiasa jadi salah sahiji jejer gunem catur.
Baktos,
manAR
On 5/26/05, sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Nepangkeun Kang Iman, Kang Ikmal,
> oge Kang Oman, Kang Engkus, Kang Ilen, Kang Tirta, Kang Nugraha, Kang
> Rahmat....saha wae baraya sunda teu ka sebat simkuring bade ngiringan
> "Silaturahmi" di darat sanes di alam maya. Ari rencana bade di Jakarta,
> Bandung sareng Jogya bulan July 2005.
>
> Maksadna temu darat sakantenan aya misi penca ti USA diondang "tarung"
> international di Jogya, sesa waktu palay patepang baraya sunda nu di
> Jogya upami tiasa. Nya ieu teh nyandak bandera USA ku urang sunda di
> eta misi tarung penca (budaya sunda oge). Da moal lami atuh kirang
> langkung 2 minggu di darat teras uih deui ka New York City da seueur
> pademalan anu kedah dijujug.
> Bade naros ka kang Oman anu bade rapat ageung di Subang ari penca sunda
> dilebetkeun atuh mugi-mugi didukung pamarentah / Gubernur jrrd ka eta
> program. Ningali pamarentah China penca jadi produk budaya janten
> industri oge, malihmah disumbang / disokong kagiatanana.
>
> nuhun
> yan nyc
>
>
> On Thursday, May 26, 2005, at 03:19 US/East-Indiana, Ikmal wrote:
>
> > Kahatur Kang Iman Suhirman...
> > nepangkeun wasta sim abdi Ikmal, nuju didamel di Jakarta Selatan,
> > merenahna di daerah Pondok Indah. bade ngawartoskeun yeun, wargi milis
> > Kisunda/ urang sunda tos sababaraha kali ngayakeun kempel/ kopdar....
> > pami di jakarta sering kempelna teh di bumina kang akos, atanapi di
> > bumina kang maman gantra atanapi di UI (kang rahmat rawyani). kamari
> > tos ngobrol sareng kang tirta, kang akos, sapertos na mah bade
> > ngayakeundeui silaturahmi da tos ampir 2 sasih langkung teu ngariung US
> > jakarta teh ;-) , rarancangna teh ping 5 juni 2005, tempatna teu acan
> > ditangtoskeun. dupi kang Iman linggihna dimana?
> >
> > hatur nuhun,
> > slaam baktos,
> >
> > ikmal
> >
> > Iman Suhirman wrote:
> >
> >> AKang-akang nu karasep sareng Teteh-teteh nu gareulis.
> >>
> >> KUMAHA lamun member KISUNDA urang ngayakeun silaturahmi????
> >>
> >> Kumaha tah......
> >>
> >>
> >>
> >
> >
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/