Sarabunis Mubarok
TIMBURU
Ngalanglayung, pangharepan hamo jucung, basa anjeun
ngajaul tina haté kuring. Karasa jadi parongpong, pangeusina
salin jinis jadi mangréwu timburu, mangréwu kuciwa,
ngabesét duriat jadi rarawing kasono nu ngembang waluh,
ngaréngkolan deudeuh sajajalan kawas nu kurang saeundan.
Jalan raya aya ku heurin, na trotoar pasedek-sedek beungeut
anjeun. Ditarincakan. Kuring jéngké milihan simpé. Saban
lengkah karasana asa ngangkangan pasini nu nalian sajajalan.
Tihang listrik, tihang telepon, jajaran mahoni nu rajeg, metotan
kandaraan kana haté kuring, sina pasuliwer, patinggalaur,
meupeus-meupeus sajak nu ngabatu. Ngan na trotoar,
beungeut anjeun nu pasesedek téh bet garetihan, jadi mosaik
nu salapak jeung sajak nu muruluk tina dada sajajalan.
Anjog ka hareupeun imah, bet ku édas, dina témbok
tingsuruwuk beungeut anjeun, kawas pamflét nu luut-léét
elémna. Na kaca jandela, pagilinggisik beungeut anjeun,
paséséréd, pinuh, kawas haté kuring nu ngabangbaluh.
Palebah panto aya marka jalan, sasetrip, "Dilarang Masuk!".
Kuring rumpu-rampa, nénéangan batu dina dada.
"Prak! Praak! Praaak!" hiji-hiji kaca jandéla aya nu
nénggoran, ngan teuing ku saha. Sakali deui beungeut
anjeun garetihan, sakali deui rerenghat kaca jadi mosaik,
nyarucuk, lebah gagalak pasini nu bararohak.
Sakali deui, sajak kuring patingbaletrik marengan
hahawuk rénghap nu murak-marik.
Dumadakan kuring ngibing lir kuda lumping.
Sasemplék-sasemplék kaca jandela dibaheuman, diteureuy
teu eureun-eureun, pagalo jeung beungeut anjeun, pagalo
jeung sajak, jeung pasini, jeung katineung, jeung kuciwa,
jeung rasa cinta, nyuruluk kana tikoro, muru haté nu
meupeus keuyang, tepi ka seubeuh, tepi ka karasa geus
meupeuh, tepi ka teurab handaruan, norékkeun saban ceuli
jalma-jalma, norékkeun uteuk nu miroséa saban karémpan,
norékkeun anjeun nu ngabigeu sapeupeuting,
dina tangkeupan lelembutan kuring.
2005.
___________________________________________________________________
Sarabunis Mubarok
www.sarabunis.cjb.net
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/