Sampurasun kang MH.
Sapuk pisan tah kana karancagean pamikiran salira,
kumaha upami diluluguan ku salira kang Oman sareng nu
sanesna nu aya di tatar Bandung pikeun ngawujudkeun
eta gagasan, pami tiasa oge lian  ti Fatwa oge
ngayakeun sawala jeung Gubernur pikeun komitmen
ngalokasikeun dana/anggaran nu wajar jeung beuki
ditingkatkeun unggal taunna, pikeun ngarojong
pawujudanna, margi luyu sareng visi-misi jeung program
pokok Jawa Barat. Margi ceuk bawirasa kuring
Pamarentahan Jawa Barat teh mibanda dana/anggaran nu
kawilang gede unggal taunna, sedengkeun fungsi jeung
tugasna (tupoksi) teu pati jelas dina era otonomi ieu.
Tinimbang dipake keur studi banding, dana kadeudeuh
jeung biaya-biaya sejen nu sifatna awuntah, nya leuwih
hade mun ditujukeun keur ngaronjatkeun IPM lusu jeung
visi-misi.
Sakitu, kumaha tah pamikiran kidulur lianna.

Rampes.

engkus

--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Baraya,
>   Najan kuring lain inohong, lain ulama, lain menak,
> kitu deui lain  pamingpin, tamba kawaranan rek
> nyoba-nyoba ngedalkeun nu ngolebat dina  pipikiran. 
> Pikeun ngaronjatkeun kasadaran masayarakat kana 
> pentingna pendididikan, jigana bisa digarap ku
> rupa-rupa cara. 
>   
>   Salah sahiji tarekahna diantarana, misalna kujalan
> ngajak rempugan  tokoh-tokoh agama jeung tokoh
> masayarakat. Naha bisa heunteu misalna,  ulama sa
> Jawa Barat, nyieun fatwa yen ngawangun sakola,
> ngawangun  perpustakaan, mere beasiswa teh teu eleh
> ganjaranana jeung munggah haji  ka Mekah. Tinimbang
> munggah haji sababaraha balikan, cukup we munggah 
> haji mah sakali saumur hirup. Atawa duakali, bisi nu
> munggaran mah  ngarasa kurang afdol. Upama boga
> rejeki keur munggah haji mindo, leuwih  hade dipake
> ngawangun sarana pendidikan, ngawangun perpustakaan,
>  nyadiakeun beasiswa, nyadiakeun dana pikeun
> panalungtikan.  
>   
>   Asana upama ulama bisa ngaluarkeun fatwa jiga di
> luhur, Insya Allah  bakal pada ngarojong. Tinimbang
> fatwa nu nimbulkeun kontroversi.
>   
>   Tah sakitu we heula baraya.
>   
>   Baktos,
>   MH
>   
> engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:     
>   Perkara jumlah BH di wewengkon Pasundan nu
> kawilang
>   loba, tah ieu kudu jadi pamikiran jeung upaya para
> inohong,  para ulama, para menak jeung pamingpin.
> Kumaha sangkan urang sunda  sadar pentingna
> pendidikan ditengah kaayaan hirup nu werit, sabab
> masih  seueur masarakat Sunda hususna di padesaan
> teu mentingkeun pendidikan.
> 
> 
> 
> 
> =====
> Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
>               
> ---------------------------------
>  Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million
> songs. Try it free.
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 



                
__________________________________________ 
Yahoo! DSL – Something to write home about. 
Just $16.99/mo. or less. 
dsl.yahoo.com 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke