Sarabunis Mubarok
ILAPAT
sora wirid hawar-hawar nisik sajak
tingsuruwuk mérésan kecap nu pabalatak
nu dipelak palebah beubeurat rénghap
wiridna hahanyir getih, nyurupna lain ka abah,
lain ka aa, lain ka mama nu peupeureuman
dipépéndé siki tasbé na saban gugurat simpé
wiridna hahanyir getih, nyurupna lain ka rumi,
lain ka sana'i, lain ka al-halaj, lain ka syéh siti jénar
nu ngaku migusti sajatining pangéran
wiridna hahanyir getih, nyurupna sapat ka arasy gusti
mirupa seuseukeut keris nu ditancebkeun na ati
na puseur sajak nu saban padalisanna minculak
wirid kuring wirid beluk, wirid hariring
nu ngagelik ngawuluku lawang sumpeg
wirid tazkiatunnafs-na saban kereteg
wirid kuring wirid sérah, na kulakan béas
nu ditutu ku kapeurih jeung pakewuh
wirid takhaliyatussiir-na saban rusiah
wirid kuring wirid leutak, na walungan jolok
nu malidkeun saban keclak cikaracak
wirid tajaliyaturruh-na sajak-sajak
2005.
___________________________________________________________________
Sarabunis Mubarok
www.sarabunis.cjb.net
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/