Kang Kumi, Perkara Rakom satemenna 2 taun kaliwat (mun teu salah ingetan) si kuring kungsi nepungkeun tokoh/manukna dina Rakom di Jabar jeung Kusnet-YP. Anjeunna teh Bu Ida tea jeung organisasina, JRSP (Jaringan Radio Suara Petani). Ngan sigana harita, kasanggupan di urang (KUSnet-YP) can nepi kana mikirkeun Rakom salaku hiji garapan. Anu jelas, Rakom, sakumaha posting jejer ieu anu asalna ti milist Baraya-Sunda, mibanda potensi anu gede kacida pikeun neruskeun garapan atikan.
Seug, lamun aya dulur urang (boh KUSnet, YP atawa BMRC) anu minat ngagarap Rakom salaku kagiatan, boh keur atikan atawa keur komunikasi budaya (upaman: nyieunan baha siaran), si kuring aya wawanen pikeun ngarojongna. Keur ancer-anceur jeung timbang tarauju ngayakeun Rakom, aya sababaraha catetan ti kuring di handap ieu: 1) Waragad keur ngadegkeun 1 unit Rakom operasional kurang langkung 12 juta perak, ieu biaya can kaasup waragad ngajomantara unggal poe; 2) Keur patokan acara oge syarat-syarat naon anu perlu disadiakeun, kaasup conto proposal nyieun Rakom, aya conto di peperenian si kuring; 3) Keur kunjungan kerja ngalap pangalaman, hayu, si kuring bisa nganteur boh ka anu di Ds. Panyingkiran-Rawamerta, Karawang, atawa anu deukeut tur aksesna gampang, Rakom JRSP di Cianjur. Aya sobat dalit pisan anu icikibung dina Rakom di wewengkon Mande, Cianjur; 4) Rakom moal bisa diadegkeun (operasi) di kawasan batukapur (batugamping), model Padalarang (siaranana moal katarima, kulantaran kaayan sifat batukapur anu mantulkeun gelombang sora). Tapi ulah salempang, wewengkon batukapur di urang ngan saeutik; 5) Pemda Jabar, khususna program ngaronjatkeun IPM (PPK), keur naratas Rakom salaku media monitoring prak-prakanana PPK; Eta catetan di luhur teh hasil tina salila 2 taun ieu si kuring rada nengetan kamekaran Rakom, kaasup luha-loho ka sababaraha statsiun Rakom di Cianjur, Cipanas, Indramayu, Karawang, jeung Bandung kaler (lamping Gn. Burangrang). Mugia wae aya manfaatna. baktos, manAR On 12/1/05, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang manAR, manawi tiasa ngadadarkeun kumaha prakprakanana radio > komunitas. Maksad teh, saupamina aya nu sanes nu bade mitembeyan > ngadamel/muka di wewengkon sejen: prosedur perijinanana, parabot2 nu > diperyogikeun, sareng estimasi biaya misalna, manawi gaduh rincianana... > > isk > > On 12/1/05, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Baraya sadaya, > > > > Ieu mairan posting ti milist tatanggi (Baraya_Sunda), ngeunaan radio > > (komunitas) anu kalintang saena, dipateakeun (diberdayakan) pikeun > > atikan. > > Radio komunitas (Rakom) di Desa Panyingkiran, Kec. Rawa Merta, Kab. > > Karawang. > > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/> > > > > ------------------------------ > YAHOO! GROUPS LINKS > > > - Visit your group "urangsunda<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda>" > on the web. > > - To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED]<[EMAIL PROTECTED]> > > - Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of > Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>. > > > ------------------------------ > [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
