Baraya,
Keur ngahajakeun nengetan angka-angka statistik ngeunaan pendidikan di Jawa
Barat puguh ge ieu teh. Sumber bacaan mah eta wae buku "Akselerasi Pendidikan
Jawa Barat 20042008", pedalan Bapeda. Aya sababaraha hal minangka "serba-serbi"
anu ngeletek menta dipostingkeun, diantaran wae ngeunaan babandingan penududuk
antara wanoja jeung lalaki di Jawa Barat oge ngeunaan tingkat butahuruf (BH) di
Jawa Barat anu ditataan per kabupaten/kota. Mangga kahaturkeun.
Data anu digunakeun teh kawilang aktual, data biro pusat statistik (bps) taun
2003. Sedengkeun babagian kabupaten/kota di Jabar anu dijadikeun patokan aya 25
kab/kota, kaasup Banjar minangka kota pangbungsuna. Lumayan, nyesa keneh 25
kab/kota (daerah tingkat II baheula mah, samemeh UU otonomi daerah), sanajan
wewengkon Jabar geus dikorowod...eh ...dibagi dua jeung Banten oge.
Penduduk
Ceuk hasil BPS, penduduk Jabar umur antara 10 - 44 taun taun 2003 teh total
jendralna aya 23.107.717 jiwa (tangtu wae jeung badanna, sabenerna mah, piraku
ukur jiwa bisa disensus :) ). Tina jumlah sakitu, panglobana sumebar penduduk
Jabar teh di Kab. Bandung (11%), Bogor (9,5%), jeung Kota Bandung (7%). Nilik
tina angka prosentase ieu, anu teu ngahontal nepi ka 10%, kawilang rata oge
sumebarna manusa anu dumuk di Jabar teh.
Lolobana awewe
Ceuk statitistik BPS keneh, jumlah penduduk awewe dibanding lalaki di Jabar,
tetela loba keneh awewe. Geura wae timngali angka ieu: tina jumlah 23.107.717
jiwa penduduk Jabar, aya kana 11.656.331 (50,44%) diantarana eta awewe alias
wanoja, sedengkeun sesana: lalaki (yakin teu yeuh ka BPS? boa-boa aya
diantarana anu lain lalaki, oge teu kaasup awewe, wallohu'alam). Anapon
Kab./Kota anu panglobana awewe, "hasil survey membuktikan" (sanes ceuk Kang
Sony jagoan game ieu mah), tetela ....Kota Tasikmalaya (lain Indramayu
geuningan). Ceuk BPS, taun 2003, babandingan jumlah awewe dibanding lalaki
penduduk Kota Tasikmalaya-Sukapura ngadaun ngora - eta 55% : 45% atawa di Kota
Tasikmalaya, taun 2003, aya awewe sajumlah 290.916 jiwa sumanding jumlah
penduduk lalakina anu jumlahna 237.300 jiwa. Hidup Tasik euy...eh!!!.
Aya Kab/Kota sejenna anu panglobana mibanda penduduk awewe dibanding
lalakina (sok sanajan angka perbandinganana teu nepi ka 55% : 45%), nyaeta
Kab/Kota: Bogor, Bandung, Ciamis, Kuningan, Majalengka, Sumedang, Indramayu,
Subang, Karawang, Sukabumi, Bandung, Cirebon, Bekasi, jeung Depok (4 anu akhir
disebut sadayana kota). Tah, ka 15 kab/kota ieu (kaasup Tasikmalaya),
"perburuan" ti lalaki anu teu acan merenah vektor papasanganana ditujukeun
("vektor" ceuk matematik eta "besaran" anu mibanda nilai jeung arah :). Kitu
soteh lamun ieu urusan "vektor" pakait signifikan jeung kaleuwihan wanoja
dibanding lalaki, sabab dina seuhseuhanana mah teu kitu, sanes?
Pendidikan (BH-na kumaha)?
Wayahna, anu dimaksud "BH" di dieu mah taya lian ti singgetan tina istilah
"buta huruf" alias teu bisa maca. Apan ngaranna oge keur ngaguar angka
pendidikan.
Kumaha pakaitna ieu penduduk jeung BH? Atawa, aya hubungan anu pikahartieun
antara lobana jumlah penduduk, jumlah penduduk awewe anu punjul, jeung angka
tingkat BH di Jabar? Ieu sigana pedareun ka hareup, sugan rineh. Anu jelas,
ceuk BPS keneh, jumlah anu BH di Jabar, umur antara 10 - 44 taun sakabehna aya
kana 607.521 jiwa, diwangun ku 360.229 jiwa awewe jeung 247.222 jiwa lalaki
(sadayana BH).
Tetela geuning, anu BH mah di Jabar teh lolobana jalu. Tapi, ke heula anan,
tengetan data sejen ieu: Ceuk BPS, taun 2003, Kabupaten Subang ngarupakeun
wewengkon administratif anu pendudukna panglobana BH. Angka BH di Kab. Subang
ngahontal 17% tina jumlah pendudukna (Kab. Subang, jumlah penduduk 700.839
jiwa, diwangun ku lalaki, 47,9% jeung awewe 52,1%). Angka anu 17,1% eta
diwangun ku 7,2% lalaki + 9,9% awewe.
Tangtu wae, data ti hiji kabupaten/kota moal bisa dipake cekelan. Data di
kab/kota sejenna kudu ditengetan oge, memeh nyieun hiji kacindekan. Tah ieu
lain guareun konsumsi milist, sakurang-kurangna danget ieu jeung upama kudu si
kuring anu ngaurna (kawantu keur pakepuk). Keur saheulanan, ieu data 4
kab/kota sejenna anu angka BH luhur sanggeusna Kab. Subang: Kota Bekasi (6,5%),
Kab. Indramayu (5%), Kab. Karawang (4,4%), jeung Kota Cirebon (4,36%)
Catetan:
Angka BH penuduk di Kab. Subang anu luhurna nepi ka 17% rada "aneh" tur
pikiraneun, sabab, rata-rata angka BH di Kab/Kota sa Jabar teu ukur 2,79% (teu
nepi ka 3%). Ceuk Peter Pan mah jadi "AADS" (Ada apa denganmu Subang?).
Panutup
Ngutak-ngatik angka sakapeung memang matak anteng. Orokaya, waktu jeung
tempat ngaguarna kawates. Cag heula, sugan kahareup bisa aya pedaran
lajuninglakuna. Anu aya, nyanggakeun, manawi aya manfaatna, upamana, pikeun
neruskeun program garapan urang (pabukon, PPK, ngaronnjatkeun IPM, Rakom, jst).
baktos,
manAR
---------------------------------
Yahoo! Personals
Single? There's someone we'd like you to meet.
Lots of someones, actually. Try Yahoo! Personals
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/