Bade ngiring mairan yeuh ka Aa yudhi sareng kang
Kandar.
Aya prologna heula nya.
dina hiji pasamoan (kontes robot Indonesia), Dirjen
Dikti ngaraos prihatin ku prestasi anu dihontal para
mahasiswa Indonesia di luar negri, benteng sareng
prestasi siswa SMU anu ngengingkeun kajuaraan
olimpiade Elmu Alam tingkat internasional. Pokona mah
"membanggakan" lah prestasi siswa SMU Indonesia.
Tapi kanyataanana waktos ningali hasil ujian nasional
anu kalangkung, pan mani sakitu "anjlokna" anu teu
lulus. Tapi da kedah aya atuh "proyek mercusuar", nya
dikirim deui wae para siswa SMU ngiringan olimpiade
Fisika. Ceuk cenah mah optimistis bakal ngahontal 2
medali emas.
Naha ku jadi juara olimpiade di luar negeri, tiasa
ngadongkrak prestasi para siswa SMU di Indonesia?
Ari ceuk kuring mah, langkung sae upami urang
ngarojong kahoyong AA Yudhi, ngadamel buku IPTEK
kanggo siswa SMU di Indonesia, sareng ngadorong kang
Kandar sinalangkung soson-soson deui ngeusian
wikipedia. Nya kitu oge ka baraya sadaya bilih bade
aya usul kumaha tah sangkan para siswa SMU di urang
teh nambih pangaweruhna, anu utami mah kanggo nambih
wawasan.
Urang "gerilya" wae lah, kumaha ide-ide ieu tiasa
ditampi ku para pangagung di diknas tingkat pusat
sareng tingkat Propinsi.
baktos,
mrachmatrawyani
--- Aa Yudhi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> hebat yeuh Kang Kandar, kuncen Wikipedia Basa
> Sunda... hoyong oge nambihan ku artikel
> bioteknologi, immunologi atanapi virologi, ngan
> hanjakal basa sundana simkuring mah basa sunda gaul
> bisana... simkuring oge nuju ngadamel buku IPTEK
> kanggo siswa SMP/SMA... sugan aya panilik (?) anu
> tiasa diajak damel babarengan? pedah ningali
> buku-buku di dieu, eusina teh up-to date sareng
> teknologi ayeuna...
____________________________________________________
Sell on Yahoo! Auctions no fees. Bid on great items.
http://auctions.yahoo.com/
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/